Para Mantri Raja Abu Tholib

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu éta kabéh ngabdi-ngabdi, sakabéhna kudu ngiring, maké nu aralus, ari waktuna réndéngan, ngan dalapan poé deui, éta kabéh ulah aya nu nyaraba. 0810 Sadayana jalma-jalma, anu enggeus pada nguping, mantri anu ngundang-ngundang, pada ngomong pantes teuing, pameget sinareng istri, anu kasép jeung nu lucu, geus kamashur duanana, anu kasép jeung nu geulis, éta kitu omongan jalma nu loba.

15. Para Sadérék Raja Abi Tholib

0780 Samulangna éta mantri, miwarang Kangjeng Raja, nyauran para sadérék, piibuan piramaan, enggeus pepek sadayana, Kangjeng Raja seug ngadawuh, nyarioskeun ka sadaya. 0802 .......... Raja bungah liwat langkung, jeung sadérék sadayana, sami bungah dina galih, Raja lajeng ngumpulkeun mantri-mantrina. Watek para sadérék Raja Abi Tholib anu kagambar dina ieu wawacan nya éta maliré perhatian 1 Maliré perhatian Éta sikep téh katingali nalika para sadérék Raja Abi Tholib milu ngariung pikeun ngabahas ngeunaan perkara lamaran Kangjeng Nabi Muhammad. 0801 Sayyidu lajeng pamit geus mulih ti bumi Sultan, di jalan teu kacarios, geus dongkap ka nagara Mekah, Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu lajeng dumeuheus ka Raja, para sadérék karumpul, sakur nu pada nonoman.

16. Urang Arab

0811 Urang Arab pada suka, kabéh awéwé lalaki, ngupingkeun nu ngundang-ngundang, réh Nyai Khadijah Déwi, istri kamashurkeun geulis, rék ditikah ku nu alus, manahna teuing lucuna, resep temen mun ningali, eukeur diiring ku anu loba. Watek urang Arab anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah. 1 Nurut kana paréntah Watek urang Arab anu nurut kana paréntah téh katingali nalika sakabéh jalma keur tatahar pikeun ngiringngarak Kangjeng Nabi Muhammad réndéngan jeung Nyi Khadijah Déwi. 0816 Aing teu nurut paréntah, lamun hanteu milu ngiring, aing téh baha ka Raja, sarta kaduana deui, lamun aing hanteu milu ngiring, moal meunang berkah tangtu, sababna Radén Muhammad, gedé berkahna téh leuwih, yén kitu mah aing kudu ngiring téa.

17. Malaikat Ridwan

Malaikat Ridwan nyaéta kapala malaikat anu ngajaga sawarga. 0825 .......... tuluy aya anu dongkap, malaikat ti sawergi, nu jenengan éta malaikat Ridwan.