NGADISKUSIKEUN KANDAGA KECAP No. NGAWIHKEUN No.

59

Bab 2 Pituduh Husus

C. NGADISKUSIKEUN KANDAGA KECAP No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niténan conto kecap katut larapna dina kalimah. Contona: Mo kaduhung waktu jaga. kaduhung = hanjakal 2. Guru nitah murid sina néangan harti kecap tina kamus atawa diskusi diskusi kelompok. Pancén jeung jawaban tiap kelompok téh kieu. Kelompok 1: 1 Kaayaan Tanah Sunda téh gemah ripah. Gemah ripah = kerta raharja. 2 Urang kudu towéksa ka Tanah Sunda. Towéksa = tulatén 3 Dina miara Tanah Sunda, urang kudu percéka. Percéka = pinter ngatur sagala urusan 4 Kudu tulatén atuh ari miara tanah pusaka mah. Tulatén = getén, titén, henteu lalawora dina ngurus gawé. Kelompok 2: 1 Sangkan nanjeur, urang kudu rumaksa ka Tanah Sunda. rumaksa = ngaraksa, miara 2 Sangkan tetep beresih, urang kudu miara lingkungan. miara = ngamumulé, ngurus 3 Ngarah awét mah, urang kudu rumawat kana banda urang. rumawat = dirawat, diurus, dipiara 4 Sing titén kana barang jeung lingkungan téh. titén = taliti, rumawat Kelompok 3: 1 Lamun baris di buruan upacara, ketua murid kudu ngatur barisan. ngatur = ngolah, mémérés 2 Unggal musim patani ngolah sawah pikeun dipelakan paré. ngolah = ngokolakeun 3 Urang kudu ngariksa budaya Sunda sangkan teu leungit. ngariksa = ngarawat, miara, ngurus 4 Hirup jeung tatangga kudu sauyunan ulah sok papaséaan. sauyunan = akur tur babarengan 60 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV Kelompok 4: 1 Lamun rék ngayakeun kerja bakti, urang kudu singkil heula. singkil = sayaga, taki-taki 2 Basa jeung budaya Sunda kudu diraksa sangkan tetep hirup. diraksa = dirawat, dipiara, diurus 3 Kebon téh kudu dirumat sangkan hasilna mucekil. dirumat = dirawat, dipiara, diurus 4 Sunda bakal kukuh mun diraksa jeung diruat ku urang. kukuh = pageuh atawa kuat nyekel tangtungan. 3. Guru meunteun murid bener henteua dina ngajawab pananya ngeunaan harti kecap.

D. NGAWIHKEUN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina ngaregepkeun ngawih “Tanah Sunda” nu dihariringkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét. 2. Guru nitah murid sina babarengan ngawih “Tanah Sunda”. Geus kitu, giliran murid sajajar-sajajar bangku ngawih. Tuluy sabangku-sabangku. Tungtungna murid giliran saurang-saurang ngawih ka hareup. 3. Guru ngingetan murid sangkan alus ngawihna, keuna wirahmana, écés ucapanana 4. Guru meunteun murid benre henteuna ngawih “Tanah SUnda”.

E. NGAJEMBARAN KAWIH No.