Pituduh Husus BUKU GURU SUNDA KLS 4 2014

55

Bab 2 Pituduh Husus

Dina conto bieu aya kecap anu robah. Kecap pisah robah jadi papisah, dagang jadi padagang, jeung gawé jadi pagawé. Tangtu waé hartina ogé jadi béda. Geura urang teruskeun. Ngan ayeuna mah dipigawéna kudu ku hidep, kawas dina conto bieu. 32. Murid sina ngalarapkeun rarangkén hareup pa- kana kecap anu geus disayagikeun, terus éta kecap téh dilarapkeun kana kalimahna. 33. Pikeun ngalarapkeun rarangkén barung pa-an ogé sarua waé kawas bieu, ngan contona anu béda. 1. sawah → pasawahan Méméh tepi ka walungan téh kudu ngaliwatan heula pasawahan. 2. gelar → pagelaran Saban malem Ahad di RRI Bandung sok aya pagelaran wayang golék. 34. Murid sina ngalarapkeun rarangkén hareup pa- kana kecap anu geus disayagikeun, terus éta kecap téh dilarapkeun kana kalimahna. 35. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, sagemblengna kieu: Rarangkén hareup pa- 1. tukeur → patukeur Sendal téh meureun patukeur jeung nu Édi bieu di masjid. 2. jauh → pajauh Sanajan geus pajauh, tapi sobatna sok rajeun nepungan. 3. tugas → patugas Lawang bandar udara dijaga ku patugas maraké seragam. 4. amprok → paamprok Unggal paamprok ogé manéhna mah tangtu sok nanya waé. 5. maén → pamaén Saban soré pamaén Persib sok latihan di Stadion Gedébagé. 6. tanya → patanya Goréng kasebutna mun urang tara patanya jeung tatangga. 7. panggih → papanggih Ieu téh geus tilu poé henteu papanggih jeung Mang Sumarna. 8. beulit → pabeulit Kadé kabel téh bisi pabeulit mangkaning sakitu panjangna. 9. pisah → papisah Lamun geus lulus di antara murid sok aya anu terus papisah. 10. tandang → patandang Anu jadi patandang dina kajuaraan ngagambar téh aya 16 murid. 56 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV Rarangkén barung pa-an 1. mandi → pamandian Kudu ngantri mun rék mandi di pamandian umum mah. 2. tengah → patengahan Bapa Haji sakulawargi nuju ngariung di patengahan. 3. binih → pabinihan Lahan kosong di gigireun imah dipaké pabinihan tomat. 4. kubur → pakuburan Tatangga anu jarajap ka pakuburan mani ngaleut. 5. gadé → pagadéan Imahna hareupeun kantor pagadéan di Jalan Pungkur. 6. jagal → pajagalan Sapi anu rék dipeuncit ditungtun ka pajagalan ku duaan. 7. kalang → pakalangan Di pakalangan bénjang, Kang Gandi geus taya lawanna. 8. abdas → paabdasan Saban poé Jumaah, Kang Uséng sok beberesih di paabdasan. 57

Bab 2 Pituduh Husus