MACA JERO HATÉ No. MAHAM PEDARAN No. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN No.

77

Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 9 Tema : Kadaharan séhat tur ngandung giji Bahan : Dadaran Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi dadaran, nyebutan istilah kadaharan, ngalarapkeun kecap kana kalimah, nyawalakeun kadaharan, midangkeun hasil sawala, nyusun karangan dadaran, jeung néangan dadaran séjén. KAGIATAN DIAJAR: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta 1 maca jero haté, 2 maham eusi dadaran, 3 nyebutan istilah kadaharan, 4 ngalarapkeun kecap kana kalimah, 5 nyawalakeun kadaharan, 6 midangkeun hasil sawala, 7 migawé latihan, 8 migawé pancén di imah, jeung 9 néangan istilah kadaharan tradisional Sunda. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATÉ No.

Kagiatan 2. Guru nitah murid maca bacaan dina jero haté nu témana “Kadaharan séhat tur ngandung giji” kalawan judul “Kalua”. 3. Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan “Kalua” kalawan gemet.

B. MAHAM PEDARAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niteunan deui eusi bacaan kalawan gemet. 2. Guru nitah murid sina maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun. 78 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV Pikeun maham eusi pedaran perkara kadaharan, hidep kudu ngajawab ieu pananya. 1 Di wewengkon mana nu sok nyieunan kalua jeruk téh? Ciwidey. 2 Naon sababna éta kadaharan téh disebutna kalua jeruk? Lantaran bahanna tina cangkang daut jeruk bali. 3 Jeruk naon nu sok dipaké bahan nyieun kalua téh? Jeruk bali. 4 Kumaha cara nyieun kalua jeruk? Cangkang jeru dipiceun kulitna, tuluy dikeureutan. Geus kitu, dikeueuman ku cai gula. 5 Naon bédana kalua jeruk jeung kalua gedang? Béda bahan bakuna. Kalua jeruk dijieun tina kulit jeruk bali, dikeueuman cai gula. 6 Mun kalua dijadikeun industri rumah, bakal kumaha masarakat? Masarakat bakal diuntungkeun 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

C. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niténan ngaran-ngaran kadaharan kalawan gemet. 2. Guru nitah murid sina nyebutan ngaran kadaharan dumasar kana bahan jeung cara ngolahna. Ayeuna hidep kudu nyebutan rupa-rupa kadaharan atawa inuman has Sunda. Ngarah babari, tuluykeun sebutan rupa-rupa kadaharan atawa inuman anu sakelompok. Sebutkeun sakurang-kurangna tilu rupa. 1. Kadaharan nu asalna béas aya opak, ranginang, awug, bugis 2. Inuman Sunda téh aya bandrék, bajigur, wédang jahé, goyobod 3. Kadaharan Sunda nu bahanna sampeu nyaéta comro, peuyeum, gegetuk, kicimpring 4. Kadaharan nu dikulub aya kulub suuk, kulub sampeu, kulub suuk, kulub jagong 5. Kadaharan nu digoréng aya goréng lauk, goréng cau, goréng sangu, goréng sampeu. 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya nu disayagikeun. 79

Bab 2 Pituduh Husus

D. NGALARAPKEUN KECAP KANA KALIMAH No. Kagiatan 1. Guru nitah murid disina niténan kecap katut larapna dina kalimah. kalawan gemet. 2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap- kecap nu geus disayagikeun gigireunana. Kecap-kecap nu disayagikeun raket patalina jeung cara ngolah kadaharan. Dina téks anu dibaca ku hidep kapanggih rupa-rupa kecap nu patali jeung pagawéan. Lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap nu aya gigireunana. 1. Cau beunang nyiksikan téh …F… dina nyiru. A. dibeuleum 2. Jagong beunang meungkeut …I.. dina paraseuneu. B. dikeueum 3. Cau nu atah kénéh téh ……H……. dina lombang. C. digodog 4. Waluh téh keur ……G…. dina langseng. D. disangray 5. Cangkang jeruk téh ………B……… dina ciapu. E. dituuskeun 6. Suuk téh bisa disangray bisa ………J………... F. dipoé 7. Sampeu beunang ngumbah téh tuluy ………G…….. G. diseupan 8. Suuk téh ……D…… dina katél. H. dipeuyeum 9. Daun gedang beunang ngala ……C……dina panci. I. digarang 10. Opak téh ……A……. dina hawu. J. digoréng 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya anu disayagkeun. E. NYAWALAKEUN KADAHARAN No. Kagiatan 1. Guru nitah murid sina nyieun kelompok diskusi anu anggotana hétérogén.. 2. Guru nugaskeun tiap-tiap kelompok pikeun maca jeung niténan bacaan perkara kadaharan anu béda-béda. 3. Guru nitah tiap-tiap kelompok ngadiskusikeun kadaharan. 4. Guru nitah tiap-tiap kelompok ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan. Kelompok 1 nyawalakeun kadaharan “karédok”. Pék jawab ieu pananya 80 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV 1 Naon waé bahan pikeun nyieun karédok téh? Kacang panjang, bonténg, térong, togé,jeung engkol. Ari samara anu diperlukeun nyaéta goréng atawa sangray suuk, uyah, bawang bodas, bawang beureum, cikur, gula beureum, jeung céngék. 2 Kumaha carana nyieun karédok? Cik pék terangkeun Sayuran sagala atah diberesihan tuluy disiksikanan. Samara nu geus disadiakeun téh, tuluy diréndos ku mutu dina cowét. Sanggeus réngsé, caian saeutik. Sayuran beunang nyiksikan téh, tuluy galokeun kana samara nepi ka rata. 3 Kumaha cara ngadaharna karédok téh? Karédok didaharna jeung sangu atawa lontong dina waktu dahar beurang atawa dahar peuting. 4 Sok dibarengan ku naon ari dahar karédok? Pidangan karédok ogé sok dibarengan kukurupuk. 5 Lamun urang jajan karédok, sok diwadahan naon? Lamun urang jajan karédok, biasana sok dipincuk ku daun cau. Kelompok 2 nyawalakeun kadaharan “Kicimpring” Pék jawab ieu pananya 1 Ceuk dugaan, ieu kadaharan disebut kicimpring, naon sababna? Lantaran wangunna ipis nyempring. 2 Naon baé bahan keur nyieun kicimpring téh? Jaba ti bahan baku nu mangrupa sampeu, perlu ogé samara saperti uyah, bawang daun, céngék atawa cabé, jeung samara pécin. 3 Kumaha carana nyieun kicimpring téh? Pék jelaskeun Ari cara nyieunna kieu. Sampeu dipesék cangkangna, tuluy dikumbah, sarta diparud. Parudan sampeu dicampuran ku uyah, bawang daun beunang nyiksikan saperluna. Geus kitu mah, galokeun nepi ka rata. Adonan sampeu diemplé-emplé sina ipis tur dibuleud atawa dilonjongkeun dina tutup panci. Geus kitu diseupan ngarah asak. Geus asak mah dijait, tulu dipoé nepi ka garing. Kakara geus garing, opak digoréng atawa didéangkeun nepi ka asak. 4 Kumaha carana ngadahar kicimpring téh? Kicimpring diidangkeun minangka lalawuh bareng jeung citéh atawa cikopi. 5 Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kicimpring? Sok dibarengan ku citéh atawa cikopi. 81

Bab 2 Pituduh Husus