67
Bab 2 Pituduh Husus
2. teu damang = udur
Bu Guru teu damang wales di rumah sakit. Dédi udur parna di bumina.
3. siram = mandi
Wa Jéjén nuju siram di jamban. Abdi badé mandi di kamer mandi.
4. nyarios = nyanggem
Mamah nyarios ka bapa énjing-énjing. Abdi nyanggem ka aa perkara tugas.
5. bumi = rorompok
Pa Guru mulih ka bumina tabuh opat. Abdi wangsul ka rorompok tabuh dua belas.
6. kulem = mondok
Bapa sareng mamah mah parantos kulem. Abdi sareng aa teu acan mondok
7. ngagaleuh = mésér
Mang Dédi ngagaleuh kulkas ti toko. Abdi mésér laptop ti BEC.
8. nyandak = ngabantun
Pa Guru ka sakola nyandak motor. Abdi ka sakola ngabantun kantong.
9. kadangueun = kakupingeun
Ku Bu Guru kadangueun abdi ngagentraan. Ku Uwén kakupingeun abdi ngagentraan.
10. gugah = hudang
Bapa sareng mamah parantos gugah. Aa teu acan hudang tabuh lima téh.
5. Guru meunteun murid bener henteuna néangan kecap lemes keur sorangan
sarta larapna dina kalimah.
D. NGAJEMBARAN CARITA No.
Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca deui téks nu judulna “Cita-cita Dadang” keur
ngajembaran wawasan kaweruhna.
68
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV
2. Guru nitah murid sina maham eusi bacaan, murid disina ngajawan pananya
anu geus disadiakeun. Pananya jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap.
1. Tina bacaan di luhur, saha nu boga cita-cita jadi pamaén bal téh? Dadang.
2. Sok di mana Dadang jeung sobat-sobatna maréngbalna? Tanah kosong deukeut imahna.
3. Saha waé sobat Dadang téh? Dedi, Uwén, Asép, Agus, jeung Wawan. 4. Ari Dadang hayang dipangmeulikeun naon ku bapana? Sapat bal.
5. Ari sakleupna aya sabaraha urang pamaén bal téh? Sabelas urang. 6. Mun keur méngbal kadéngé sora adan, sok tuluy ka marana barudak téh?
Arindit ka cai, marawa anduk jeung sarung. Tuluy sarolat ka masjid. 7. Iraha biasana diayakeun pertandingan méngbal antara murid SD téh?
Dina unggal bulan Agustus. 8. Ari lapangan méngbal deukeut henteu ti imah Dadang?
Rada jauh, aya deukeut masjid agung di kacamatan. 9. Aya sabaraha urang jumlahna pamaén kleup méngbal téh?
Sabelas urang. 10. Naon sababna kleup méngbal sok disebut kasawelasan?
Lantaran jumlah nu maénna aya sawelas urang. 3.
Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.
E. NGALARAPKEUN KECAP No.
Kagiatan
1. Guru ngawanohkeun istilah olahraga ka murid.
Contona: Ceuk babaturanana, Dadang téh alus méngbalna.
2. Pikeun maham harti kecap, guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah
anu dicopongkeun ku kecap-kecap nu patali jeung olahraga. Murid cukup masangkeun kecap-kecap kana kalimah nu dicopongkeun.
69
Bab 2 Pituduh Husus
Pasangkeun istilah-istilah olahraga di kénca kana kalimah nu geus disaayagikeun. 1. Jajang ….I……sabab lumpat miheulaan bal ka tukangeun bék lawan
bék lawan. A. hen
2. Sépakan ….C….ti juru lapangan melentung kana gawang. B. inalti 3. Bal operan ti Firman Utina téh .…E…. ku Atép.
C. kornal 4. Sanggeus ditéwak, …F…. téh ditalapung ku kiper.
D. rékét 5. Maman nyépak…F…. kana gawang nepi ka asupna.
E. dihéden 6. Bal téh …..A….. lantaran keuna kana leungeun Erlangga. F. bal
7. Ku sabab geus 45 menit, ……J…… niup piriwitna. G. nét
8. Ari dina badminton mah, kok téh ditepak ku ….D. H. bét
9. Mun keuna kana ….G….., kok kudu dikalawankeun. I. opsét
10. Ari ……H….. mah dipakéna dina olahraga pingpong. J. wasit
3. Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya nu geus disayagikeun.
F. NULISKEUN JEUNG NYARITAKEUN CITA-CITA No.
Kagiatan
1. Guru nitah murid sina nuliskeun cita-cita dirina.
2. Guru méré pituduh kumaha carana nulis cita-cita. Ngarah babarieun, murid
dituyun jejer-jerjerna nu kudu dituliskeun. Pék ayeuna caritakeun cita-cita hidep. Carana mah gampang. Tuliskeun
heula bagian-bagian ieu di handap luyu jeung harepan hidep. 1 Sebutkeun heula ngaran hidep, ngaran indung bapa, jeung dulur hidep. -
2 Caritakeun di mana hidep cicing jeung naon cita-cita hidep. 3 Sebutkeun pangna hidep boga cita-cita kitu.
4 Jelaskeun koméntar kolot hidep kana cita-cita hidep. 5 Caritakeun pagawéan batur anu narik ati hidep.
3. Guru nitah murid sina nulis cita-cita ku cara ngalengkepan kalimah nu
dicopongkeun dina paragraf. 4.
Sanggeus réngsé nuliskeun cita-citana, guru nitah murid disina nyaritakeun deui di hareueun babaturanana.
5. Guru meunteun murid bener henteuna dina nulis cita-cita sarta nyaritakeun
deui di hareupeun kelas. Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 7, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung “kaulinan barudak”. Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh
murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana
bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal KKM.
70
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV
EVALUASI
Kritéria Katutasan Minimal KKM
Kritéria Meunteun Katerangan Tutas
Enggeus Encan
A. MACA JERO HATE B. MAHAM EUSI BACAAN
C. NGALARAPKEUN UDAK USUK BASA
D. NGAJEMBARAN CARITA E. NGAJEMBARAN KAWIH
F. NGALARAPKEUN KECAP G. NULISKEUN JEUNG
NYARITAKEUN CITA-CITA
71
Bab 2 Pituduh Husus