71
Bab 2 Pituduh Husus
PANGAJARAN 8
Tema : Lingkungan padumukan atawa pakumbuhan
Bahan : Dadaran déskripsi
Média : Téks jeung Gambar
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan, ngalengkepan kalimah. Mikaweruh karangan dadaran, nyusun dadaran, maca ngajembara,
jeung nyaritakeun dadaran.
KAGIATAN DIAJAR
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya dalapan
bagian, nyaéta 1 maca jero haté, 2 maham dadaran, 3 ngalengkepan kalimah, 4 nyusun karangan dadaran, 5 maca dadaran ngajembaran, jeung 6 nyaritakeun dadaran.
Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
A. MACA JERO HATÉ No.
Kagiatan
1. Guru nitah murid maca bacaan dina jero haté nu témana “Lingkungan
Padumukan” kalawan judul “Bumetah”. 2.
Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan kalawan gemet.
B. MAHAM DADARAN No.
Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niteunan deui eusi bacaan kalawan gemet.
2. Guru nitah murid sina maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu geus
disayagikeun.
72
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV
Pikeun maham eusi bacaan, ayeuna pék jawab pananya ieu di handap 1. Di mana perenahna lembur Rudi téh? Di sisi jalan gedé.
2. Ngaréndéng jeung imah saha imah Rudi téh? Bibina Rudi. 3. Aya naon tukangeun imah Rudi téh? Aya sawah.
4. Keur kaayaan kumaha paré tukangeun imah téh? Keur sumedeng beukah.
5. Sabaraha kilo jauhna ti imah Rudi ka sakola? Sakilometer. 6. Saha nu sok nyampeur Rudi mun ka sakola? Déwi.
7. Saha waé nu sok kerja kelompok di imah Rudi? Déwi jeung Nénéng.
8. Ceuk éta bacaan, di mana Rudi téh lahirna? Di lembur nu ayeuna dicicingan.
9. Kumaha kulawarga Rudi jeung tatanggana? Akur tur soméah. 10. Kumaha kulawarga Rudi kana agama?
Getol ibadah ka Pangéran. 3.
Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.
C. NGALENGKEPAN KALIMAH No.
Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kecap-kecap nu patali jeung kaayaan
lngkungan. 2.
Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap- kecap nu patali jeung kaayaan lingkungan.
3. Guru nitah murid ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-
kecap nu patali jeung kaayaan lingkungan. Ngaran kontékstual, kalimah anu dicopongkeun mangrupa bagian tina alinéa atawa paragraf.
Pék pasangkan kecap-kecap di kolom Beulah katuhu kana kolom nu dinomeran Beulah kénca.
73
Bab 2 Pituduh Husus
Imahna téh aya di sisi .B. 1 Citarum. Rada inggis mun geus hujan mah. Biasana
sok datang .F. 2. Cai léb-léban sok nepi ka …H.. 3 imah. Kampung nu aya di beulah
hilir mah nyaéta Kampung Cieunteung sok …K... 4 ku cai. Malah mun tuluy-tuluyan
hujan, urang kampung éta mah sok arindit …C… 5.
Mun geus ngungsi mah, warga téh…E... 6. Sararéna ngagolér di mana waé. Dahar
ogé …D… 7. Atuh bantuan ti warga nu lian, sok …J…. 8, kaasup ti pamaréntah.
Malah dina warta-warta televisi ogé sok muncul, boh televisi nasional boh televisi
lokal. Cieunteun kakeueum. Malah cai téh sok nepi ka na suhunan imah.
Perenahna Kampung Cieuteung téh aya dina …I…. 9. Malah sajajar rata jeung
walungan Citarum. Atuh munasabah lamun …G... 10 saeutik ogé cai téh kaluar ti
walungan. Antukna kampung téh kakeueum. A. cai
B. walungan C. ngungsi
D. dibéré E. katalangsara
F. caah G. hujan
H. buruan I. léngkob
J.
datang K. Kakeueum
4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan kalimah nu
disayagikeun.
D. NYUSUN KARANGAN DADARAN No.
Kagiatan
1. Guru nitah murid sina nyusun dadaran pondok.
2. Guru nitah murid disina niténan conto karangan dadaran pondok.
3. Guru nitah murid disina latihan nyusun dadaran pondok.
4. Ngarah babarieun, guru nitah murid niténan jejer-jejer nu kudu dimekarkeun
jadi karangan.
74
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV
Carana mah kieu. a. Aya di mana imah tempat cicing hidep.
b. Kumaha kaayaan imah hidep saperti warna cetna, bentukna, jsté. c. Tataan naon waé nu aya di sabudeureun imah hidep.
d. Ka mana nyanghareupna imah hidep. e. Aya naon hareupeun atawa tukangeun imah hidep.
f. Ari di gigireun imah hidep aya naon deui.
g. Sakumaha jarak imah hidep ka sakola atawa ka pasar. 5.
Guru meunteun murid bener henteuna nulis dadaran pondok.
E. MACA NGAJERMBARAN No.