Ki Padri Yusang Ki Pandita Yusang

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Éta sikep téh katingali nalika pangarang ngajéntrékeun kaayaan imah Ki PadriKi YusangKi Pandita Yusang anu matak nyieun imah di sisi jalan téh sabab manéhna nungguannganti-nganti Kangjeng Nabi Muhammad liwat ka éta jalan. Ki PadriKi YusangKi Pandita Yusang geus lila hayang papanggih jeung Kangjeng Nabi Muhammad. 0622 Anu mantak éta téh Ki Padri, nyieun imah dina sisi jalan, sejana éta téh ngantos, Jeng Nabi hayang patepung, .......... 0623 .......... ku Ki Yusang téh dipapag, ti imahna turun, barina ngaromong sorangan, nya ayeuna aing téh bisa papanggih, eujeung anu ... teu aya. 3 Sopan Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi Muhammad rék indit neruskeun lalampahanana, Ki PadriKi YusangKi Pandita Yusang téh sujud bari ngambungan ka sampéan Kangjeng Nabi Muhammad. 0631 Tuluy sujud éta tuan Padri, tuluy ngambung sampéan Rosulullah, bari matur sujudna téh, kutan Gusti téh rék laju, linggih téh sakedap teuing, énggalkeun baé carita, geus nitih di luhur, Kangjeng Nabi enggeus angkat, angkat Ki Pandita Yusang nuturkeun pandeuri, ka Nabi téh ngageroan. 4 Béréhan Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi rék indit neruskeun lalampahanana, Ki PadriKi YusangKi Pandita Yusang méré rupa-rupa bubuahan minangka kageugeutan manah ti manéhna ka Kangjeng Nabi. 0632 Aéh Gusti antos sim abdi, Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gusti ieu kageugeutan manah, katuangan hanteu saé, ku pandita Yusang tuluy, dicantélkeun ka onta Nabi, rupa-rupa bubuahan, kawini jeung manggu, saboga-boga dibawa, dicantélkeun kana onta Kangjeng Nabi, mijil nu ngagentos tembang.

14. Ki Sayyidu

Ki Sayyidu nyaéta abid budak beulian Raja Abu Tholib. 0986 Énggalna enggeus diwuruk, sahadat kalimah kalih, Abu Bakar enggeus Islam, tunda Abu Bakar Sidiq, kacatur Bu Tholib Raja, kagungan abdi sahiji. 0987 Karisa ngarana mashur, éta abid beunang meuli, boga anak hiji lanang, bagus tur perwira jurit, Ki Sayyidu kasebutna, lajeng dipiwarang ku Nabi. Watek Ki Sayyidu anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta punjul pribadi, pinter budi bijaksana, binékas andalan perang, handap asor alus budi, jeung perlénté bisa ngomong. 1 Punjul pribadi, pinter budi bijaksana, binékas andalan perang, handap asor alus budi, jeung perlénté bisa ngomong. Éta sikep ki Sayyidu téh digambarkeun ku Sultan Walid nalika Ki Sayyidu diutus ku Raja Abi Tholib pikeun ngadeuheus ka Sultan Walid. 0794 Rayi pupunjul pirbadi, basa maréntah nagara, digjaya perwira kahot, pinter budi bijaksana, binékas andelan perang, handap asor budi alus, perlénté bisa bicara.

15. Urang Kapir

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Urang kapir nyaéta penduduk Mekah anu nganggem agama tiheula, nyembah kana berhala sarta henteu daék salin agama atawa anut agama Islam. 1024 Ngabérés solat di latar, loba pisan nu lalajo urang kapir, sakabéh pada ngaranjug, ngomong jeung batur-baturna, lampah naon bet éta paningkah kitu, béda eujeung lampah urang déwék mah kakara manggih. Watek urang kapir anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta bedegong, jahat, kukuh pengkuh kana agama, jeung bijaksana. 1 Bedegong Éta sikep téh katingali nalika urang kapir henteu merduli omongan Ki Sayyidu anu ngajak anut ka agama Islam.