Ikon Indéks Simbol

a. Ikon

Ikon anu aya dina carpon GT-13 ngan aya anu mangrupa ikon imagis, diagramatis, jeung ikon métaforis. Tabél 4.69 Analisis Unsur Ikon GT-13 No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr. 1 2 3 4 5 6 7 1. GT-13:1572 Ratusan rébu urang  Tanda diagramatis keur ngagambarkeun lobana jalma anu teu bisa disebutkeun jumlah kongkritna. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Mun diitung, duka sabaraha ratus rébu urang boa nu geus kungsi diuk dina éta korsi.

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-13 aya anu mangrupa indéks réngkak paripolah jeung barang. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap. Tabél 4.70 Analisis Unsur Indéks GT-13 No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 1. GT-13:1611 Tara lésot tina tasbé Réngkak paripolah Tara lésot tina tasbé mangrupa tanda tina paripolah wiridan anu ngagunakeun tasbé. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 Mun keur salsé pananganana tara lésot tina tasbé . Lambeyna ngunyem. 2. GT-13:1642 Korsi hoé Barang Korsi hoé dina ieu kontéks mangrupa tanda tina perjuangan, kanyaah, raketna duduluran, jeung neundeun loba carita ti mimiti dibeuli nepi ka ayeuna aya di palaku kuring. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Korsi hoé anu ieu mah moal dileupaskeun, nepi ka manéhna bener-bener ménta pangsiun, teu bisa dipaké deui.

c. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-13 bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.71 Analisis Unsur Simbol GT-13 No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 1. GT-13:1632 Jaman jahiliah Simbol jaman anu kacida lilana; jaman baheula pisan.

4.2.13.3 Ajén-inajén Sosial Budaya a. Ajén Sosial

Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun opat ajén sosial. Tabél 4.72 Data Ajén Sosial GT-13 No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 2 3 4 5 6 7 8 1. GT-13:1584 Teu boga korsi, bisi éraeun dianjangan  2. GT-13:1584 Teu dihargaan lantaran status ékonomi  3. GT-13:1593 Lalaki jeung awéwé teu meunang diuk pagégéyé   4. GT-13:1611 Maca sholawat jeung ayat suci  Dumasar kana tabél 4.84 di luhur, bisa katitén aya dua data anu ngandung ajén bebeneran, hiji ajén moral, jeung dua ajén kaagamaan. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén kaéndahan. 1 Ajén Bebeneran Ajén bebeneran dina data GT-13:1584, ngébréhkeun ayana hubungan antara kaayaan ékonomi jeung hubungan sosial di masarakat. Salah sahiji anu dijadikeun ukuranna nya éta korsi. Dina ieu carpon, korsi paranti sémah mangrupa barang anu kacida penting pikeun hiji kulawarga. 2 Ajén Moral jeung Ajén Kaagamaan Ajén moral nyampak dina data GT-13:1593, anu ngébréhkeun yén budak awéwé teu meunang diuk pagégéyé. Sacara moral, kolot ngarasa hariwang sieun aya kajadian-kajadian anu teu dipiharep tur matak wirang. Ieu hal patali jeung ajén agama anu ngalarang awéwé jeung lalaki anu lain muhrim diuk padeukeut. Lantaran kitu, kacaritakeun palaku Ema teu weléh nalingakeun anak-anakna. Ajén kaagamaa séjén aya dina data GT- 13:1611 anu ngébréhkeun Ema anu getol ngaji jeung maca sholawat bari diuk dina korsi hoé kameumeutna.

b. Ajén Budaya