Siluman-sileman Palaku jeung Watek Palaku

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sarta pada suka ati. Watek Siluman-sileman anu kagambar dina ieu wawacan nya éta maliré perhatian 1 Maliré perhatian Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi Muhammad neruskeun lalampahanana, siluman-sileman téh milu ngiring, milu nganteurkeun Kangjeng Nabi Muhammad. 0503 Aleut-aleutan di pungkur, ngajajap ka Kangjeng Nabi, jeung siluman sileman, lalembut sakabéh ngiring, éta kabéh pada jajap, sarta pada suka ati.

8. Manuk gagak

0335 Kocap aya gagak putih sakureunan, disada di luhur kai, dina pucuk gunung téa, nu beulah tadi kadupak, ceuk gagak nu dua muni, oray geus modar, ku Abu Bakar kakuping.

9. Uncal

0362 Bari mayun kana cai, teu lami bet katingali, datang tilu rupa uncal, teu ka uninga datangna, cicing dipayuneun Nabi, éta téh uncal alus lewis bulu leuncir. 0363 Bulu beureum beureumna téh alus pisan, eujeung tutul éta putih balunder éta tutulna, tutul bodas wani ngenglak, sadaya kagét ningali, mancur cahayana, di dunya teu aya tanding. Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Watek uncal anu kapanggih dina ieu wawacan nyaéta bageur, ku sabab nuduhkeun jalan ka Kangjeng Nabi Muhammad. 1 Bageur 0368 ... nuturkeun uncal anu tilu téa, bet déét éta téh cai, ngan wates tuurna onta, kocap angkatna téh kebat, meuntas éta dina cai, sakabéh jalma-jalma, ti pandeuri ngiring Nabi.

10. Hiji jalma

0418 Badé aya pihatur sim kuring, ka gamparan seja ngaturanan, di payun balai gedé, aya oray gedé langkung, huluna gé ngajungkring, patutana téh matak gila, teu béda eujeung gunung, loba pihaturna, nyarioskeun oray téh ka Kangjeng Nabi, pok deui tuluy haturan. Watek hiji jalma anu kapanggih dina ieu wawacan nyaéta maliré perhatian. 1 Maliré perhatian Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi jeung sabatur-baturna keur di jalan lalampahan ka nagara Syam, aya hiji jalma anu ngabéjaan yén di hareup aya balai gedé. 0419 Lamun ... gamparan téh indit, jisim abdi sanget pisan kamelang, tinangtos tiwas sakabéh, seug ngandika Kangjeng Rasul, aéh sadaya sanak wargi, sakabéh lalampahan urang, anu geus kapungkur, manggih oray eujeung singa, éta kula teu pisan ngarasa risi, matak hanteu pisan orot.