NGANGGEUSKEUN KARANGAN No. Pituduh Husus

43

Bab 2 Pituduh Husus

F. NGANGGEUSKEUN KARANGAN No.

Kagiatan 18. Patali jeung Pangajaran 6, dina kompetensi dasar ditétélakeun yén murid téh dipedih pikeun: 4.4.4 Menyajikan teks deskripsi tentang jenis berbagai pekerjaan dengan kata-kata sendiri Tema 4 Ku sabab kitu, murid téh diperedih bisaeun ngarang. Tangtu waé anu dimaksud ngarang di dieu mah ukur dina tahap basajan, nyaéta ku cara nambahan karangan saparagraf atawa saalinéa. Cindekna, anu ditugaskeun téh ngan ukur nganggeuskeun karangan. 19. Dina buku geus disayagikeun opat karangan anu kudu dianggeuskeun. Saban murid cukupku nganggeus hiji karangan waé. Ieu tugas dipigawéna sina di imah waé, terus dibahas dina minggu hareupna. 20. Karangan anu dijieun ku saban murid terus dibahas babarengan. Hasil pagawéan maranehna tangtuna ogé bakal rupa-rupa, terus ku guru dipeunteun. 21. Hasil pagawéan murid téh aya anu ditulis dina karangan déskripsi, jeung aya anu narasi, kira-kira kieu: Karangan kahiji Terminal kendaraan angkutan umum téh aya di saban kota. Malah ayeuna mah di kacamatan gé aya. Di dinya loba jalma anu digawé pikeun nyiar kahirupan. Kabéh ogé penting pikeun masarakat. Gedé pisan jasa angkutan umum pikeun masarakat téh. Anu rék digawé, anu rék ka sakola, atawa anu rék indit-inditan pikeun kaperluan séjénna di urng mah loba kénéh anu ngagunakeun angkutan umum. Karangan kadua Abdi kamari ka kantor pos, badé mésér perangko. Geuning anu didamel di kantor pos téh seueur, nya. Bagianana rupi-rupi, kitu deui tugasna ogé rupi- rupi. Sadaya padamel di kantor pos katingal sibuk. Anu ka kantor pos téh aya anu ukur badé mésér perangko kawas abdi, aya anu badé ngeposkeun serat, aya anu badé ngintunkeun artos atanapi ngawésel, sareng aya anu badé ngintunkeun barang, disebatna ngintunkeun pakét. 44 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV Karangan katilu Saban poé Ahad isuk-isuk, Tanti sok diajakan balanja ka pasar ku ibuna. Ari di pasarna keur heurin mah, balanja téh sok rada lila. Mangkaning sok mapay ka saban elos. Apan aya elos anu husus ngajual sayuran, aya elos daging, aya elos bungbu, jeung sajabana. Anu daratang ka pasar téh rupa-rupa jalma. Pasar téh jadi sumber kahirupan pikeun balaréa. Aya anu nyiar panghasilan tina dagang, jeung aya deuih anu tina buburuh, misalna tukang kuli panggul. Angkot jeung béca gé loba anu néangan muatan, ngaretém di jalan luareun pasar. Karangan kaopat Urang Ciléngkrang Tonggoh loba anu ngukut sapi peres. Di dinya mah loba kénéh lahan anu dikebonan apanan. Jadi teu pati susah mun nyiar parab keur sapi téh. Malah aya anu ngahaja ngebon jukut sagala. Sapi peres téh jadi sumber kahirupan urang dinya. Susu sapi meunang meres ti Ciléngkrang Tonggoh dijual ka tempat séjén. Ari susu téh apanan kaasup inuman anu dipikabutuh pikeun kaséhatan. Ayeuna mah susu sapi téh geus teu kaasup barang anu hargana mahal.

G. NGALARAPKEUN ROBAHNA KECAP No.