Malaikat Malik Palaku jeung Watek Palaku

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sadaya lawang naraka, tujuhanana dikunci.

19. Para Malaikat

0845 Aya hiji malaikat, anu nyaur batur ulah cékcok teuing, ayeuna téh Kangjeng Rosul, diiring diarak-arak, nu sawaréh para malaikat pada bingung, tuluy naros ka lurahna, gegedén di sawargi. Watek para malaikat anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta maliré perhatian. 1 Maliré perhatian Sikep maliré perhatian para malaikat téh katingali nalika para malaikat aya anu cékcok tuluy dicarék sangkan ulah cékcok sabab Kangjeng Nabi keur diiring diarak-arak. 0845 Aya hiji malaikat, anu nyaur batur ulah cékcok teuing, ayeuna téh Kangjeng Rosul, diiring diarak-arak, nu sawaréh para malaikat pada bingung, tuluy naros ka lurahna, gegedén di sawargi.

20. Wédadari

0847 Ayeuna eukeur diarak, anu matak sakabéh gé wédadari, midang panganggo aralus, jeung geulis pisan rupana, wédadari istu geulisna téh punjul, hanteu béda eujeung bulan, malaikat kitu deui. Watek wédadari anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta maliré perhatian. 1 Maliré perhatian Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Éta sikep téh katingali nalika poéan Kangjeng Nabi Muhammad jeung Nyi Khadijah Déwi réndéngan, sakabéh wedadari maké pakéan anu sarwa alus, pikeun milu suka bungah réh Gustina eukeur diarak. 0847 Ayeuna eukeur diarak, anu matak sakabéh gé wédadari, midang panganggo aralus, jeung geulis pisan rupana, wédadari istu geulisna téh punjul, hanteu béda eujeung bulan, malaikat kitu deui.

21. Ponggawa

0830 Sadayana piramaan, waktu ngadangdanan Nabi, sami kumpul sadayana, ponggawa eujeung para mantri, ......... Watek para ponggawa anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta satia. 1 Satia Para ponggawa téh satia ngiring Kangjeng Nabi nalika Kangjeng Nabi rék nyampeurkeun kana batu. 0904 Manawi kedah jeung tuan, angkat ka ka’batullah, Kangjeng Nabi lajeng angkat, as up ka ka’batullah, enggeus nyondong para mantri, ponggawa ngarob ngariung, Nabi lajeng ngadeukeutan, kana batu tengah masjid, lajeng Nabi ngajungjung pananganana.

22. Nyi Fatimah Déwi

Nyi Fatimah Déwi nyaéta istrina Kangjeng Nabi Muhammad. 0896 Kakasihna Nyi Fatimah Déwi, geulisna kasohor, anu jadi ratu istri kabéh, taya cacadna saeutik, dhohir rawuh bathin, sadayana terus.