Déwi Hatijah Sultan Walid

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 0005 .......... Déwi Hatijah ngawangsul, ngiring pisan jisim rayi, sugan aya manah, mangga baé saur, ku raka teras lahiran, lajeng baé dilulungsur Kangjeng Nabi, kocapkeun baé geus dongkap. Watek Déwi Hatijah anu kagambar dina ieu wawacan téh nyaéta kacida nyaahna ka Kangjeng Nabi Muhammad, 1 Kacida nyaahna ka Kangjeng Nabi Muhammad 0048 Geus teu ibu geus teu rama, hanteu kinten matak watir, tatapi ari ayeuna, dikukut ku rama Nyai, ku Sri Raja Abi Tholib, dikukutna ti lelembut, enggeus dongkap ka ayeuna, sampé umurna téh Nyai, enggeus aya salawé tahun yuswana.

3. Sultan Walid

Sultan Walid téh nyaéta ramana Nyi Khadijah Déwi. 0012 .......... raosna Sultan Walidu, ningal putra langkung rajin, jeung tambah-tambah asihna, geus ngagunung-gunung, teu aya timbangeunana, ka putra téh menggah raos-raos abdi, bawaning sangget asihna. Watek Sultan Walid anu nyampak dina ieu wawacan, nyaéta kacida nyaahna ka anak jeung salawasna sukuran ka Alloh. 1 Nyaah ka anak 0012 .......... raosna Sultan Walidu, ningal putra langkung rajin, jeung tambah-tambah asihna, Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu geus ngagunung-gunung, teu aya timbangeunana, ka putra téh menggah raos-raos abdi, bawaning sangget asihna. 2 Salawasna sukuran ka Alloh Éta sikep téh katingali nalika Nyi Khadijah Déwi rék réndéngan jeung Kangjeng Nabi Muhammad, Sultan Walidu teu poho muji sukur ka Alloh, sabab anu kaalaman téh geus kersaning Alloh. 0800 Éta pihaturna mantri, yaktos jurungan pun anak, terus sareng pun kakang téh, kawas geus kersaning Alloh, boga niatna sorangeun, kakang mah ngan muji sukur, pun anak kitu niatna.

4. Ki Mas Rokit

Ki Mas Rokit téh nyaéta tukang napsirkeun impian. 0025 .......... dicarios ka Mas Rokit, anu geus kaimpi téa, sadaya ditutur, hanteu aya nu kaliwat, lajeng lajeng jawab Ki Mas Rokit ka Nyi Déwi, kieu balukar impian. Watek Ki Mas Rokit anu kagambar dina ieu wawacan téh nyaéta pinter, tara nyalahan dina napsirkeun impian, jeung sopanalus tatakramana, sok ngagedékeun haté. 1 Pinter, tara nyalahan dina nafsirkeun impian Watek Ki Mas Rokit anu pinter, tara nyalahan dina napsirkeun impian téh digambarkeun ku Nyi Khadijah Déwi. 0751 Ari Nyi Khadijah Déwi, Mas Rokit pan ..., istu éta paman tulén, asal ti Mesir Nagara, anu mawi Nyi Khadijah, nyebut paman nu saistu, Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu tambah kapinteranana. 0752 Sacipta-ciptana jadi, terus tara pisan salah, harita ngageuat baé, Déwi Khadijah miwarang, Mas Rokit dihaturanan, énggalna baé geus cunduk, Déwi Khadijah popoyan. 2 Sopanalus tatakramana. Watek Ki Mas Rokit anu sopanalus tatakramana téh katingali nalika manéhna ngadeuheus ka Sultan Walid. Nalika ngadeuheus téh, Ki Mas