SantriKi Santri Ki Panday

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Nalika diparéntah ku Ki Sahroh, Ki Santri geuat ngaturanan sémah anu datang ti nagara Mekah. 0446 Ki Sahroh deui ngandika, maréntah ka éta santri, ngahaturanan ka sémah, kabéh kudu sina calik, Ki Santri téh tuluy indit, ari geus datang pok matur, sampéan téh sadayana, tatamu di gingsir linggih, ku Ki Sahroh ulah tinggal. 3 Lowér Éta sikep téh katingali nalika sakabéh baturna geus asup ka imah Ki Sahroh, ngan kari Kangjeng Nabi Muhammad anu tunggu di luar, ku Ki Santri henteu dititah asup. 0449 Tayoh éta nu ngajawab, Abu Jahal anu jahil, Ki Sahroh bendu kacida, ka nu dipiwarang santri, naha manéh lowér teuing, ka aing hanteu ngagugu, geuat ku manéh susulan, ka dieu singna calik, sarta kudu ku manéh kairing pisan.

21. Ki Panday

Ki Panday nyaéta jelema anu gawéna téh manday, nyieunan pakarang tina beusi. 0610 Méh sakabéh barangna ka Nabi, disanggakeun éta ku jalma, tina banget tarimana téh, Kangjeng Nabi enggeus lungsur, ti imah éta geus bijil, diiring ku Abu Bakar, di jalan kacatur, aya hiji nu manday, lajeng lirén di dinya téh Kangjeng Nabi, ningalikeun anu manday. Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Watek Ki Panday anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta jahat. 1 Jahat Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi nyampeurkeun manéhna anu keur manday, Ki Panday téh boga niat goréng rék nyebrotkeun seuneu ka Kangjeng Nabi, tapi éta seuneu téh malik ka dirina sorangan. 0613 Pék dipukul anu ruhay beusi, ku paluna anu panggedéna, jeung mukul satakerna téh, wani nyebrot seuneu hurung, gulung seuneu jadi hiji, teu nyebrot ka mana-mana, ngan ka panday wungkul, geus tutung kabéh awakna, tingpelendung lajeng nyaur Kangjeng Nabi, tah niat goréng andika.

22. Tukang Paling

0475 .......... kacarios geus wengina, sadayana tukang paling. 0476 Ka dinya pada ngajugjug, karepna téh arék maling, .......... Watek tukang paling anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta jahat. 1 Jahat, sok malingan barang batur 0476 Ka dinya pada ngajugjug, karepna téh arék maling, menderan ka palebahna, barang Kangjeng Nabi, ngadadak bumi téh beulah, ngaburial bijil cai. Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi dina hiji peuting keur masangrahan di hiji tempat, kacaritakeun aya tukang paling ngajugjug ka éta tempat. Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

23. Raja Syam

0537 Leubeut kabéh budal, bandérana ngolébat kadupak angin, énggal baé nu dicatur, di jalan kocap patepang, bandérana Raja Sam anu dipayun, pék sujud éta bandéra, ka payuneun Kangjeng Nabi. Watek Raja Syam anu kapanggih dina ieu wawacan nyaéta sopanalus tatakramana. 1 Maliréperhatian Éta sikep téh katingali nalika aya béja yén Kangjeng Nabi Muhammad geus nepi ka nagara Syam, Kangjeng Raja Syam geuat dangdan rék mapag Kangjeng Nabi Muhammad. 0536 Énggal dangdan Kangjeng Ratu, badé mapag nu rék sumping, énggalna Raja geus jengkar, diiring ku palamantri, upacarana ngajajar, geus mungkur ti jero nagri. Salian ti éta ogé, Kangjeng Nabi kacida dihurmatna sarta disuguhan rupa-rupa kadaharan geus euweuh kakurangan. 0543 Dihurmat didama-dama, barangtuang geus teu di deui, ma’lum kawantu di ratu, geus teu aya kakirang, parantosna barangtuang Kangjeng Rosul, lajeng nyaur ka Raja Sam, kaula neda paidin. 2 Sopanalus tatakramana Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi Muhammad nepi ka nagara Syam, Kangjeng Raja Syam tuluy sasalaman kalawan hurmat pisan. 0539 Lajeng sami sasalaman, hurmat pisan Raja Sami ka Kangjeng Nabi, lajeng sareng angkat tuluy,