Para Sadérék Raja Abi Tholib

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu lajeng dumeuheus ka Raja, para sadérék karumpul, sakur nu pada nonoman.

16. Urang Arab

0811 Urang Arab pada suka, kabéh awéwé lalaki, ngupingkeun nu ngundang-ngundang, réh Nyai Khadijah Déwi, istri kamashurkeun geulis, rék ditikah ku nu alus, manahna teuing lucuna, resep temen mun ningali, eukeur diiring ku anu loba. Watek urang Arab anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah. 1 Nurut kana paréntah Watek urang Arab anu nurut kana paréntah téh katingali nalika sakabéh jalma keur tatahar pikeun ngiringngarak Kangjeng Nabi Muhammad réndéngan jeung Nyi Khadijah Déwi. 0816 Aing teu nurut paréntah, lamun hanteu milu ngiring, aing téh baha ka Raja, sarta kaduana deui, lamun aing hanteu milu ngiring, moal meunang berkah tangtu, sababna Radén Muhammad, gedé berkahna téh leuwih, yén kitu mah aing kudu ngiring téa.

17. Malaikat Ridwan

Malaikat Ridwan nyaéta kapala malaikat anu ngajaga sawarga. 0825 .......... tuluy aya anu dongkap, malaikat ti sawergi, nu jenengan éta malaikat Ridwan. Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Watek Malaikat Ridwan anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah. 1 Nurut kana paréntah 0833 Nimbalan deui Pangéran, enyaéta ka nu jadi juru kunci, sawarga anu agung, buka lawang sawargi, nu dalapan ulah aya anu nutup, amrih nyambuang ambeuna, lajeng lawang sawargi. 0834 Ku mala Ridwan dibuka, sakabéhna éta lawang sawargi, ngahémbos wangina terus, kabéh para malaikat, anu aya di sawarga kabéh turun, jeung pada mawa gamelan, nu dalapan belas rokit.

18. Malaikat Malik

Malaikat Malik nyaéta malaikat anu ngajaga naraka. 0832 Tukang ngaraksa naraka, nu jeneng malaikat Malik, lawang naraka nu tujuh, kabéh kudu ditutupan, ulah aya nu kaluar bau, sadaya lawang naraka, tujuhanana dikunci. Watek Malaikat Malik anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah. 1 Nurut kana paréntah 0831 .......... Gusti Alloh ngadawuhan, ka nu jadi juru kunci. 0832 Tukang ngaraksa naraka, nu jeneng malaikat Malik, lawang naraka nu tujuh, kabéh kudu ditutupan, ulah aya nu kaluar bau,