Struktur Carita GT-09 a. Téma

4.2.9 “Gagak Ngelak di Majingklak” GT-09

4.2.9.1 Struktur Carita GT-09 a. Téma

Téma carpon GT-09 nya éta kaadilan sosial, ieu téma nyoko kana gambaran kaayaan pamayang di Majingklak anu sacara teu langsung dijajah ku juragan-juragan parahu anu baleunghar. Lian ti éta, konflik utamana mangrupa gambaran ayana monopoli lauk di laut Majingklak ku kapal asing, nepi ka pamayang teu beubeunangan, malah loba anu néangan pakasaban séjén ka kota. Ieu hal ngébréhkeun ayana kateuadilan sacara sosial jeung ékonomi. Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep nu beunghar kudu nyaah aka nu teu boga jeung kudu inget ka nu sangsara. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma kaadilan sosial. “… Kabéh pamayang sanasib jeung Akang, ukur kabagéan barau hayirna wungkul. Kasaksian ku saréréa, anu tambah gendut mah para juragan parahu…” 1177 … Laut pikeun manéhna mangrupa sagala rupana. Cintana tamplok ka laut. Nyawana aya di laut. Harepan jeung angen-angenna kabéh di laut … 1181 Béja pabéja-béja, tungtungna urang lembur kabéh nyaho yén di béhditueun palawangan aya kapal urang asing ngadangong. J aringna saban menit ditarik, mungguh ngagayot ku lauk… 1197 Tina sawatara cutatan di luhur, témbong pengkuhna prinsip pamayang anu micinta laut, teu sabanding jeung pangupa jiwa anu katarima ti para juragan parahu. Ditambah deui ku pasualan kapal asing anu ngaranjah Palawangan nepi ka pamayang majingklak teu kabagéan lauk. Salian ti téma kaadilan sosial, ieu carita ogé diwuwuh ku téma ngeunaan kamanusaan. Tapi, téma kamanusaanna leuwih jembar, lain saukur ngeunaan cinta lalaki ka awéwé atawa sabalikna. Rasa cinta antara Nyi Lasem jeung Ki Jaka ngan pikeun mapaés eusi carita, sabab aya rasa cinta séjén anu leuwih prinsipil nya éta cinta para pamayang ka laut. Ieu lain saukur ngeunaan pakasaban, tapi ogé ngaeunaan prinsip jeung idealism anu nyangkaruk dina batin-batin para pamayang di Majingklak. … Aya kénéh ogé sayagian cai dina gentong di pawon, kudu baé meuli deui. lain meuli butuh, meuli deudeuh ieu mah 1131 … Dunya pamayang anu tumali jeung lauk, laut, angin barat anu matak bangkrut, jeung Juragan parahu anu telenges taya rasrasan.. 323 … Tapi sorot panon jeung tingkah paripolahna cukup pikeun ngayakinkeun kasucian cintana ka mojang Kalipucang… 1141 Kacinta pamayang ka laut, ngaleuwihan kacintana ka bébéndé. Pangna kitu, lantaran pikeun pamayang mah laut mangrupa sagalana. Laut jeung pamayang geus teu bisa dipisahkeun.

b. Fakta Carita 2. Galur