No. Kode Data
Réferent Tipe
Interprétasi
1 2
3 4
5 handap.
“Hama naon ari manéh, bet los-
los ka kaum réformis…,” taar Ua mani kerung.
13. SKKS-07:639 Ngagoak
Réngkak paripolah
Ngagoak mangrupa indéksikal tina rasa nyeuri lantaran ceuli
Kuring anu dipurilitkeun ku Ua. Ieu katitén tina cutatan di
handap. ... Tarik pisan ayeuna mah.
Kuring ngagoak. Lambey Ua beuki ngawet.
c. Simbol
Simbol anu kapanggih dina ieu carpon ngan aya hiji simbol, nya éta simbol tina ayana jalma-jalma anu ngaruksak sistem nagara. Ieu bisa katitén
dina tabél di handap.
Tabél 4.147
Analisis Unsur Simbol SKKS-07
No. Kode Data
Réferent Interprétasi
1 2
3 4
1. SKKS-07:587
Hama nagara Hama nagara mangrupa simbol tina
kahirupan nu ngaruksak kana tatanan nagara. Ieu mangrupa gambaran tina
kaayaan di kampung kuring nu salah sahiji pajabatna korupsi. Ieu katitén
tina cutatan di handap. ... Mana kitu gé hama paré téh
ngaganti hama nu geus léngsér. Bédana, itu mah hama nagara, ari ieu
mah hama nu ngaruksak patani...
4.2.26.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-07 a. Ajén Sosial
Data jén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.148
Data Ajén Sosial SKKS-07
No. Kode Data
Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
1 3
4 5
9 7
8 9
1. SKKS-07:615 Ampun Gusti
2. SKKS-07:623
Alhamdulillah
Tina tabél di luhur, kapanggih ayana data sosial kaagamaan nu nyangkaruk dina ieu carita.
Ajén Kaagamaan
Ajén kaagamaan nyampak dina Ampun Gusti SKKS-07:615 jeung Alhamdulillah SKKS-07:623. Data SKKS-07:615 ngébréhkeun
kahanjakal lantaran Ua Istri ningali laukna paraéh, tapi teu bisa kumaha sabab sanajan saréatna lantaran aya bayawak, hakékatna mah lantaran
Alloh SWT.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya lima ajén budaya anu diwincik kana opat ajén anu béda-béda.
Tabél 4.149
Data Ajén Budaya SKKS-07
No. Kode Data
Data Ajén Budaya
Kat. T
É A Sn. K Sl.
1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 1. SKKS-07:572
Ngajuta
2. SKKS-07:581 Sarempak tanam
3. SKKS-07:601 Karunya
4. SKKS-07:615
Ampun Gusti
5. SKKS-07:623 Alhamdulillah
Dumasar tabél di luhur, kapanggih aya hiji téori, hiji ékonomi, dua
agama, hiji ajén kawasa, jeung hiji ajén solidaritas.
1 Ajén Téori
Data SKKS-07:581 ngébréhkeun ayana solusi pikeun nyingkahan hama anu mahabu, nya éta ku cara sarempak tanam, atawa melak parena
babarengan. Tapi, lantaran di lembur mah upama aya anu ngurus sawah téh silih bantuan gawé, upama melak jeung panénna babarengan, aya
kamungkinan kurang anu gawé mantuan lantaran pada-pada ngurus sawahna séwang-séwangan.
2 AjénAgama
Ajén agama nyampak dina Ampun Gusti SKKS-07:615 jeung Alhamdulillah SKKS-07:623. Data SKKS-07:615 ngébréhkeun
kahanjakal lantaran Ua Istri ningali laukna paraéh, tapi teu bisa kumaha sabab sanajan saréatna lantaran aya bayawak, hakékatna mah lantaran
Alloh SWT.
3 Ajén Solidaritas
Data SKKS-07:601 ngébréhkeun rasa mangkarunyakeun ka Ua anu nyieun balong gedé salila sabulan keur melak lélé dumbo, tapi teu
kapaké.
4.2.27 “Nu Mulang ti Panyabaan” SKKS-08 4.2.27.1 Struktur Carita SKKS-08
a. Téma
Tema carpon SKKS-08 nya éta réligi, ieu téma nyoko kana kakawasaan Pangéran kana nangtukeun nasib jeung takdir jalma, gambaran
kaagamaan jeung kapercayaan palaku kana agama jeung ajawan nu aya dina agama. Ieu téma kaagamaan katitén tina kagiatan anu lumangsung sarta dina
palaku nyanghareupan kahirupan dibarengan ku ajaran jeung kapercayaanana kana agama.
Tina téma ieu pangarang miharep sangkan dina nyanghareupan hirup jalma kudu sumerah ka Pangéran, sarta kudu sujud sukur narima ni’mat, nasib,
jeung takdir ti Pangéran sanajan henteu saluyu jeung pangharepan, ku sabab
naon anu dipikahayang can tangtu hadé keur manéhna. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun téma.
... Ngan munajat ka Gusti, muga-muga dipaparin milik leuwih ti kitu. Nya lumayan usaha téh dibarengan pareng jeung keyeng mah.
676 ... Harita kuring sujud bari ngagukguk ceurik ngucapkeun sukur ka
Pangéran. Horéng Panangan Anjeunna hakékatna mah nu nyandak lokét kuring téh, sangkan kuring leupas tina balai ... 671
b. Fakta Carita 1 Galur
a Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna ieu carpon kaasup kana galur campuran, nya éta carita anu ngagabungkeun antara galur maju jeung
galur mundur dina caritaanana. Dimimitian ku galur maju datangna Ahmad ti panyabaan, di tengah carita nya éta galur mundur anu
nyaritakeun pangalaman Ahmad di panyabaan, jeung ahir carita nya éta galur maju anu sadatangna Ahmad salamet, Ahmad jeugn kulawarga
ngalaksanakeun sukuran.
E Mangrupa mangsa Ahmad datang ka imah ti panyabaan. DI mangrupa mimitina konflik nya éta kareuwas boh Ahmad atawa
kulawargana nalika ninggali Ahmad balik padahal geus disangka maot ku kulawargana. A, B jeung C mangrupa mangsa ka tukang nalika Ahmad
kacopétan jeung digawé di panyabaan, sarta kasalahpahaman kulawarga Ahmad anu nganggep Ahmad geus maot lantaran idéntitas Ahmad aya
dina mayit anu ruksak. D2 mangrupa ahir carita yén sabenerna Ahmad can maot, salila sababaraha bulan ka tukang téh aya di panyabaan nya éta
usaha keur anak-pamajikan. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina carpon bisa katitén saperti
di handap.
E -------- D1 -------- A -------- B -------- C -------- D2
b Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon miboga leuwih ti hiji galur Sub-galur. Ieu hal dilantaranan galur caritana loba, anu
némbongkeun saurang palaku Ahmad anu balik ti panyabaan, tuluy nyaritakeun Ahmad basa dipanyabaan, ahirna nyaritakeun kahirupan
jaman kiwari.
c Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carpon miboga galur anu padet nya éta midangkeun carita sacara gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu dicaritakeun dina ieu carpon miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Ahmad anu
mulang ti panyabaan, nyaritakeun kajadian Ahmad di panyabaan, sarta hasil Ahmad tepungna danang jeung kulawargana.
d Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup galur peruntungan. Ieu galur patali jeung carita anu ngébréhkeun kaayaan nasib anu tumiba anu
karandapan ku palaku utama Ahmad. Naon anu jadi nasib anu karandapan ku Ahmad dina kahirupan, boh kasusah boh kasenang. Ahmad anu pareng
jeung keyeng ngahontal kahirupan anu bagja.
2 Palaku
Dina Carpon SKKS-08, aya dua belas urang palaku, nya éta Ahmad SKKS-08:653, Imas SKKS-08:641, Tukang béca SKKS-08:641, Mang
Amil SKKS-08:6512, Pulisi SKKS-08:662, Si Nyai SKKS-08:664, Kondéktur SKKS-08:666, Tukang copét SKKS-08:671, Mang Kuwu
SKKS-08:673, Si Ujang SKKS-08:684, Ema SKKS-08:685, jeung Bapa SKKS-08:686. Dalapan urang palaku méré pangrojong kana eusi galur
carita, sésana opat urang palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonkeun.
a Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ahmad, Imas, jeung Mang Kuwu mangrupa palaku utama. Anu sacara langsung ayana paguneman sacara
langsung ngébréhkeun prosés interaksi antara palaku. Dalapan palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi caritaan, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu ngarojong palaku utama nya éta, SKKS-08:6512, SKKS-08:6621, SKKS-
08:673 jeung SKKS-08:666. Para palaku anu ngan salaku panglengkep carita atawa pangrojong carita kalawan teu langsung nya éta SKKS-
08:662, SKKS-08:684, SKKS-08:685, SKKS-08:686, jeung SKKS- 08:641.
b Dumasar Penampilan
Ditilik tina Penampilan, hampir sakabéh palaku dina ieu carpon kaasup kana palaku protagonis, iwal tukang copét nu nyokot lokét Ahmad
basa dina mobil. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. ... Tiluan maot sapada harita, sababaraha urang tatu. Malah
cenah, nu maot téh aya nu ruksak pisan awakna, nepi ka hésé kanyahoan saha-sahana. Harita kuring sujud bari ngagukguk
ceurik ngucapkeun sukur ka Pangéran. Horéng Panangan Anjeunna hakékatna mah anu nyandak lokét kuring téh,
sangkan kuring leupas tina balai. 671
c Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon sakabéh palaku utama nya éta Ahmad, Imas, jeung Mang Kuwu miboga watek basajan,
euweuh palaku anu watekna kompléks. Sakabéh palaku utama watekna basajan jeung statis ti mimiti caritaan nepika ahirna caritaan.
d Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ahmad, Imas, jeung Mang Kuwu mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun sakabéh palaku tambahan
kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3 Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.150
Data Latar SKKS-08
No. Kode Data
Data Latar
Tpt. Wkt.
Sos.
1 2
7 4
5 6
1. SKKS-08:641
Tilu minggu
2. SKKS-08:642
Buruan imah
No. Kode Data
Data Latar
Tpt. Wkt.
Sos.
1 2
7 4
5 6
3. SKKS-08:642
Hareupeun panto
4. SKKS-08:641
Salat magrib
5. SKKS-08:6514
Kamar
6. SKKS-08:664
Saminggu
7. SKKS-08:665
Terminal
8. SKKS-08:664
Usaha
9. SKKS-08:677
Kamari
10. SKKS-08:684 Ladang késang
11. SKKS-08:687
Tengah peuting
a Tempat
Aya opat tempat dina SKKS-08, nya éta buruan imah SKKS- 08:642 anu mangrupa latar mimiti ahmad ti panyabaan, hareupeun panto
SKKS-08:642 anu mangrupa anjogna ahmad nepina di imah, kamar SKKS-08:6514 anu mangrupa rohangan di mana pamajikan Ahmad
nyokot bukti yén Ahmad geus maot, jeung Terminal SKKS-08:665 anu mangrupa tempat Ahmad naék tutumpakan keur ngahontal tempat nu
ditujuna nya éta imah.
b Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima latar, nya éta tilu minggu SKKS-08:641 anu mangrupa lilana waktu Ahmad dipanyabaan,
waktusalat magribSKKS-08:641 anu mangrupa waktu datangna Ahmad ka imahna, saminggu SKKS-08:664 anu mangrupa lilana waktu Ahmad
di Jakarta, kamari SKKS-08:677 anu mangrupa waktu kajadian anu geus kaliwat nalika Ahmad di panyabaan , jeung tengah peuting SKKS-
08:687 anu mangrupa datangna Ahmad di imah sarta waktu sukuran Ahmad di imahna.
c Sosial
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén yén aya dua latar sosial dina ieu carpon. éta dua latar sosial aya nu mangrupa kabiasaan hirup,
saperti usaha anu mangrupa kawajiban Ahmad salaku salaki dina nganapkahan pamajikan SKKS-08:664 jeung cara mikir saperti ladang
kesang hasil usaha Ahmad kudu dibikeun ka pamajikan SKKS-08:684.
4.2.27.2 Unsur Semiotik SKKS-08
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-08 ngawengku dua ikon, salapan indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon