Manuk gagak Uncal Palaku jeung Watek Palaku

Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Watek uncal anu kapanggih dina ieu wawacan nyaéta bageur, ku sabab nuduhkeun jalan ka Kangjeng Nabi Muhammad. 1 Bageur 0368 ... nuturkeun uncal anu tilu téa, bet déét éta téh cai, ngan wates tuurna onta, kocap angkatna téh kebat, meuntas éta dina cai, sakabéh jalma-jalma, ti pandeuri ngiring Nabi.

10. Hiji jalma

0418 Badé aya pihatur sim kuring, ka gamparan seja ngaturanan, di payun balai gedé, aya oray gedé langkung, huluna gé ngajungkring, patutana téh matak gila, teu béda eujeung gunung, loba pihaturna, nyarioskeun oray téh ka Kangjeng Nabi, pok deui tuluy haturan. Watek hiji jalma anu kapanggih dina ieu wawacan nyaéta maliré perhatian. 1 Maliré perhatian Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi jeung sabatur-baturna keur di jalan lalampahan ka nagara Syam, aya hiji jalma anu ngabéjaan yén di hareup aya balai gedé. 0419 Lamun ... gamparan téh indit, jisim abdi sanget pisan kamelang, tinangtos tiwas sakabéh, seug ngandika Kangjeng Rasul, aéh sadaya sanak wargi, sakabéh lalampahan urang, anu geus kapungkur, manggih oray eujeung singa, éta kula teu pisan ngarasa risi, matak hanteu pisan orot. Yayang Setia Asih, 2014 Wawacan siti khadijah dagang Pikeun bahan ajar maca carita buhun di sma 1 transliterasi jeung ulikan struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

11. Buah Kai

0516 Sakabéhna pada matur, abdi tuang mangga Gusti, abdi teu kinten raosna, tah kitu ceuk buah kai, sakabéh pada haturan, récok kabéh buah kai. 0517 Buah kai anu luhur, nu kira anu hanteu katepi, kitu ti handap dironjat, barang liwat Kangjeng Nabi, dahan kai ngahandapan, abdi petik mangga Gusti. Watek Buah Kai anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta bageur jeung maliré perhatian. 1 Bageur jeung maliré perhatian Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi liwat, sakabéh buah kai récok pada nawaran ka Kangjeng Nabi sangkan dipetik jeung didahar. 0516 Sakabéhna pada matur, abdi tuang mangga Gusti, abdi teu kinten raosna, tah kitu ceuk buah kai, sakabéh pada haturan, récok kabéh buah kai. 0517 Buah kai anu luhur, nu kira anu hanteu katepi, kitu ti handap dironjat, barang liwat Kangjeng Nabi, dahan kai ngahandapan, abdi petik mangga Gusti.

12. Manuk-manuk

0680 Manuk ciung kakatua nuri, anu bisa ngaromong, ngaromomong jeung baturna kabéh, na kunaon éta Gusti, tara ti sasari, hanteu nyaur.