Sinopsis Déskripsi Data

Béda jeung antologi saméméhna, pamedal ieu antologi nya éta Kiblat. Lantaran jumlah pangarang anu nulis dina ieu antologi saeutik, kandelna ogé ngan 97 kaca. Tapi, ukuranna leuwih gedé, nya éta 20,8 cm x 14,3 cm. Eusina aya sabelas carpon, nya éta “Aki Sasmita” karya Aam Amilia, “Surat keur ka Sawarga” karya Ami Raksanagara, “Dongéng Sakotrét” karya Dyah Padmini, “Mulang” karya Etti R.S., “Wasiat Pa Mantri” karya Holisoh M.E., “Handapeun langit Hideung” karya Naneng Daningsih, “Hama” karya Risnawati, “Nu Mulang ti Panyabaan” karya Sum Darsono, “Nu Datang Wanci Sareupna” karya Tetti Hodijah, “Bulan Mabra di Madinah” karya Tetty Suharti, jeung “Nunun” karya Yooke Tjuparmah S. Komarudin.

4.1.2 Sinopsis

Pikeun maluruh struktur, semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina 30 carpon karya sastrawati Sunda Patrem, ieu di handap diébréhkeun sinopsis tina sakabéh carpon. 1 “Emang jeung Alo” GT-01 Emang Ki Ahmad anu boga sikep poksang sarta lamun nyarita sok tara maké adab, boh ka sasama, boh ka sahandapeun. Lantaran kitu, emang Ki Ahmad dipikasieun di lemburna. Dipikasieun téh lain pédah sok sahaok kadua gaplok, tapi lantaran omonganna anu mindeng pikanyerieun. Hiji mangsa manéhna ngamuk lantaran rapot si Husén goréng, ngitungna ngan meunang peunteun tilu. Ceuk pamikirna, pamohalan peunteun budak bisa uclag-aclog kitu, da peunteun ngitung keur di kelas duana mah meunang dalapan. Pajarkeun téh guru jaman ayeuna anu teu barisaeun ngajar cenah. Manéhna ngabandingkeun guru jaman ayeuna jeung guru jaman manéhna sakola anu barutak lantaran pinter pisan. Éta pamadegan dilelempeng ku Ki Ahmad anu harita kabeneran keur aya di imah emangna. Ki Ahmad méré kamandang yén kapinteran budak téh tara angger, da aya hukum perkembangan. Tuluy, perkara guru jaman ayeuna anu dianggap bodo lantaran teu butak ku emang Ki Ahmad, Ki Ahmad kur mairan bari heureuy. Ki Ahmad anu geregeteun kana pamadegan emangna méré patalékan yén naha budakna maké disakolakeun lamun teu percaya ka guruna mah. Jawabna téh pajar tamba gandéng di imah, da ngajar maca jeung ngitung mah mangrupa pagawéan énténg. Prak manéhna metakeun cara ngitung ka si Husén. Si Husén dibéré soal sina ngitung 8 x 17, lamun bisa ngajawab cenah rék dipangmeulikeun karéta mesin balap. Tapi, batan bener ngajawab Husén kalah ceurik lantaran disentakan jeung dicarékan. Ningali peta emangna anu modél kitu, Ki Ahmad méré deui kamandang yén jadi guru téh teu énténg saperti anu aya dina pikiranna. Najan bari nyentak ka Ki Ahmad ogé, emang Ki Ahmad éléh déét rumasa manéhna lain guru jeung rumasa ogé yén pagawéan guru anu ngajar murid nu jumlahna puluhan téh henteu gampang. 2 “Nu Beunghar” GT-02 Ieu carita dimimitian palaku Kuring jeung salakina anu nyémah ka imahna Nini nini ti gigir. Ieu Nini digambarkeun kacida beungharna, tapi lantaran geus boseneun cicing di gedong sigrong jeung sagala dicukupkeun ku kaméwahan, manéhna nyaung-nyaung di luar kota. Ti mimiti gék diuk di éta imah, loba pisan hal-hal anu ditepikeun ku Nini ka ieu salaki pamajikan. Ti mimiti élmu ngeunaan étika dahar, cara diuk, nepi ka élmu ngeunaan perhiasan. Salila anu tiluan ieu ngawangkong, sok diselang heula ku si Nyai atawa indungna anu pareng mawa amparan atawa suguhkeuneun. Tina hasil wangkonganna, tétéla Nini boga maksud séjén salian ti geus bosen cicing di gedong téh. Manéhna leuwih milih cicing di imah panggung di pasisian lantaran sangkan leuwih loba ngaku baraya. Ceuk pikiran Nini, ari cicing di imah panggung mah baraya anu teu baroga téh mindeng datang keur silaturahmi. Béda jeung mangsa cicing di gedong, baraya-baraya anu teu baroga téh tara daraékeun unggah duméh sérab mantén ku imah. Jadi, sanajan cicing di imah panggung bari jauh ti kota, anu nyémah mah tara saat. Ti mimiti profésor, pajabat anu tinggeuleuyeung marawa mobil, nepika anu nikreuh leumpang bari nanggung sakur hasil tatanén. Nini ogé nyaritakeun yén geus nyieun sababraha pabrik di luar kota. Kuring jeung salakina kungsi boga sangkaan goréng yén Nini kacida sarakahna, sangkilang geus sakitu beungharna masih kénéh néangan pakaya. Tétéla Nini boga niat hayang méré pangupa jiwa ka dulur-dulur teu baroga anu perlu ditulungan ku jalma anu leuwih beunta, dina hal ieu Nini. Ahir carita teu dipungkas ku balikna Kuring jeung salaki ti imah Nini, tapi dipungkas ku kacindekan yén hiji jalma teu bisa disebut beunghar lamun saukur beunghar ku harta, tapi ogé kudu beunghar haté, daék nulung ka nu butuh jeung tatalang ka nu susah. 3 “Hatur Nuhun Ibu” GT-03 Ieu carpon nyaritakeun palaku “abdi”, wanoja kampung anu bubujang di kota. Saméméh panggih jeung “Ibu”, di dunungan saméméhna “abdi” teu weléh ngarandapan katunggara, lantaran mindeng narima katugenah tina ucap ogé paripolah dununganna anu galak, gedé ambek, jeung goréng budi. Lantaran kitu, “abdi” kabur tug nepi ka dipanggihkeun jeung “ibu” dununganna kiwari. Salila cicing di imah “Ibu”, “abdi” éstu ngarasa betah gawé betah hirup. Kituna téh duméh “Ibu” kacida bageur jeung tulaténna. “Ibu” kacida mikanyaah “abdi”, dianggap kulawarga sarta dibéré pangaweruh-pangaweruh anyar ngeunaan kaparigelan ogé ngeunaan sawangan-sawangan kana kahirupan. Tapi lantaran “abdi” kudu mulang ka lemburna, nyumponan paménta kolotna, “abdi” kudu pisah jeung kulawarga “Ibu”, ninggalkeun sakur kahadéan ogé kanyaahna. Taya ungkara anu bisa ngawakilan rasa “abdi” basa rék indit ninggalkeun imah “Ibu” iwal kalimah hatur nuhun, Ibu. 4 “Angin Sawah” GT-04 Dina mimiti carita kacaritakeun palaku Ilah anu getol ngepél jeung rapékan ngurus imah jeung mantuan kolot. Sarta ditétélakeun ogé parigelna Ilah ngolah dahareun, ti mimiti ngisikan ti cai, mirun seuneu, nyieun sambel oncom, ngagoréng asin, nyieun ulukutek leunca, jeung nyangu. Ilah téh wanoja kampung anak patani anu umurna geus sawawa keur jatukrami, tétéla masih ngarasa bingung. Manéhna bingung lantaran kudu milih antara Alan anu urang kota, kasép, jeung boga kalungguhan anu luhur di kantor BRI tempatna gawé, atawa Otang pamuda kampung anu pada-pada patani tapi getol gawé sarta satia nungguan Ilah ti baheula sanajan Ilahna ngolémbar. Kabigung Ilah mimiti aya kelemengna basa Acih, babaturanna ulin ka imah Ilah. Harita Ilah keur di dapur, masak keur nganteuran jeung Otang anu keur garawé di kebon. Acih méré sawatara pamadegan jeung kamandang ngeunaan goréngna kalakuan Alan, duméh manéhna kungsi nyaksian Alan jeung awéwé lian. Acih ogé ngingetan yén Otang geus nungguan Acih ti barang manéhna sakola SD kénéh. Sanajan Ilah ngarasa meunang kelemeng tina pasualanna, tapi haténa masih can panceg. Ilah ngarasa yén Alan jalma anu bageur jeung nyaah ka kolot, sanajan kungsi boga niat goréng ka manéhna. Harita Ilah keur sorangan di imah, alan ulin ka imah, manéhna ngolo Ilah sangkan daék nganteur kahayangna. Hadéna, harita bapana buru-buru balik nepi ka Ilah salamet, tapi ti harita Alan teu nepungan deui Ilah. Kacaturkeun di jalan, basa Ilah rék nganteuran téa ka kebon, manéhna panggih jeung Alan ngaboncéng mojang geulis. Boro-boro nanya, Alan ngan ngarérét saeutik bari tuluy ngabalieur. Harita Ilah ceurik, nyeri haté ngarasa diulinkeun ku Alan. Nepi di kebon, Ilah nepungan Otang anu masih kénéh ngoréd. Di dinya, Ilah panceg nagtukeun pilihan haténa ka Otang. 5 “Guriang Tujuh” GT-05 Nyaritakeun palaku Embu, nya éta hiji indung anu salawasna mikamelang jeung mikadeudeuh anak-anakna. Lantaran umurna beuki ngolotan, beuki loba pikiran minangka kahariwangna ka anakna anu tujuh. Manéhna kungsi mikir, upama manéhna maot, rék ka saha mihapékeun anak- anakna? Éta kahariwang manjang jeung jadi pikir anu jadi rasa sieun. Sieun anak cikal jeung minantuna teu nyaaheun ka adi-adia, sieun upama adi-adina ngalakukeun kasalah Si Cikal jeung pamajikanna teu daék ngahampura. Lantaran ayana kahariwang anu pohara, manéhna mutuskeun nyieun hiji surat dina buku harianna keur Karna, anakna nu cikal téa. Eusi suratna mangrupa carita rékaan, manéhna ngalalakonkeun mangsa-mangsa ngandung ku anakna anu tujuh. Tujuanna dijieun ieu carita rékaan nyé éta sangkan Karna bisa ngahampura sipat jeung kalakuan adi-adina upama hiji mangsa ngalakukeun kasalahan. Ti mimiti Karna anu dikandung keur dina mangsa teu micinta salakina, nepi ka manéhna jadi anak kameumeut. Satiawati anu teu kaopan duméh basa keur dikandung, manéhna loba dipungpang kahayang ku salakina. Damayanti antepan jeung resep ngaludah lantaran basa keur ngandung ku manéhna, Embu teu kaopan ngambeu minyak atawa sangu téh sok babalongkéngan waé. Susilawati anu réngkak paripolahna siga lalaki, lantaran basa keur dikandung, Embu hayang pisan boga budak lalaki. Mustikawati anu gering bronchitis lantaran basa keur dikandung, Embu sieun ku cai. Nuraini anu dipikanyaah salaku awéwé lantaran sieun boga sipat siga lalaki. Nepi ka Si Bungsu salaku anak pangleutikna. Tapi, lantaran loba teuing nulis ngeunaan tujuh anakna, Embu anu mémang keur gering kangker rahim, ngarasa lieur nepi kakapiuhan, teu kaburu neundeun buku harianna. Barang hudang, bukuna geus euweuh ngan aya keretas sacewir anu eusina ngeunaan kasanggpan Karna jeung Poppy ngaganti peran indung jeung bapana keur adi-adina. Embu reugreug, kahariwangna anu pohara dadaksakala leungit. Kabungah indung digambarkeun tina katarimana kanyaah anak jeung minantu. kanyaah indung ka tujuh anakna miboga amanat yén salaku lanceuk kudu nyaah ka adi, jeung salaku anak wajib tuhu jeung mikanyaah kolot. 6 “Harga Hiji Surat” GT-06 Ratna jeung Ilham nya éta salaki pamajikan anu keur dibéré cocoba. Ilham jadi pangangguran lantaran pausahaan tempat manéhna digawé bangkrut. Kurang teuwih dua bulan manéhna ngaligeuh teu boga gawé. Pangubutuh di imah geus teu bisa deui dicumponan ku hutang injeum ka tatangga. Kabutuhan utama nya éta dahar. Kungsi sapoé jeput Ratna teu saeutik-eutik acan kararaban sangu lantaran teu boga béas, katambah maranéhna boga budak tilu anu keur meujeuhna rarewog dahar. Kungsi Ilham nitah Ratna sangkan ngagadékeun baju-bajuna anu aralus ka pagadé kuriling. Tapi Ratna boga pamadegan yén daripada manéhna kudu rudin dangdangan, leuwih hadé nahan peurih beuteung, manéhna embung milu prihatin. Teu lila Ratna meunang gawé di hiji pausahaan gedé, jadi sekretaris diréktur. Ratna beuki jarang aya di imah, anakna anu tilu dibawa ku indung jeung bapana Ratna bari ulaheun disambat deui. Sanajan Ilham ngarasa jadi teu boga harga diri, tapi manéhna teu bisa kumaha. Ratna beuki sibuk di kantor, beuki loba tugas ka luar kota. Upama ti kantor teu balik peuting, manéhna balik wanci subuh. Hiji poé, Ilham kadatangan sémah awéwé anu ngaku pamajikan dunungan Ratna. Éta awéwé némbongkeun bukti-bukti salingkuhna Ratna jeung Diréktur Pausahaanana, salaki éta awéwé téa. Ilham ngarasa dihina ku pamajikan. Basa peutingna Ratna ditanya ku Ilham, manéhna ngaku yén geus salingkuh jeung dununganna. Éta dununganna téh tétéla kabogoh Ratna basa keur kuliah, anu harita digat duriatna ku Ilham sabab Ilham ngarasa kawasa duméh keur aya dina kasuksésan, nepi ka kolotna Ratna nyatujuan Ilham ngawin Ratna. Ti harita Ratna teu balik ka imahna, tapi ka imah indungna. Hiji peuting, Ratna balik ka imah nepungan Ilham. Manéhna ménta sangkan ditalak ku Ilham kalawan jangji upama manéhna ditalak ku Ilham rék méré duit sajuta rupia. Lantaran Ilham ngarasa dihina, antukna duanana paséa nepi ka Ilham ngamuk. Ilham kalepasan malédogkeun botol peupeus kana beungeut Ratna. Sanggeus kitu, awak Ratna dihanca ku seuseukeut kaca nepi ka kapiuhan. Lantaran reuwas jeung sieun, Ilham maéhan manéh ku sesemplékan kaca anu ditancebkeun kana palebah jantungna. Sedengkeun nyawa Ratna bisa salamet, tatu-tatu dina awak jeung beungeutna teu ngalantarankeun manéhna ngaleupaskeun nyawa. Tapi céda dina beungeutna bakal jadi tapak talajakna Ratna dina kahirupan. 7 “Kanyaah” GT-07 Popon keur baluweng mikiran hayang imah kontrakan anu murah tapi can meunang. Manéhna ngarasa teu genah haté upama cicing waé di imah bibina. Sanajan manéhna ti leuleutik digedékeun jeung diurus ku emang jeung bibina, tapi ari geus laki rabi jeung Mumu mah, karasana béda jeung kararagok. Manéhna kungsi boga niat ngahiji jeung mitohana di Banjaran, tapi sanggeus dipikir-pikir loba rugi batan untungna. Salian ti hayang mandiri imah-imah sorangan, Popon ogé hayang ngawarah anak-anakna bibi anu kedul, sabab sagala pagawéan imah dipasrahkeun ka manéhna kabéh. Éta hal lantaran bibina ngogo pisan anak- anakna nepi ka tara daék barang gawé. Beuki lila, pagawéan di imah beuki loba, Popon ogé sok mindeng nyareri awak. Tapi sangeus dileukeunan mah, anak-anak bibi daraékeun nyeuseuh bajuna séwang-séwang, sahenteuna pagawéan Popon rada énténg. Tapi aya pasualan séjén, kabéhdieunakeun Popon mindeng kaleungitan duit. Basa Popon nanyakeun ka Iwa, manéhna teu ngaku nyokot duit sanajan Popon apal lantaran geus sababaraha kali kanyahoan. Tina éta pasualan, kaayan di imah mingkin tegang, nepi ka Mumu ngampleng di banjaran. Lantaran hariwang, Popon néang Mumu ka Banjaran. Di banjaran, Popon diajak ku mitohana sangkan daék cicing di dinya maturan manéhna sabab mitohana geus apaleun naon anu karandapan ku Popon di Bandung. Balik ti Banjaran, manéhna nyieun kaputusan yén rék cicing di imah mitohana. basa éta maksud ditepikeun, bibina teu ngomong nanaon. Iwa, anu polos ngomong ka indungna yén enya manéhna anu nyokot duit ti kamat Popon téh. Bibina ménta dihampura bari ceurik, tapi teu ieuh ngendagkeun niatna. Manéhna indit ka Banjaran, nyorang hirup bagja jeung salaki ogé mitohana. 8 “Kiplik-kiplik” GT-08 Nina keur gering panas basa manéhna teu bisa saré sabab ngarasa sepréna anu paas. Nina ditungguan ku bapana geus aya tilu peuting. Nina ngarasa hanaang tapi teu bisa nyarita. Salila ngararasakeun kahanaang jeung kategenah awakna, Nina ngalamun ka mangsa-mangsa baheula. Mangsa bapana ejueng indungna masih ngahiji, mangsa lanceuk-lanceukna masih kénéh bisa ulin suka bungah. Lamunan Nina, sok balik deui kana kaayaan manéhna keur gering. Tapi panineunganna balik deui ka mangsa Mamah, indungna masih kénéh aya deukeut manéhna jeung mikanyaah sakabéh kulawarga. nina inget, waktu bapana nampiling indungna nepi ka paséa rongkah. Ahirna, Nina jeung lanceuk-lanceukna dibawa ka imah gedong, imah mamih, indung téréna ayeuna. Di éta imah, Nina jeung lanceuk-lanceukna éstu dilimpudan kasieun, teu meunang katengtreman, teu meunang kanyaah ti indung. Kanyaah bapana ogé karasa jadi barobah. Sipat indungna Nina jeung sipat indung téréna éstu jauh pisan. Indungna anu “lembut” jeung mikanyaah béda jeung indung téréna anu “kasar” jeung apilain. Beuki peuting, awak Nina beuki panas. Basa Nina maksakeun ngomong sarta nanyakeun Mamah ka bapana, bapana kalah ceurik tuluy nyuuh kana sisi dipan. Ku Nina buukna diusapan. Ceuk pikirna, bapana ogé sarua hayangeun panggih jeung Mamah. Awak Nina anu asalna nyongkab panas, ayeuna jadi malik tiis. Nina ngarasa awakna kacida hampang malah nepi ka bisa ngapung tur jangjangan bakat ku ngarasa hampang. Nina ngapung jauh pisan, ninggalkeun bapana jeung lanceuk-lanceukana. Nina moal balik deui. 9 “Gagak Ngelak di Majingklak” GT-09 Nyi Lasem, mojang asal Kalipucang anu sok dagang cai mangrupa anak pamayang. Manéhna boga beubeureuh, Ki Jaka. urang Karanganyar anu bubuara jeung Ki Arsim akin di Majingklak. Ki Jaka anu kacida micinta laut, boga prinsip anu pengkuh salaku pamayang anu hirupna patali jeung lauk, laut, angin barat nu matak bangkrut, jeung Juragan parahu nu telenges. Kacaturkeun geus aya tilu bulan pamayang di Majingklak teu beubeunangan lantaran laut ngadadak miskin ku lauk. Pangna kitu, lantaran di deukeut Palawangan aya kapal asing anu jaringna unggal menit ditarik nepi ka teu ngagéhan lauk keur pamayang-pamayang di Majingklak. Loba pamayang anu arindit ti lembur naréangan pagawéan di kota. Tapi Ki Jaka embung ingkah ti lemburna, manéhna tetep percaya yén masih kénéh aya lauk anu bisa nyangsang dina jaringna. Lantaran panasaran, peuting harita manéhna turun ka laut sorangan. Tapi nepi ka isukna, Ki Jaka teu balik-balik. Barang aya anu nyusulan, kur manggih parahu Ki Jaka anu kosong. Ceuk nu néanganna, Ki Jaka geus taya dikieuna, kasapu lambak anu motah sapeupeuting. Nyi Lasem anu kanyenyerian ditinggalkeun ku Ki Jaka, balik ka Kalipucang. Kiwari tinggal Ki Arsim anu ngarasa keueung lantaran manéhna bener-bener nunggelis teu sanak teu kadang. 10 “Deudeuh teuing” GT-10 Nunung keur bingung néangan lanceuk awéwéna. Ceu Atin teuing dimana, ceuk béja indit luntang-lantung lantaran gering pikir nepi ka gélo. Anu jadi cukang lantaranna nya éta Atin teu sanggup mapalér haténa basa salakina kawin deui, bari jeung hartana béak dipaké judi. Pamustunganana, pabrik anu ngaréndéng jeung imahna béak kaduruk. Ti saprak harita, Atin lila teu éling-éling, barang éling walahwah-weuleuhweuh nepi ka leungitna ti imah. Pangna Atin teu siap narima kanyataan, lantaran Atin kapiduit teuing. Basa mimiti kawin ka salakina, manéhna niatna lantaran duit jeung harta dunya. Salaki Atin kacaritakeun jalma beunghar, tapi goréng lampah. Ngaranna Dédén, jelema bangor jeung lacur leuwih ti misti. Lantaran Atin ngancam rék ngagantung manéh lamun dihulag, kapaksa diijinan. Tapi, sanggeus kaalaman ku sorangan, yén lampah salakina siga kitu, Atin teu narima. Nunung jeung salakina geus béak déngkak, sakuliah Bandung geus dikulibek néangan Atin, tapi teu hasil. Nepi ka Nunung jeung salakina balik deui ka Ciamis, Atin teu kapanggih. 11 “Indung” GT-11 Kuring keur ngabandungan Maman jeung Budi ker sasapu di buruan. Ditungguan ku Ema dina korsi di téras imah bari nyieun strimin. Kuring ngarasa kagugu ku polah adi-adina anu getol mantuan indungna. Kuring rumasa kedul jeung teu boga kaparigelan sanajan disakolakeun nepi ka paguron luhur. Ngabandunganadi-adina sasapu, kuring ningali cara méré atikan jeung motivasi pikeun mandiri ti Ema ka adi-adina. Basa adi-adina ngarasa seunggah lantaran runtah kalakay meunang maranéhna nyapukeun balatak deui ku angin, indungna ngahariring nitah angina reureuh heula, mangmeunangkeun Maman jeung Budi. Salian ti éta, sangkan adi-adina leuwih sumanget, Ema nunda duit saratus rupia di handapeun tangkal cengkéh, nepi ka adi-adina ngarasa bungah duméh ceuk pamikirna manggih duit. Adi-adina ogé leuwih sumanget sasapu. Kuring masih nyérangkeun ti kamarna basa Ema ngarérét ka lebah manéhna. 12 “Nyiram” GT-12 Anih anu keur nyiram digawé di imah Néng Marti, anu sarua keur nyiram. Néng Marti anu teu weléh diogo ku salakina, sagala kahayangna teu weléh ditedunan matak pikabitaeun Anih. Naon waé anu dipikahayang ku Néng Marti, manéhna gé pasti hayangeun tuluy ngurihit ka salakina. Ti mimiti pais suung, anggur, korsi, bupét, risbang, toilet, kiték, pamulas pipi, jeung lipstik kabéh hayang. Hiji poé, basa salakina balik, Anih kasampak keur ngaheruk, teu bisa ditanya. Salakina hariwangeun bisi aya kahayang deui, kabita ku nu dipikahayang ku Néng Marti. Tapi Anih teu némbalan. Kakara kedal, basa salakina rék nyanggupan naon waé anu kadada kaduga saperti nu karandapan ku Néng Marti. Batan leler, Anih kalah ceurik, tapi tuluy nyarita yén salaki Néng Marti rék kawin deui. 13 “Korsi Hoé” GT-13 Ieu carpon nyaritakeun lalakon korsi hoé anu dibeuli ku E ma taun ’56. Kuring, anakna Ema anu pundah-pindah waé imah kontrakan, teu weléh mamawa éta korsi. Korsi hoé dibeuli ku indungna meunang ngumpulkeun lila pisan. Barang geus kabeuli, Ema getén pisan ngelapan éta korsi. Éta korsi jadi saksi mangkak rumajana anak-anak Ema, sabab lamun aya bébéndé atawa beubeureuhna anak-anak Ema, dariukna dina éta korsi. Malah, basa Ema geus gering lantaran kakolotan, éta korsi dijadikeun tempatna dzikir ka Alloh. Tapi nepi ka maotna, kahayang Ema pikeun boga imah sorangan tue kungsi laksana, salawasna imah téh bati ngontrak waé pundah-pindah. Lantaran pangraksa Ema, éta korsi bisa awét nepi ka turun ka kuring. Sanajan ku babaturan kuring éta korsi geus dilédék, tapi lantaran lalakonna anu panjang kuring can daék ngaganti éta korsi. Sanajan aya kereteg, upama boga milik, rék meuli korsi modél panganyarna, tapi korsi hoé titinggal Ema mah moal dileupaskeun. 14 “Milangkala” GT-14 Nyaritakeun palaku Ibu anu ngurus tilu anak téré. Sanajan geus papisah jeung Agus bapana, tapi anak-anakna leuwih milih cicing jeung manéhna tibatan milu ka bapana. Basa hiji waktu Ibu keur nyieun tulisan, manéhna butuh klise tangkal ganja keur bahan tulisanna. Sanggeus ditéangan, klise teu kapanggih. Manéhna néangan Aji jeung Santi, budak téré anu dipikanyahna. Sanajan geus dibantuan ku Éni adina, Aji jeung Santi teu kapanggih kénéh. Antukna Éni anu indit ka imah Lily téh, niatna rék nginjeun klise tangkal ganja. Basa Éni bébéja yén teu panggih jeung Aji ogé Santi, manéhna boga panyangka yén barudak téh geus teu baretaheun deui cicing jeung manéhna nepi ka luas kabur ninggalkeun imah. Manéhna ceurik, lantaran geus salapan taun cicing jeung barudak téh. Upamana rék indit, naha teu bébéja? Barang barudak baralik, katingali pisan siga nu carapéeun. Barang geus diomongan, tétéla arinditna Aji jeung Santi téh lain lantaran ngarasa teu betah cicing jeung manéhna, tapi mareuli kado meuli kado keur milangkala manéhna. Manéhna bagja lain dikira dipikanyaah ku barudak téh. 15 “Gurat-gurat Dampal Leungeun” GT-15 Ine, bibina Ati anu masih can tepung jeung jodona. Padahal umurna geus kolot, karir suksés salaku psikolog anu mindeng pisan indit ka luar nagri keur panalungtikan, jeung digambarkeun salaku wanoja pinter. Hiji waktu Ati ngajak Ine sangkan daék diramal ku Emod, tukang norah anu dijurukeun di India nepi ka dilandih Si India. Ceuk ramalan Emod, barang ningali gurat-gurat dina dampal leungeunna, cenah jodo Ine téh poék. Ine ngarasa sedih jeung nganaha-naha kana nasibna. Sup ka kamar ngerem manéhn. Tétéla, Ine lain kakara harita diramal ku ukang norah téh. Saméméhna kungsi diramal di Pakistan, pajarkeun manéhna moal boga jodo bangsa sorangan, tapi ka urang Pakistan atawa Arab. Saurang palmist di Paris ogé kungsi nyebutkeun yén dina diri Ine aya hahalang nepi ka jodo hésé datang. Kolotna Ine geus satékah polah ngubaran ka dukun-dukun kampung, tapi euweuh hasilna. Ine anu masih kénéh ngerem di kamar, ningali buku Palmistry meunang meuli di Paris. Ceuk pikirna, tangtu kabéh hasil tukang norah bakal sarua upama norahna tina gurat dampal leungeun mah, sabab sumberna ngan hiji. Ine sumerah ka Pangéran lantaran manéhna yakin kana jangji Gusti anu bakal méré kabagjaan. 16 “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” GT-16 Nyaritakeun Asti anu keur ngalamun, manéhna masih kénéh hayang sosorangan, sanajan manéhna ngarasa yén hiji waktu manéhna kudu daék narima lalaki dina kahirupanna. Lamunana kagareuwahkeun ku Idah, adina. Idah téh geus papacangan jeung Yayat kalawan sérius, rék aya rencana kawin dina waktu deukeut. Asti ngarasa bungah idah rék kawin téh, tapi indungna mah kacida sedihna. Indungna miharep anu kawin tiheula téh Asti salaku anak anu panggedéna. Tapi, Asti sorangan can hayang kawin, sanajan ari rasa cinta mah kungsi ngalaman, jeung kiwari gé keur sono ka Dinan, lalaki anu kungsi deukeut jeung manéhna. Semet deukeut, teu kungsi aya hubungan nanaon. Dinan anu harita keur ngajauhan Amalia lantaran kolotna Amalia teu doaeun, ngadeukeutan Asti. Tapi, lantaran Asti kaasup awéwé anu tara némbongkeun kasono jeung kabungahna upama keur deukeut jeung Dinan, Dinan mundur nepi ka pleng tilu taun teu manggihan deui. Basa sawatara lalaki ngadeukeutan Asti, manéhna angger teu hayang micinta sasaha. Asti hayang nyorangan, najan embung sorangan salilana. Asti jangji hiji waktu manéhna kudu bisa mopohokeun Dinan keur kabagjaan manéhna, indungna, jeung Idah. 17 “Ngobor” GT-17 Sanggeus sapopoé hujan ngecrek, peutingna Idon disampeur ku Tohir, diajakan ngobor. Idon jeung Tohir tuluy indit muru imah Oyon, di dinya bbaaturanna sasama pamuda keur ngarumpul. Nepi di imah Oyon, tétéla aya Karno, Iing, jeung Atang. Sanggeus sagalana siap, nu limaan muru ka sawah, mapay-mapay galengan. Tapi, lantaran harita keur caang bulan, nu limaan teu meunag belut hiji-hiji acan. Sabab pada-pada embung balik upama can beubeunangan, Oyon méré usul. Sanggeus kabéh sapuk, bring saréréa ngajugjug balong nu bapana Oyon. Sanggeus meunang lauk emas anu garedé, tuluy diasakan di imah Oyon. Kabéh dalahar sangu liwet jeung lauk emas. Subuh-subuh, bapana Oyon ribut yén cenah lauk pesenan Bapa Wadana aya nu maok. 18 “Mama Haji” GT-18 Nyaritakeun Sukri, jalma bengal, bedegong jeung wanian. Upama aya anu ngalakukeun kasalahan, tara aya ampun. Bageurna téh iwal ka kulawargana waé, saperti ka incuna. Saperti basa harita kungsi aya meri anu ngarencah pabinihanna, teu loba mikir, éta meri ditalian kana awi tuluy ditanceb-tancebkeun dina sawah anu ledok. tapi, lantaran éta meri téh anu incuna, kapaksa dilaanan deui, cacak lamun nu batur mah tangtu bakal diantep tinggulantung nepi ka paéh. Hiji waktu, mangsa keur usum loba gorombolan ngaranjah lembur, Sukri ditéangan ku gorombolan. Basa gorombolan datang ka imah Sukri, sakilat manéhna asup kana liang deukeut hawu anu brasna ka balong gigireun imahna. Tapi teu kungsi lila bedil didérédédkeun ka sakuriling balong. Sukri anu keur nyempod di para masjid tétéla salamet. Kitu deui anak jeung pamajikanna. Sapoé sanggeus éta kajadian, Sukri pindah ka kota nyéwa imah anu bari teu kungsi lila geus boga gedong. Sawatara taun ti harita, Sukri jeung pamajikanna ka Mekah. Balik ti Mekah, ngaranna ganti jadi Haji Sukur, pamajikanna jadi Hajah Zenab. Sukri anu jadi haji Sukur jadi jelema bageur tur akuan ka sasaha. lantaran pada mikolot, urang lembur nyebutna Mama Haji. Poé ieu, Mama Haji maot. Sasaha ngarasa kaleungitan, sabab moal aya deui anu unggal subuh ngurilingan lembur ngahudangkeun anu talibra ku cara ngetruk-ngetrukkeun iteukna kana jajalaneun. 19 “Tatangga” GT-19 Carpon GT-19 nyaritakeun palaku Éma salaku kuring, ibu rumah tangga anu sapopoé ngurus imah, ngarasa hayang nganjang ka imah Bu Érni, tanggana anu geus ampir sataun imahna pahareup-hareup jeung manéhna. Salila éta, Kuring can kungsi nganjang, lantaran aya kasieun teu ditarima ku Bu Érni upama rék micongah. Kuring ngarasa jadi awéwé kampung anu teu wanoh jeung dunya atikan ogé dunya pagawé siga Bu Érni. Kuring kabita saperti Bu Érni anu katingalina siga bungah waé. Komo upama aya babaturanna, teu weléh sempal guyon. Kuring nganaha-naha, manéhna unggal poé ngan ukur masak jeung beberesih di imah, teu boga babaturan anu bisa diajak suka bungah saperti kitu. Hiji waktu, kalawan dijurung ku salakina, kuring ngawani-wanikeun nganjang ka imahna Bu Érni bari ngirim urab bayem. Jauh tina panyangka, Bu Érni daréhdéh, bari tuluy ngawangkongkeun kagoréngan babaturanna anu tadi katingalina siga anu alakur. Sanggeus balik ti imahna Bu Érni, kuring nyindekkeun yén sipat jeung paripolah hiji jalma teu saukur katingali tina gelar atawa kaayaan luarna wungkul, tapi tina kapribadianana. 20 “Aki Sasmita” SKKS-01 Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan palaku nu ngaranna Aki Sasmita, manéhna mikiran nasib masarakat di lembur anu keur merjoangkeun tanahna. Mimiti kajadianna tina tanah rahayat nu di taksir ku insinyur ti kota pikeun dijadikeun lapangan golf. Tujuan lapangan golf dijieun téh pikeun para gegeden jeung wakil rahayat sangkan bisa refreshing. Loba rahayat nu teu panuju tanahna kudu dijual, sabab teu saimbang jeung beubeunangan biasana lamun tanah dijadikeun lahan tatanén. Harga tanah nu di jual murah pisan. Tapimasarakat pilemburan teu bisa kukumaha sabab éta hal mangrupa paréntah ti nagara sangkan tanahna bisa dibeuli. Dina seuhseuhanna, tanah nu dibeuli téh teu dilunasan langsung, tapi dibayar panjerna hungkul sapertiluna. Sapuluh taun ti saprak lapangan golf dijieun, hak masarakat lembur can katedunan. Harga tanah nu sésana can dibayar teu dilunasan waé. Kaasup tanah na Aki Sasmita. Masarakat mindeng ngayakeun démonstrasi pikeun merjoangkeun hakna, tapi wakil rahayat euweuh nu maliré. Nepi hiji mangsa masarakat geus teu bisa nahan sabar kana jangji- jangji wakil rahayat nu can waé ditedunan. Masarakat ngayakeun démonstrasi deui tur poé harita bakal dipatotoskeun kumaha hasilna. Basa sawala antara wakil rahayat jeung masarakat pilemburan geus dipatotoskeun, masarakat loba nu kuciwa, sabab hasilna ngarugikeun masarakat. Éta hasil sawala nétélakeun yén sésa harga tanah bakal dilunasan upama tanah masarakat téh aya sértipikatna. Éta sértipikat téh jadi bukti yén tanah téh geus dijual. Sedengkeun kabiasaan dipilemburan, nalika meuli tanah tara dibarengan ku sértipikat, cukup ku kuitansi jeung tanahna diwatesan ku tatangkalan. Di antara réana masarakat, ngan tilu urang tanahna nu miboga sértipikat, harita kénéh langsung dilunasan, sedengkeun nu lainna bati colohok. 21 “Surat Keur Ka Sawarga” SKKS-02 Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan tokoh “abdi” nu nulis surat keur “abah” nu mangrupa mitohana nu geus tilar dunya. Dina eusi suratna nyaritakeun pangalaman-pangalamana basa keur ngora ti mimiti rumah tangga jeung “budakna abah” nepika “abah” maot. Ieu carpon ogé nyaritakeun kahadéan abah jeung kulawargana nu mangrupa urang lembur nu hirup saaya-ayana di lembur, hirup basajan, soméah, jeung handap asor ka jalma anyar dina kulawarga. Sedengkeun palaku abdi nya éta urang kota nu bageur, nu mikaresep kana kaayaan di pilemburan Carita dipungkas ku ngébréhkeun kaayaan “abdi” nu hirupna jeung kulawarga kalawan mandiri. Kahirupanna kiwari mangrupa balukar tina papatah ti “abah” nu salila hirupna bagja tur ngalakonan hirup ku kecap asal cekap. 22 “Dongéng Sakotrét” SKKS-03 Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan lamunan hiji palaku nu katelah “manéhna”. “Manéhna” nu keur aya di kamar hotél di Slany, Cekoslowakia ngimpleng jajaka nu dipikacintana, nya éta Walangsungsang. Tuluy harita “manéhna” ngalalamun ngalanglang ka bumi Nusantara, nepungan Walasungsang di tutugan Gunung Gedé. Sanggeus paamprok, Walangsungsang jeung manéhna teu wasa meuraykeun kasono nu geus puluhan windu. Duanana silih pataréma, bangun sieun pukah deui. Salila nu duaan sosonoan, “manehna” ngimpleng mangsa katukang. Harita Walangsungsang ragrag supata, sabab “manéhna” nu dipikacinta ku Walangsungsang geus diistrénan jeung nu jadi lanceuk Walangsungsang, nya éta Raja Pakuan. Ti harita, Walangsungsang jeung “manéhna” susulumputan upama rék panggih. Basa supatana ragrag, harita alam Mandalawangi ngariyeg. Raja Pakuan nu nyahoeun yén Walangsungsang geus ragrag supata tuluy nepungan Walangsungsang nu keur sosonoan jeung “manéhna”. Raja Pakuan ngélingan ka Walangsungsang kana polahna nu geus dilakonan, tapi Walangsungsang kalah beuki ngudarkeun jangjina, alam milu nyaksian kana jangjina. Bumi beuki ririyegan, nu ahirna ngahudangkeun lamunan anu keur naghuleng sajongjonan handapeun jandéla hotél kamar Atlas di Slany. 23 “Mulang” SKKS-04 Carpon “Mulang” nyaritakeun hiji jalma nu keur diriung ku kulawarga, tatangga, jeung kolégana alatan manéhna rék balik ka kalanggengan. Dina ieu carita nu jadi puseur caritaanana kahirupan kuring. Kuring dina ieu carita nya éta nu diriung téa. Kuring téh kaasup jalma jegud, naon nu dipikahayang bisa laksana. Kahirupan kuring nalika masih jeung maranéhanana narémbongan deui. Kacipta, basa indung kuring nitah solat, nalika kuring méré susuguh ka pajabat, nalika jalma nu boga taneuh dibéré duit, sarta nalika beungeut- beunget nu rancunit nyanghareup. Kabéh katempo deui. Kuring nu geus jauh ka Pangéran, jadi poho kana sagalana. Tapi kiwari kuring sadar deui, kuring ngadéngé deui naon nu aya di sabudeureun. Anapon kitu, kiwari mah kuring geus teu bisa naon-naon deui. Nu bisa téh ngan nungguan nu rék mapagkeun bada lohor. 24 “Wasiat Ti Pa Mantri” SKKS-05 Nyaritakeun Pa Mantri, kapala sakola anu rék pangsiun. Manéhna geus ngarasa capé jadi mantri di sakola, tungtungna manéhna ménta pangsiun sanajan can waktuna. Sabada éska pangsiun turun, manéhna ngarasa hanjelu. Di rohangan Kapala Dinas, babaturanana silih ngawilujengkeun. Di dinya ogé aya omongan ngeunaan Pa Teguh nu hayang ngangkat anak buahna kalawan nyogok. Pa Mantri tuluy ka sakola, rék amitan ka guru-guru jeung mapagahan hal-hal séjén keur kalumangsungan pangajaran di sakola. Di rohangan kantor, manéhna ngomat-ngomatan yén upama manéhna geus teu di sakola éta deui, disiplin waktu jeung administrasi masih kénéh kudu dituluykeun. Manéhna ogé mihapékeun Mang Dana, panjaga sakola sangkan diperhatikeun, sabab gajihna leutik pisan. Sanggeus pada ngawilujengkeun ku guru-guru, manéhna amitan, bari nepikeun paniatanna minggu hareup rék ka sakola deui, rék sosonoan heula jeung barudak. 25 “Handapeun Langit Hideung” SKKS-06 Carpon “Handapeun Langit Hideung” nyaritakeun ngeunaan kapercayaan masarakat kampung ka hiji jalma nu sok muja. Harita, warga kampung keur ngumpul di imah Ijah, nyaritakeun Si Ujang nu keur ulin jeung Cép Entu, anakna Gan Wiria. Ti dinya obrolanna beuki manjang, nyaritakeun Gan Wiria cenah sok numbalkeun budak sangkan beunghar. Harita téh hujan gedé ngagebrét, padahal saméméhna panas mani nyonghab. Si Ujang anu geus papanasan kalah tuluy huhujanan, nyampeurkeun indungna nu keur ngalobrol. Peutingna, awak si Ujang panas. Nyi Anah, indung Si Ujang, nyangka Si Ujang rék disébakeun ku Gan Wiria. Nyi Anah néang dukun, Si Ujang dimandian tengah peuting. Sabada diubaran téh Si Ujang teu cageur, isukna Si Ujang geus euweuh di kieuna. 26 “Hama” SKKS-07 Ua Istri mangrupa salah sahiji jalma pangjegudna di kampung kuring. Anjeunna boga sawah nu kacida lobana. Tapi éta sawah téh geus tilu usum kakeunaan ku hama waé. Sabenerna henteu ngan Ua Istri hungkul anu ngalaman ieu kajadian téh, méh sakabéh warga ngalaman. Ua Istri ngarasa handeueul kana kalakuan beurit nu salila ieu jadi hama paré, nya atuh anjeunna téh ngajadikeun sabagéan sawahna nu tilu ratus bata jadi balong. Éta balong tuluy dipelakan lauk emas jeung lélé dumbo. Kaputusan Ua ngajadikeun sawahna jadi balong téh angger waé katarajang ku hama. Ayeuna mah hamana téh bayawak. Nya atuh lantaran keuheul, balong nu salima-lima téh dibedahkeun. 27 “Nu Mulang Ti Panyabaan” SKKS-08 Ieu carpon nyaritakeun palaku Ahmad anu mulang ti panyabaanana nya éta di mana manéhna usaha pikeun néangan duit keur anak jeung pamajikanana. Tapi nalika manéhna aya niat balik ku sabab geus hasil, tepina diburuan imah, Ahmad meunang kareuwas sabab di imahna réa jelema, parabotan dikalaluarkeun, sarta aya nu ngaji anu mangrupa tahlilan. Nalika Ahmad dina panto imahna, anu keur ngaji aleureun bangun ku reuwas ninggali anu dianggap geus maot nyata hirup kénéh. Ku sabab jadi pasalia paham antara kulawarga Ahmad jeung Ahmad, antukna Ahmad nyaritakeun kajadian anu kaalaman ku manéhna salila ngalaman cocoba hirup, kitu ogé pamajikan jeung kulawarga Ahmad nyangka Ahmad geus maot lantaran aya Pulisi ti Jakarta ngirim lokét anu eusina idéntitas jeung duit hasil usaha Ahmad. Nyatana yén anu maot téh lain Ahmad, tapi jelema anu maling lokét Ahmad nalika rék mulang ka imahna. Ku sabab kajadian éta Ahmad sujud jeung sukur kana kakawasaan Pangéran, sarta ngalaksanakeun sukuran dina raraga sukur ni’mat kahirupanana. 28 “Nu Datang Wanci Sareupna” SKKS-09 Ieu carita nyaritakeun palaku Danang jeung kulawargana anu satatus sosialna jalma leutik, ku lantaran kaayaan ékonomina pas-pasan keur kabutuhan hirupna malah mah mindengna kurang. Danang teu miboga pagawéan anu tetep sanajan Danang geus sarjana tapi manéhna henteu jadai pagawé di kantor mana waé, sanajan jadi pagawé Danang ukur jadi titahan batur dina nulis pagawéan batur anu boga kakawasaan. Dina pangalamana ka tukang Danang kadatanangan Pa Arman anu mangrupa wakil kapala di kantorna, anjeunna dititah niyieun buku sangkan naék jabatan jadi kapala ngagantikeun pa Sasmita anu téréh pangsiun. Ku sabab Pa Arman lain pituin urang Sunda, anjeunna mercayakeun tugasna nyieun buku ka Arman anu pituin urang Sunda, anjeunna méré waktu dua minggu ka Danang. Sanajan waktu anu samporét ku sabab kaleukeunan Danang dibantuan ku pamajikanana ngetik éta pagawéan nulis buku téh parat dina waktuna. Saeunggeus Pa Arman dibenum jadi kapala, anjéunna jalma balabah ka karyawan jeung nu lainna. Kitu ogé loba anu barang béré ka anjeunna boh dina barang, duit, atawa jasana. Ku lantaran kajadian éta pa Arman dituding korupsi nepi ka anjeunna disidang, tapi teu kabuktian anjeunna korupsi. Tidinya pa Arman dipecat jadi kapala di kantor. Kanyaah pa Arman ka Danang jeung kulawargana teu nepi ka jadi kapala wungkul, tapi tetep salawasna sanajan ayeuna mah pa Arman ngan usaha kana matérial. Kanyaahna kabukti tina kapadulian ka Danang jeung papatah-papatah ka Danang pikeun nyanghareupan hirup. 29 “Bulan Mabra di Madinah” SKKS-10 Ieu carpon nyaritakeun palaku “kuring”, nya éta anu bébésan jeung indungna Eulis anu ayeuna geus maot, kakuciwa jeung kakeuheul “kuring” ka bésan nepi ka ayeuna masih kénéh karasa, sanajan geus lima taun Eulis maot, tapi “kuring” mangkeuheulkeun lantaran Eulis budak anu soléh diusir jeung “dibuang” tina jajaran kulawarga bésan ku sabab teu nurut kana kahayang kolot. Salila jadi pamajikan Si Jalu, Eulis bageur pisan, daék dibawa sangsara ku salaki jeung bageur ka mitoha, naon anu dibikeun ku salaki jeung mitoha pasti ditampanan, nepi ka salaki kitu ogé “kuring” mitohana nyaah pisan ka Eulis. Sanajan geus lima taun kaliwat, tapi “kuring” henteu bisa poho ka Eulis, saha waé awéwé anu keur kakandungan jeung degdeganana sarua jeung Eulis pasti “kuring” ceurik lantaran inget ka Eulis minantu anu soléh téa. Pisaminggueun deui ka lebaran “kuring” jeung Jalu nganjang ka imah bésan nganteurkeun bingkisan, bésan ngabéjaan rék munggah haji, atuh “kuring” toh pisan ninggali bésan bisa indit jarah, sanajan dina haté masih cangcaya yén nu rék indit jarah mah kudu bararesih lahir-batinna, kudu geus lunas utang- piutang. “kuring” ras ka bésan anu boga jangji rék nanggung ongkos rumah sakit, tapi teu aya embusanana, “kuring” mung bisa ngadua mugia teu aya mamala nanaon bésan munggah hajina sarta geus nganggap hutangna lunas. Basa dina waktuna bésan balik munggah haji, manéhna nyartita panggih jeung “kuring” nu ngajak gumujeng ka bésan, tidinya bésan sadar kana dosana sarta ménta hampura ka “kuring” jeung Jalu. Najan ukur sakecap pangakuan, “kuring” atoh Jalu diaku ku ‘indungna’. Nuhun Gusti. 30 “Nunun” SKKS-11 Ieu carpon nyaritakeun palaku Akang, anu ngarasa salah ku lantaran henteu bisa ngajaga jeung ngurus adina Nunun anu geus diamanatan ku Ambu saméméh maot. “Akang” abus ka pangbérokan ku lantaran maéhan lalaki playboy anu ngarogahala Nunun, tapi teu pantes disebut ngarogahala ku lantaran duanana pada-pada suka antara Nunun jeung éta lalaki playboy. Paripolah Nunun robah tisaprak gaul jeung geng Tina anu sok ulin jeung lalaki playboy jeung kabiasaan anu goréng. Nunun jadi wani kabur ti imah ku lantaran ngarasa bosén jeung kahirupanana anu ngan ngadeluk maca buku jeung ngapalkeun, sarta ku lantaran Akang anu jadi lanceukna tara nganteur ka sakola jeung nongton. Ku sabab Akang hariwang jeung melang ka Nunun, Akang nyusulan Nunun ka markas koboy anu di Bandung. Astagfirullah geus Nunun téh dijadikeun cocooan lalaki playboy, tapi Nunun henteu ngalawan kitu ogé basa dirogahala Nunun henteu pisan ngalawan. Ku lantaran ambek jeung nyaah ninggali paripolah Nunun, Akang wani-wani maéhan lalaki playboy anu nyababkeun Akang ditahan di pangbérokan.

4.2 Analisis Data