Tukang Kundang Uang Abu Bakar Sidiq

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 0116 Tukang uang geus nyawisan, geus nyanggakeun pamundut Endén putri, eujeung lobana sakitu, seug nyaur deui Khadijah, mangga Radén ieu artos téh kulanun, jisim kuring ieu pasrah, pikeun gamparan balantik.

10. Abu Bakar Sidiq

Abu Bakar Sidiq nyaéta salasahiji sodagar Mekah anu milu dagang ka nagara Syam jeung rombongan Nyi Khadijah Déwi. 0125 Disebut hiji-hijina, hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu, kaopat Abu Jahal, kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar, katujuhna Abdurrahman. Watek Abu Bakar Sidiq anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah, bijaksana, satia jeung panceg. 1 Nurut kana paréntah Éta sikep téh katingali nalika saméméh indit ka nagara Syam, sakabéh palasodagar téh kumpul heula di imahna Nyi Khadijah Déwi pikeun ngadéngékeun sagala piwurukna. 0124 Kedah di dieu rerebna, sadayana rék diparéntah ku kuring, énggal Kangjeng wangsul, kacatur Déwi Khadijah, pék nyauran para sudagar karumpul, di bumi Déwi Khadijah, ngaranna sahiji-sahiji. 0125 Disebut hiji-hijina, hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu, kaopat Abu Jahal, kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar, katujuhna Abdurrahman. Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Bijaksana Sikep bijaksana Abu Bakar Sidiq téh katingali nalika némpas omongan Abu Jahal anu keur nyalahkeun Kangjeng Nabi Muhammad. 0234 Pék ditempas omongan Abu Jahal kitu, ku Ki Abu Bakar Sidiq, Abu Jahal ulah kitu, omongan matak ngéwa teuing, darapon baé ngabacot. 3 Satia jeung panceg Sikep satia jeung panceg Abu Bakar Sidiq téh katingali nalika di jalan lalampahan ka nagara Syam téh loba manggih balai. Abu Bakar Sidiq tetep mituhu ka Kangjeng Nabi Muhammad. 0315 Abu Jahal kajeun teuing, kami mah moal ngarogo, kami banget nya mituhu, hanteu samar dina ati, ka éta Radén Muhammad, percaya kabina-bina.

11. Kapala Sodagar kapala rombongan

Kapala sodagar nyaéta jelema anu mingpin palasudagar atawa disebut ogé ketua rombongan di jalan. 0149 Lajeng kabéh rarempug, kumpul kabéh hanteu aya anu kari, palasudagar ngariung, aya sahiji kapala, ngamukaan badami ménta barempug, hé sanak-sanak sadaya, réh ayeuna enggeus tepi. Watek Kapala Sodagar anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta bijaksana. 1 Bijaksana Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sikep Kapala Sodagar anu bijaksana téh katingali nalika manéhna ménta barempug pikeun mutus hiji perkara, nyaéta ngeunaan saha anu rék jadi kapala besar, anu mingpin di hareup. Manéhna henteu nangtukeun sorangan, tapi barempug heula jeung nu loba. 0149 Lajeng kabéh rarempug, kumpul kabéh hanteu aya anu kari, palasudagar ngariung, aya sahiji kapala, ngamukaan badami ménta barempug, hé sanak-sanak sadaya, réh ayeuna enggeus tepi. 0150 Urang angkat téh geus dongkap, kana leuweung bala pirang-pirang kai, leuweung gedé langit langkung, kaula neda pirempug, coba saha nu badé tipayun, nu jadi kapala besar, ngajaga rusuh papatih.

12. Malaikat Jabroil

Malaikat Jabroil nyaéta malaikat anu pancénna nepikeun wahyu ti Alloh ka Kangjeng Nabi Muhammad. Malaikat Jabroil ogé mangrupa kapalana para malaikat. 0924 Nuju tanggal dalapan belasna, sumping utusan Yang Manon, mala Jabroil, jeung uluk salam ka Nabi, ku Nabi lajeng dijawab alaikassalam, mala Jabroil ngandika, ngadawuhkeun timbalan Robbulaalamiin, hé tuan Nabiyullah, jisim kuring diutus, ku Gusti Alloh anu Maha Mulya. 0925 Timbalanana Yang Manon, yén ayeuna tuan kudu, lebet kana fidinillah, kitu dawuhan Pangéran, ka tuan nu tangtu, naros Kangjeng Nabi Rosulullah, na kumaha hartosna,