Ngeunaan Buku Tuturus Guru Padika Maké Buku Tuturus Guru

2 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal. 1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar KD jeung indikator dipageuhan pisan. 2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir. 3. Pangalaman diajar nu miharti meaningfullnes pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir ngilimiah saintiik, kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar répléktif, tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid. 5. Wawaran nu jadi calecer acuan kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan sharing antara guru jeung kolot barudak, anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan. 7. Pituduh maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh sikep, kaweruh, jeung kaparigelan murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal diulikna. 4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 6. Méré unduring laku umpan balik pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer acuan keurkagiatan pangajaran di kelas deuih. Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma. 3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé. 3

Bab 1 Pituduh Umum