NYARITAKEUN DADARAN No. Pituduh Husus

75

Bab 2 Pituduh Husus

9. Tina naon Candi Jiwa téh bahanna? Bata beureum. 10. Jadi bukti naon titinggal karuhun téh? Kaagungan Gusti ALloh. 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

F. NYARITAKEUN DADARAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niténan deui bacaan “Candi Jiwa”. 2. Guru nuyun murid dina nyaritakeun deui bacaan “Candi Jiwa”. Sangkan babari, hidep kudu nyatet heula gagasan tina unggal paragraf. Eta téh mangrupa inti eusi tina unggal paragraf. Mun geus digabungkeun, bakal jadi eusi sagemblengna dadaran. Ngarah babari, ku hidep tuturkeun bagian- bagian ieu di handap. a. Pernahna Candi Jiwa b. Kaayaan Candi Jiwa. c. Kapanggihna Candi Jiwa anu bacacar. d. Gambaran Kompléks Candi Jiwa. e. Pernahna Batu Jaya. f. Rupa-rupa artefak di lingkungan Candi Jiwa. 3. Guru nitah murid disina nyaritakeun deui bacaan “Candi Jiwa” ku kekecapan sorangan di hareupeun babaturanana. 1. Paragraf 1 eusina ngeunaan ‘imah Uus di deukeut Candi Jiwa sarta perenahna Candi Jiwa’. 2. Paragraf 2 eusina ngeunaan ‘artefak Candi Jiwa bacacar di sawatara tempat’. 3. Paragraf 3 eusina ngeunaan ‘SItus Batujaya munggaran kapanggih ku Tim Arkéologi Fakultas Sastra Universitas Indonésia taun 1984. Anu manggihan rupa-rupa artefak di sawatara tempar’. 4. Paragraf 4 eusina ngeunaan ‘Kompléks Percandian Batujaya diduga kompléks sésa-sésa Percandian Budha Kuno’. 5. Paragraf 5 eusina ngeunaan ‘Sajeroning ditalungtik, kapanggih rupa-rupa artefak anu bahanna bata beureum, anu sanggeus dirékonstruksi tétéla éta téh candi.’ 6. Paragraf 6 eusina ngeunaan ‘kapanggih rupa-rupa artefak anu bahanna bata beureum, anu sanggeus dirékonstruksi tétéla éta téh candi.’ 76 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 8, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung “lingkungan padumukan”. Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal KKM. EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal KKM Kritéria Meunteun Katerangan Tutas Enggeus Encan A. MACA JERO HATÉ B. MAHAM EUSI DADARAN C. NGALENGKEPAN KALIMAH D. NYUSUN KARANGAN DADARAN E. MACA NGAJEMBARAN F. NYARITAKEUN DADARAN 77

Bab 2 Pituduh Husus