Buah Kai Manuk-manuk Palaku jeung Watek Palaku

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sikep manuk-manuk anu kagambar dina ieu wawacan nya éta maliré perhatian. 1 Maliré perhatian Éta sikep téh katingali nalika sakabéh manuk ngarasa Nyi Khadijah Déwi béda ti sasari, geus tara ngajak ngomong deui ka manuk. 0680 Manuk ciung kakatua nuri, anu bisa ngaromong, ngaromomong jeung baturna kabéh, na kunaon éta Gusti, tara ti sasari, hanteu nyaur. 0681 Ka urang téh teu pisan merduli, naha angkuh naon, éta kitu omongna manuk téh, béda temen jeung sasari, soré isuk sumping, ka urang sok nyaur.

13. Tukang Jaga Lawang

Tukang jaga lawang nyaéta pagawéna Sultan Walid anu purah jaga lawang. 0791 Badé dumeuheus ka Gusti, Kangjeng Sultan ngadawuhan, cing sina kadieu baé, énggal tukang jaga lawang, ka Sayyidu téh nepangan, mangga lebet kaulanun, disaur ku Kangjeng Sultan. Watek Tukang Jaga Lawang anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta gesit dina ngalaksanakeun paréntah. 1 Gesit 0791 Badé dumeuheus ka Gusti, Kangjeng Sultan ngadawuhan, cing sina kadieu baé, énggal tukang jaga lawang, ka Sayyidu téh nepangan, mangga lebet kaulanun, Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu disaur ku Kangjeng Sultan.

14. Para Mantri Raja Abu Tholib

Para Mantri téh nyaéta anu purah ditutuh-titah atawa diutus pikeun ngalaksanakeun pancén ti Raja Abu Tholib. 0802 .......... Raja lajeng ngumpulkeun mantri-mantrina. 0804 .......... ayeuna sakabéh mantri, paréntah di jero nagari, waktuna sing pada kumpul, kakocapkeun Raja Mekah, rék nepangan Sultan Walidu, Abu Tholib kocapkeun baé geus dongkap. 0807 Abu Tholib miwarangan, nimbalan ka hiji mantri, kudu gawé undang-undang, nguriling di jero nagri, jeung sakabéh abdi-abdi, béjaan supaya kumpul, mengké téh dina waktuna, kabéh kudu pada ngiring, nganggo ngajajapkeun Gan Muhammad. Watek Para Mantri anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta gesit dina ngalaksanakeun paréntah. 1 Gesit 0808 Mantri anu ditimbalan, cedok nyembah gancang indit, sarta bari tunggang onta, nguriling di jero nagri, mawa tambur eujeung tanji, sajalan ngaguruh, unggal jalan diliwatan, ceuk undang mantri, Kangjeng Raja badé nikahkeun putrana. 0809 Réndéngan Radén Muhammad, ka Endén Khadijah Déwi, putrana Sang Walih Sultan,