Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma
1
transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
disaur ku Kangjeng Sultan.
14. Para Mantri Raja Abu Tholib
Para  Mantri  téh  nyaéta  anu  purah  ditutuh-titah  atawa  diutus  pikeun ngalaksanakeun pancén ti Raja Abu Tholib.
0802 .......... Raja lajeng ngumpulkeun mantri-mantrina.
0804 .......... ayeuna sakabéh mantri,
paréntah di jero nagari, waktuna sing pada kumpul,
kakocapkeun Raja Mekah, rék nepangan Sultan Walidu,
Abu Tholib kocapkeun baé geus dongkap.
0807 Abu Tholib miwarangan, nimbalan ka hiji mantri,
kudu gawé undang-undang, nguriling di jero nagri,
jeung sakabéh abdi-abdi, béjaan supaya kumpul,
mengké téh dina waktuna, kabéh kudu pada ngiring,
nganggo ngajajapkeun Gan Muhammad.
Watek  Para  Mantri  anu  kagambar  dina  ieu  wawacan  nyaéta  gesit  dina ngalaksanakeun paréntah.
1 Gesit
0808 Mantri anu ditimbalan, cedok nyembah gancang indit,
sarta bari tunggang onta, nguriling di jero nagri,
mawa tambur eujeung tanji,
sajalan ngaguruh, unggal jalan diliwatan,
ceuk undang mantri, Kangjeng Raja badé nikahkeun putrana.
0809 Réndéngan Radén Muhammad, ka Endén Khadijah Déwi,
putrana Sang Walih Sultan,
Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma
1
transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
éta kabéh ngabdi-ngabdi, sakabéhna kudu ngiring,
maké nu aralus, ari waktuna réndéngan,
ngan dalapan poé deui, éta kabéh ulah aya nu nyaraba.
0810 Sadayana jalma-jalma, anu enggeus pada nguping,
mantri anu ngundang-ngundang, pada ngomong pantes teuing,
pameget sinareng istri, anu kasép jeung nu lucu,
geus kamashur duanana, anu kasép jeung nu geulis,
éta kitu omongan jalma nu loba.
15. Para Sadérék Raja Abi Tholib
0780 Samulangna éta mantri, miwarang Kangjeng Raja,
nyauran para sadérék, piibuan piramaan,
enggeus pepek sadayana, Kangjeng Raja seug ngadawuh,
nyarioskeun ka sadaya.
0802 .......... Raja bungah liwat langkung,
jeung sadérék sadayana, sami bungah dina galih,
Raja lajeng ngumpulkeun mantri-mantrina.
Watek  para  sadérék  Raja  Abi  Tholib  anu  kagambar  dina  ieu  wawacan nya éta maliré perhatian
1 Maliré perhatian
Éta  sikep  téh  katingali  nalika  para  sadérék  Raja  Abi  Tholib  milu ngariung  pikeun  ngabahas  ngeunaan  perkara  lamaran  Kangjeng  Nabi
Muhammad.
0801 Sayyidu lajeng pamit geus mulih ti bumi Sultan,
di jalan teu kacarios, geus dongkap ka nagara Mekah,