NYUSUN PUPUH DUMASAR CARITA. No.

51

Bab 2 Pituduh Husus

Pada kadua Ratna babaturan abdi, sikepna teu weléh sopan, lungguh tara loba omong, mana komo mun paséa, getol pisan diajar resep tutulung ka batur, bari teu ngarep balesan, Pada katilu Barudak diajar ngaji, saban soré di madrosah, ngéjah dina buku iqro, terus ningkat kana Quran, bener panjang pondokna, ditutup ku maca Qulhu, ahirna tamat sakitab.

E. NYUSUN PUPUH DUMASAR CARITA. No.

Kagiatan 16. Luyu jeung tingkatan kelasna, anu dimaksud nyusun pupuh di dieu saenyana mah ukur ngalengkepan padalisan ku kecap anu geus disayagikeun, bari jeung pikeun ngalengkepanana téh ukur sakecap. Ku kituna, ieu mah ukur ngarang dina tingkatan paling basajan. 17. Anu dipaké bahan téh ngaran jalma anu ilahar kapanggih dina kahirupan sapopoé, utamana ngaran barudak sakola jaman ayeuna. Dibéréndélkeun hiji- hiji, terus engké ku murid sina diparilih eusikeuneun kana padalisan anu kudu dilengkepan. 18. Ku guru kudu diterangkeun, ulah tepi ka aya ngaran anu dipakéna dua kali. Jadi, lamun aya ngaran anu geus dipaké, ulah dicokot deui. Bisa waé aya murid anu nuliskeun ngaran anu béda. Teu nanaon, satungtung guru wilangan jeung guru laguna bener mah. 52 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV 19. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, saurang-saurang. Malah mun alus pisan mun aya anu terus ditembangkeun hareupeun kelas. Pagawéan murid téh kieu: Badrun, Citra, jeung Gurnadi, Ahmad, Darman, Déwi, Érpan, Épon, Mintarsih, jeung Dodo, Nurul, Okeu, Galih, NandangIraJénal, Yusuf, Leni, Marjana, Campaka, Sutarno, Nunung, Kuswari, Husin, jeung WulanIraJenal. 20. Anu bieu dipigawé ku murid ukur ngeusike kecap kana padalisan. Tah ayeuna urang tingkatkeun latihanana. Murid sina ngalengkepan padalisan ku kecap anu disusun ku maranéhna sorangan. 21. Aya dua pada anu kudu dilengkepan padalisanana. Anu dipaké ngalengkepan téh cukup ku sakecap waé. Pikeun nyukangan sangkan bisa ngalengkepan padalisan anu copong, saméméhna murid sina maca heula paragraf anu geus disayagikeun, eusina nyaritakeun piknik ka Taman Safari. 22. Tugas nu ieu mah dipigawéna sina di imah masing-masing waé, sangkan murid bisa tatanya ka kolotna atawa ka lanceukna. Dina minggu hareupna, hasil pagawéan maranéhna ku guru dipariksa saurang-saurang, terus dipeunteun. 23. Anu ditulis ku murid téh tangtu rupa-rupa. Teu kudu dipasualkeun, nu penting asal eusi caritana luyu, sarta teu méngpar dina patokan guru lagu jeung guru wilangan. Hasil pagawéan murid téh kira-kira kieu: Pada kahiji Piknik ka Taman Safari, loba pisan sasatoan, urang ukur bisa nempo, tina jero kendaraan, entong hayang ka luar, loba singa reujeung maung, gedé pisan bahayana. 53

Bab 2 Pituduh Husus