Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma
1
transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Éta sikep téh katingali nalika poéan Kangjeng Nabi Muhammad jeung Nyi Khadijah Déwi réndéngan, sakabéh wedadari maké pakéan anu
sarwa alus, pikeun milu suka bungah réh Gustina eukeur diarak.
0847 Ayeuna eukeur diarak, anu matak sakabéh gé wédadari,
midang panganggo aralus, jeung geulis pisan rupana,
wédadari istu geulisna téh punjul, hanteu béda eujeung bulan,
malaikat kitu deui.
21. Ponggawa
0830 Sadayana piramaan, waktu ngadangdanan Nabi,
sami kumpul sadayana, ponggawa eujeung para mantri,
.........
Watek para ponggawa anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta satia.
1 Satia
Para ponggawa téh satia ngiring Kangjeng Nabi nalika Kangjeng Nabi rék nyampeurkeun kana batu.
0904 Manawi kedah jeung tuan, angkat ka ka’batullah,
Kangjeng Nabi lajeng angkat, as
up ka ka’batullah, enggeus nyondong para mantri,
ponggawa ngarob ngariung, Nabi lajeng ngadeukeutan,
kana batu tengah masjid, lajeng Nabi ngajungjung pananganana.
22. Nyi Fatimah Déwi
Nyi Fatimah Déwi nyaéta istrina Kangjeng Nabi Muhammad.
0896 Kakasihna Nyi Fatimah Déwi, geulisna kasohor,
anu jadi ratu istri kabéh, taya cacadna saeutik,
dhohir rawuh bathin, sadayana terus.
Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma
1
transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Watek Nyi Fatimah Déwi anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta beresihsampurna haténa euweuh kagoréngan saeutik ogé.
1 Beresihsampurna haténa
0896 Kakasihna Nyi Fatimah Déwi, geulisna kasohor,
anu jadi ratu istri kabéh, taya cacadna saeutik,
dhohir rawuh bathin, sadayana terus.
23. Abdi-abdi Kangjeng Nabi Muhammad
0911 .......... ngan nyalira Kangjeng Rosul,
eusi bumi sadayana, abdi-abdi beunang meuli,
hanteu aya anu dicandak saurang.
Watek abdi-abdi anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta satia.
1 Satia
Abdi-abdi téh satia ngiring Kangjeng Nabi nalika Kangjeng Nabi rék nyampeurkeun kana batu.
0903 Jeung kabéh abdi-abdina, lamun tuan kersa linggih,
angkat kana jero ka’bah, réh aya batu sahiji,
tadi batu ku sim kuring, jeung sakabéh batur,
dihantem diungkilan, rék dijungjung teu kaindit
teu ka angkat sarambut ogé teu obah.
24. Jénab
Jénab nyaéta budak Kangjeng Nabi Muhammad anu kahiji.
0893 Pangsepuhna putra Kangjeng Nabi, Jénab ...,
nu kadua putra Kangjeng téh, Siti Ruqoyah kakasih,
katiluna deui,