Ponggawa Nyi Fatimah Déwi

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Watek Nyi Fatimah Déwi anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta beresihsampurna haténa euweuh kagoréngan saeutik ogé. 1 Beresihsampurna haténa 0896 Kakasihna Nyi Fatimah Déwi, geulisna kasohor, anu jadi ratu istri kabéh, taya cacadna saeutik, dhohir rawuh bathin, sadayana terus.

23. Abdi-abdi Kangjeng Nabi Muhammad

0911 .......... ngan nyalira Kangjeng Rosul, eusi bumi sadayana, abdi-abdi beunang meuli, hanteu aya anu dicandak saurang. Watek abdi-abdi anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta satia. 1 Satia Abdi-abdi téh satia ngiring Kangjeng Nabi nalika Kangjeng Nabi rék nyampeurkeun kana batu. 0903 Jeung kabéh abdi-abdina, lamun tuan kersa linggih, angkat kana jero ka’bah, réh aya batu sahiji, tadi batu ku sim kuring, jeung sakabéh batur, dihantem diungkilan, rék dijungjung teu kaindit teu ka angkat sarambut ogé teu obah.

24. Jénab

Jénab nyaéta budak Kangjeng Nabi Muhammad anu kahiji. 0893 Pangsepuhna putra Kangjeng Nabi, Jénab ..., nu kadua putra Kangjeng téh, Siti Ruqoyah kakasih, katiluna deui, Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Siti Kulsum. Dina ieu wawacan, henteu dijéntrékeun sarta euweuh gambaran kumaha watek ieu palaku. Boh sacara analitik boh sacara dramatik. Pangarang ukur nataan ngaran-ngaran palakuna wungkul.

25. Siti Rukoyah

Siti Rukoyah nyaéta budak Kangjeng Nabi Muhammad anu kadua. 0893 Pangsepuhna putra Kangjeng Nabi, Jénab ..., nu kadua putra Kangjeng téh, Siti Ruqoyah kakasih, katiluna deui, Siti Kulsum. Dina ieu wawacan, henteu dijéntrékeun sarta euweuh gambaran kumaha watek ieu palaku. Boh sacara analitik boh sacara dramatik. Pangarang ukur nataan ngaran-ngaran palakuna wungkul.

26. Siti Kulsum

Siti Kulsum nyaéta budak Kangjeng Nabi Muhammad anu katilu. 0893 Pangsepuhna putra Kangjeng Nabi, Jénab ..., nu kadua putra Kangjeng téh, Siti Ruqoyah kakasih, katiluna deui, Siti Kulsum. Dina ieu wawacan, henteu dijéntrékeun sarta euweuh gambaran kumaha watek ieu palaku. Boh sacara analitik boh sacara dramatik. Pangarang ukur nataan ngaran-ngaran palakuna wungkul.

27. Radén Qosyim

Radén Qosyim nyaéta budak Kangjeng Nabi Muhammad anu kaopat.