NEMBANGKEUN PUPUH BABARENGAN No. NGALENGKEPAN JAJARAN PUPUH No.

49

Bab 2 Pituduh Husus

5. Kumaha akibatna mun urang ngagugu kana naséhat IbuBapa Guru? Jawaban: Hirup urang bakal waluya atawa bakal salamet. 6. Naon sababna IbuBapa Guru téh sok disebut “pahlawan tanpa tanda jasa”? Jawaban: Sabab jasana ka urang gedé pisan, tapi teu miharep balesan atawa pamulang jasa ti urang, lantaran BapaIbu Guru henteu ngahutangkeun budi.

C. NEMBANGKEUN PUPUH BABARENGAN No.

Kagiatan 8. Satutasna ngabandungan kumaha carana nembangkeun pupuh, saterusna murid sina barisaeun nembangkeunana. Di kelas saméméhna, murid téh geus kungsi diajar nembangkeun pupuh. Ku sabab kitu, guru ngan kari nyambungkeun jeung kamampuh anu geus kacangkem saméméhna. 9. Anu kudu ditembangkeun téh pupuh asmarandana, kabéhna aya lima pada. Témana sarua, nyaéta ngeunaan pagawéan anu méré mangpaat ka balaréa. Jalma anu ngalaksanakeun éta poagawéan téh bisa disebut pahlawan. Anu kahiji nyaritakeun patani, kadua ngeunaan pamayang, katilu pagawé pabrik, jeung anu kaopat padagang. Dina éta pupuh ditétélakeun naon waé jasa maranéhna pikeun kapentingan masarakat. 10. Guru bisa méré conto langsung, atawa bisa ngagunakeun hasil rékaman. Mimiti ditembangkeun heula gembleng sapada, terus sapadalisan-sapadalisan. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan nembangkeunana. Mimiti nurutan sapadalisan-sapadilan, terus ditingkatkeun jadi sapada. Bakal leuwih hadé lamun sajeroning murid tembang téh bari dipirig ku waditra kacapi. 11. Mun dianggap cukup dina méré conto, murid dipentés sina nembangkeun gembleng sapada. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang. Anu ditembangkeun téh cukup sapada waé. Sajeroning aya nu nembang, murid séjénna sina ngabarandungan. Kamampuh murid dina nembangkeun pupuh kudu dipeunteun. Dina hal ieu, anu dipeunteun téh lain alus sora, tapi utamana mah bener-henteuna dina nembangkeunana. 50 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV

D. NGALENGKEPAN JAJARAN PUPUH No.

Kagiatan 12. Satutasna bisa tembang, murid diajar ngarang pupuh. Tangtu waé anu dimaksud ngarang di dieu mah ukur dina tahap basajan, nyaéta ukur ngalengkepan jajaran atawa padalisan ku kecap anu geus disayagikeun. Murid sina milih kecap anu merenah dumasar kana patokan guru lagu jeung guru wilangan. 13. Saméméh migawé ieu pancén, sakali deui ku guru diterangkeun ngeunaan katangtuan guru lagu jeung guru wilangan anu kudu aya dina pupuh asmarandana. Anu dijieun conto nyaéta pupuh anu eusina nyaritakeun jasa patani. Rebun-rebun bapa tani, getol digawé di sawah, ngolah lahan sangkan léndo, melak paré bulan-bulan, mun usum panén datang, hasil tina lahan subur, mangpaat keur saréréa. Tungtung jajaran kahiji sorana i tani, tungtung jajaran kadua sorana a sawah, tungtung jajaran katilu sorana o léndo, tungtung jajarn kaopat sorana a bulan, tungtung jajaran kalim sorana a datang, tungtung jajaran kagenep sorana u subur, jeung tungtung jajaran katujuh sorana a saréréa. 14. Saterusna murid sina mimiti ngalengkepan padalisan ku kecap anu geus disayagikeun di bagian handapna. Anu kudu diréngsékeun téh kabéhna aya tilu pada. 15. Sanggeus réngsé dipigawé, ku guru kudu dipariksa jeung dipeunteun. Hasil pagawéan murid téh kieu: Pada kahiji Abdi boga sobat dalit, babaturan di sakola, Wibisana jeung Héryanto, alamatna di Babakan, karesepna sarua getol pisan maca buku, pinter lega kanyahona 51

Bab 2 Pituduh Husus