Ajén Budaya Galur

2 Ajén Moral Ajén moral aya dina data SKKS-11:861 mangrupa amanat Ambu sangkan Akang ngajaga Nunun, data SKKS-11:915 jeung data SKKS- 11:916 mangrupa pangharepan jeung kahayang Akang tobat jeung dihampura sagala kasalahanana. 3 Ajén Agama Data agama aya opat, nya éta dina data SKKS-11:871, data SKKS-11:905, data SKKS-11:915 anu mangrupa haram jeung dosa ngeunaan hiji pagawéan, jeung data SKKS-11:916 anu patali jeung data moral nya éta kahayang Akang pikeun tobat tina kasalahanana.

b. Ajén Budaya

Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya opat belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda. Tabél 4.173 Data Ajén Budaya SKKS-11 No. Kode Data Data Ajén Budaya Kat. T É A Sn. K Sl. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1. SKKS-11:852 Moal aya hargaan  2. SKKS-11:862 Ngiriman  3. SKKS-11:871 Salah  4. SKKS-11:875 Ngajajanan, ngajak lalajo, jeung nganganteur  5. SKKS-11:878 Taktik playboy  6. SKKS-11:878 Playboy  7. SKKS-11:883 Nungguan  8. SKKS-11:892 Istigfar  9. SKKS-11:893 Maéhan   10. SKKS-11:894 Diculik   11. SKKS-11:905 Haram   12. SKKS-11:916 Gusti   13. SSKS-11:916 Tobat   1 Ajén Téori Dumasar tabél di luhur aya genep data téori, opat dta agama, jeung tilu data solidaritas. Data téori aya dina data SKKS-11:852 mangrupa jalma moal aya hargaan mun geus codék utamana awéwé. Data SKKS- 11:871 mangrupa téori antara salah jeung bener. Dua data SKKS-11:878 ngeunaan playboy jeung taktik playboy. Data SKKS-11:893 ngeunaan maéhan jalma, jeung data SKKS-11:894 ngeunaan Nunun anu diculik. 2 Ajén Agama Data agama dina tabél di luhur aya opat, nya éta dina data SKKS- 11:892, data SKKS-11:905 anu mangrupa katangtuan haram nurutkeun agama, data SKKS-11:916 percaya ayana Gusti, jeung data SSKS-11:916 kahayang Akang tobat. 3 Ajén Solidaritas Data anu kawengku kana data solidaritas dina tabél di luhur aya dina data SKKS-11:875, data SKKS-11:862, jeung data SKKS-11:883 anu mangrupa bukti kanyaah Akang ka Nunun salaku adi jeung kulawarga hiji-hijina anu nyésa.

4.3 Hasil Analisis

Dumasar kana pedaran analisis data dina buku kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga, anu ngawengku analisis struktur, semiotik, jeung sosiologi sastra aspék ajén sosial budaya, ieu di handap mangrupa data anu geus dianalisis.

4.3.1 Struktur Carita

Analisis struktur carita dina ieu panalungtikan ngawengku analisis téma, galur, palaku, jeung latar lumangsungna carita.

4.3.1.1 Téma

Hasil analisis téma tina 30 carpon karya Sastrawati Sunda Patrem bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.174 Data Hasil Analisis Téma No. Kode Carpon Téma Kat. Réligi Kamanusaan Patriotisme Kadaulatan Rakyat Kaadilan Sosial 1 2 3 4 5 6 7 8 1. GT-01  2. GT-02  3. GT-03  4. GT-04  5. GT-05  6. GT-06  7. GT-07  8. GT-08  9. GT-09  10. GT-10  11. GT-11  12. GT-12  13. GT-13  14. GT-14  15. GT-15  16. GT-16  17. GT-17  18. GT-18  19. GT-19  20. SKKS-01  21. SKKS-02  22. SKKS-03  23. SKKS-04  24. SKKS-05  25. SKKS-06  26. SKKS-07  27. SKKS-08  28. SKKS-09  29. SKKS-10  30. SKKS-11  Jumlah 3 18 1 8 Dumasar kana data dina tabél di luhur, bisa katitén yén téma kamanusaan jeung kaadilan sosial paling loba dipaké ku para sastrawati Sunda Patrem. Prosés kritik kana kajadian-kajadian kamanusaan jeung kahirupan sosial di tatar Sunda digambarkeun ngaliwatan konflik-konflik dina éta dua téma anu dominan. Sanajan kitu, téma séjén saperti téma réligi, jeung kadaulatan rakyat ogé nyampak dina carpon karya sastrawati Sunda Patrem. Dina carpon-carpon karya Sastrawati Sunda Patrem, tétéla euweuh carpon anu témana patriotisme.

4.3.1.2 Fakta Carita

Hasil analisis fakta carita 30 carpon karya Sastrawati Sunda Patrem, ngawengku galur, palaku jeung watek, jeung latar lumangsungna carita.

a. Galur

Galur carita anu dianalisis ditilik dumasar runtuyan waktuna, jumlah galurna, kepadatanna, jeung dumasar kana eusina. Éta bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.175 Data Hasil Analisis Galur No. Kode Carpon Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar Jumlah Dumasar Kepadatan Dumasar Eusi Mj. F-b. Cm. Tgl. S-glr. Pdt. Angg. Prntg. Pnkh. Pmkr. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 1. GT-01     2. GT-02     3. GT-03     4. GT-04     5. GT-05     6. GT-06     7. GT-07     8. GT-08     9. GT-09     10. GT-10     11. GT-11     12. GT-12     13. GT-13     No. Kode Carpon Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar Jumlah Dumasar Kepadatan Dumasar Eusi Mj. F-b. Cm. Tgl. S-glr. Pdt. Angg. Prntg. Pnkh. Pmkr. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 14. GT-14     15. GT-15     16. GT-16     17. GT-17     18. GT-18     19. GT-19     20. SKKS-01     21. SKKS-02     22. SKKS-03     23. SKKS-04     24. SKKS-05     25. SKKS-06     26. SKKS-07     27. SKKS-08     28. SKKS-09     29. SKKS-10     30. SKKS-11     Jumlah 11 8 11 23 7 28 2 14 12 4 Dumasar kana data dina tabél di luhur, Sastrawati Sunda Patrem loba ngagunakeun galur campuran jeung galur mérélé pikeun ngagambarkeun guluyurna carita anu variatif. Galur campuran anu kompléks bisa méré informasi ngeunaan eusi carita sangkan leuwih logis. Salian ti éta, lantaran panjangna carpon kawatesanan, dumasar kana jumlahna sastrawati Sunda Patrem leuwih loba maké galur tunggal dibandingkeun sub-galur. Patali jeung éta hal, galur caritana ogé leuwih padet. Dumasar kana eusina, galur peruntungan jeung galur penokohan paling mindeng dipaké keur némbongkeun ésénsi carita dibandingkeun jeung galur pemikiran anu ngajak nu maca neuleuman maksud-maksud anu nyamuni.

b. Palaku jeung Watek