Tukang Paling Palaku jeung Watek Palaku

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

23. Raja Syam

0537 Leubeut kabéh budal, bandérana ngolébat kadupak angin, énggal baé nu dicatur, di jalan kocap patepang, bandérana Raja Sam anu dipayun, pék sujud éta bandéra, ka payuneun Kangjeng Nabi. Watek Raja Syam anu kapanggih dina ieu wawacan nyaéta sopanalus tatakramana. 1 Maliréperhatian Éta sikep téh katingali nalika aya béja yén Kangjeng Nabi Muhammad geus nepi ka nagara Syam, Kangjeng Raja Syam geuat dangdan rék mapag Kangjeng Nabi Muhammad. 0536 Énggal dangdan Kangjeng Ratu, badé mapag nu rék sumping, énggalna Raja geus jengkar, diiring ku palamantri, upacarana ngajajar, geus mungkur ti jero nagri. Salian ti éta ogé, Kangjeng Nabi kacida dihurmatna sarta disuguhan rupa-rupa kadaharan geus euweuh kakurangan. 0543 Dihurmat didama-dama, barangtuang geus teu di deui, ma’lum kawantu di ratu, geus teu aya kakirang, parantosna barangtuang Kangjeng Rosul, lajeng nyaur ka Raja Sam, kaula neda paidin. 2 Sopanalus tatakramana Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi Muhammad nepi ka nagara Syam, Kangjeng Raja Syam tuluy sasalaman kalawan hurmat pisan. 0539 Lajeng sami sasalaman, hurmat pisan Raja Sami ka Kangjeng Nabi, lajeng sareng angkat tuluy, Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ka kota nagara Esam, kacarios éta gedongna téh Ratu, teu kinten pisan alusna, diterapang ku biduri. c Palaku Tambahan

1. Jubair

Jubair nyaéta salasahiji sodagar Mekah anu milu dagang ka nagara Syam jeung rombongan Nyi Khadijah Déwi. 0125 Disebut hiji-hijina, hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu, kaopat Abu Jahal, kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar, katujuhna Abdurrahman. Watek Jubair anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah. 1 Nurut kana paréntah Éta sikep téh katingali nalika saméméh indit ka nagara Syam, sakabéh palasodagar téh kumpul heula di imahna Nyi Khadijah Déwi pikeun ngadéngékeun sagala piwurukna. 0124 Kedah di dieu rerebna, sadayana rék diparéntah ku kuring, énggal Kangjeng wangsul, kacatur Déwi Khadijah, pék nyauran para sudagar karumpul, di bumi Déwi Khadijah, ngaranna sahiji-sahiji. 0125 Disebut hiji-hijina, hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu, kaopat Abu Jahal, kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar, katujuhna Abdurrahman.