Ikon Indéks T PBBS 1202017 Chapter (6)

a. Ikon

Ikon anu aya dina carpon GT-01 ngan aya anu mangrupa ikon imagis wungkul. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap. Tabél 4.2 Analisis Unsur Ikon GT-01 No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr. 1 2 3 4 5 6 7 1. GT-01:124 Ngaboséh  Kecap ngaboséh, sacara langsung nyitrakeun objék anu ditujuna, nya éta béca. Bisa katitén dina cutatan ieu di handap: … tukang béca dugal- dugil ngaboséh da puguh nanjak… 2. GT-01:112 Nyintreuk- nyintreuk  Dina tataran léksikal, kecap nyintreuk- nyintreuk mangrupa prosés réduplikasi. Nyintreuk-nyintreuk mangrupa petanda anu nandaan pagawéan anusacara langsung nyitrakeun objék anu ditujuna, nya éta ceuli. Bisa katitén dina cutatan ieu di handap: … tara nyintreuk- nyintreuk acan… 3. GT-14:122 Négro  Négro mangrupa tanda anu nyitrakeun kaayaan hiji jalma anu pakulitanna hideung. Ieu hal patali jeung kasapukkan persépsi masarakat ngeunaan urang Négro-Afrika anu No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr. 1 2 3 4 5 6 7 hideung. Dina ieu kontéks bisa katitén tina cutatan ieu dihandap. “Ka dieu Négro, déwék penc étan” Katerangan: Img. : ikon imagis citra Mfr. : ikon métaforis Dgm. : ikon diagramatis

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-01 aya anu mangrupa indéks gejala fisik, aktualisasi, jeung zat. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap. Tabél 4.3 Analisis Unsur Indéks GT-01 No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 1. GT-01:114 Pikanyerieun Gejala fisik Pikanyerieun mangrupa tanda indéks tina ayana hiji hal anu ngabalukarkeun rasa nyeri. Dina ieu kontéks, rasa nyeri anu karandapan balukar tina omongan emangna Ki Ahmad anu matak pikanyerieun haté. Cutatanna bisa katitén ieu di handap. … tapi ari matak nyungkelit mah angger wé pikanyerieun . 2. GT-01:122 Sawo tutung Gejala fisik Sawo tutung mangrupa indéks tina kaayaan kulit awak fisik anu pulasna hideung. Ieu katitén tina cutatan di handap: No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 … ka alona nu kulitna rada- rada sawo tutung. 3. GT-01:123 Si Beuki Méwék Aktualisasi Si Beuki Méwék mangrupa indéks tina jalma anu henteu disebutkeun ngaranna lantaran miboga kabiasaan ceurik, jadi dilandih sesebutanna. Ieu hal bisa katitén tina cutatan ieu di handap. Calukan Si Beuki Méwék, sugan moal jebléh ari dibéré soklat mah. 4. GT-01:134 Butak Gejala fisik Butak mangrupa tanda indéks tina kontéks pamahaman yén sirah anu butak nandakeun jelema anu pinter. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Ieuh, guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter. 5. GT-01:137 Beungeut bareureum Gejala fisik Beungeut bareureum mangrupa tanda indéks tina rasa ambek jeung éra anu karandapan ku hiji jalma sacara biologis. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Beungeut Ki Ahmad mimiti bareureum , haténa mimiti panas. 6. GT-01:144 Panas Zat Panas mangrupa tanda indéks tina situasi rasa ambek anu karandapan hiji jalma, karasa ku haté sarta teu bisa disaruakeun jeung panas dina harti sacara fisik. Ieu hal bisa katitén dina No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 cutatan di handap. Beungeut Ki Ahmad mimiti bareureum, haténa mimiti panas . 7. GT-01:152 Ngahuleng Aktualisasi Ngahuleng mangrupa tanda indéks tina sikep cicing bari mikiran hiji hal. Dina ieu kontéks, ngahuleng dilakukeun ku Husén lantaran keur mikiran jawaban tina soal ngitung 8 x 17. Éta hal katitén dina cutatan ieu di handap. Aéh-aéh ngitung téh kalah ngahuleng … 8. GT-01:143 Ka dieu Aktualisasi Ka dieu mangrupa tanda indéks anu nuduhkeun demonstrative prosés pindah ti hiji tempat ka tempat séjén. Ieu bisa katitén tina cutatan di ahandap: Ka dieu Jang urang diajar ngitung ku Bapa 9. GT-01:144 Bapa Aktualisasi Bapa mangrupa tanda indéks tina gaganti jalma pikeun ngébréhkeun status hubungan pancakaki antara Husén jeung emang Ki Ahmad. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Ka dieu Jang urang diajar ngitung ku Bapa

c. Simbol