Ajén Budaya .23 “Mulang” SKKS-04

teh dieureunan. Tapi kusabab kanyaahna gedé ka Walangsungsang, kitu deui Walangsungsang ka manéhna éta paripolah téh tumuluy dilakonan. 4 Ajén Kaagamaan Pamungkas, ajén kaagamaan aya dina data SKKS-03:341 anu ngébréhkeun kasadaran ti maneéhna nu ngucap istigfar sabab geus kamalinaan teuing dina ngumbar lamunan sakitu panjangna.

b. Ajén Budaya

Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya opat belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda. Tabél 4.125 Data Ajén Budaya SKKS-03 No. Kode Data Data Ajén Sosial Kat. T É A Sn. K Sl. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1. SKKS 03 325 Ngaragangan  2. SKKS 03 334 Lemah mandala wangi ririyegan  3. SKKS 03 335 Angin anu ngabula-bali ngangkat kirikil jeung keusik  Dumasar kana data anu kapanggih, katiten aya tilu ajen tiori, hiji ajen kakawasaan, sarta hiji ajen solidaritas. 1 Ajén Téori Ajén téori anu kapanggih aya dina data SKKS-03:334 anu ngébréhkeun kaayaan lemah Mandalawangi anu ririyegan balukar tina ngagedurna amarah Raja Pakuan kana paripolah Walangsungsang sabab geus supata kalintang beuratna. Data ajen téori saterusna nya éta SKKS- 03:335 nu ngebrehkeun gedena angin nu ngagolak nepika ngabula-bali ngangkat karikil jeung keusik nu méré sora tingparalak tingsaléor teu puguh déngé. Eta hal balukar tina ngagugudagna amarah Raja Pakuan ka Walangsungsang nu ngajangji supata kacida beuratna. 2 Ajén Solidaritas Ajen solidaritas aya dina data SKKS-03:325 nu ngébréhkeun solidaritas Raja Pakuan ka manéhna ku cara ngaragangan teu nyingkab ajian halimunana, sabab nyingkahan sangkan manehna teu ngarasa éra ku pamolahna sok nepungan Walangsungsang rerencepan.

4.2 .23 “Mulang” SKKS-04

4.2.23.1 Struktur Carita SKKS-04 a. Téma

Téma dina ieu carita nya éta ngeunaan kahirupan. Ieu carita téh direumbeuy ogé ku téma réligi. Ieu carita nyaritakeun kahirupan kuring nu salila hirupna jauh ti Pangéran. Téma dina ieu carita méré gambaran ka nu maca kumaha kahirupan jalma nu jauh ti pangéran. Ieu téma bisa katitén tina cutatan di handap. “Kacida beuratna haté rék ninggalkeun ieu tempat téh. Kuring keur betah, keur suhud digawé…” 361 Ayeuna, poé ieu , dina mangsa kuring kudu ninggalkeun kabetah, rasa lewang jeung laip téh awor dina haté. Sihoréng dunya barana téh teu salawasna kawasa... 392

b. Fakta Cerita 1 Galur