Indéks T PBBS 1202017 Chapter (6)

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-03 aya anu mangrupa indéks réngkak paripolah, gejala fisik, jeung aktualisasi. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap. Tabél 4.15 Analisis Unsur Indéks GT-03 No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 1. GT-03:292 Kabur ti dunungan Réngkak paripolah Indéksikal tina kaayaan dunungan Abdi anu galak. Ieu hal ngabalukarkeun Abdi kabur ti dunungan saméméhna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Dina waktos éta téh abdi kalintang nuju bingungna margi abdi téh sasatna kabur ti dunungan anu ti payun téh. 2. GT-03:302 Murel jeung sebel Gejala fisik Lantaran ngambeu daging babi anu dipikaresep ku dunungan. Ieu katitén dina cutatan di handap. Ari mésér daging nya daging babi. Atuh abdi téh ngan murel sareng sebel baé ngambungna ogé. 3. GT-03:303 Hésé mondok Gejala fisik Hésé mondok mangrupa tanda tina ayana nu dipikiran ku palaku, dina ieu kontéks lantaran Abdi inget ka nu di lembur. Ieu katitén dina cutatan di handap. Unggal wengi abdi téh hésé mondok . Unggal dug ngedeng ngantelkeun sirah kana bantal, pun bapa sareng pun biang, kitu deui pun adi sareng wargi sanésna batur salembur, sok narémbongan. No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 4. GT-03:321 Gedé darajat Aktualisasi Luhung kalungguhan jalma sacara vertikal, bisa mangrupa tahapan kahirupan anu bagja. Ieu katitén dina cutatan di handap. Geuning saur ibu téh, abdi téh ku ibu dido’akeun sing gedé darajat . 5. GT-03:312 Tara sungkan kana barang gawé Réngkak paripolah Palaku Abdi tara ngarasa horéam kana digawé sanajan dikakaya ku dununganna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Ari teu udur mah abdi téh tara sungkan kana barang gawé nanaon ogé. Harita ogé sanaos ceuk paripaos abdi bari dikakaya, abdi téh kana gawé mah ngeureuyeuh waé. 6. GT-03:313 Sadinten asa lami Aktualisasi Lantaran dunungan saméhna galak, Abdi ngarasa teu betah cicing di imah dunungan nepi ka waktu anu ukur sapoé ogé karasana lila pisan. Ieu katitén dina cutatan di handap. Harita mah sadinten-sadinten téh karaosna asa ku lami pisan . Éstuning abdi téh seubeuh ku sentak seubeuh ku dibaeudan. 7. GT-03:313 Seubeuh Réngkak paripolah Lantaran Abdi mindeng pisan disentak jeung dibaeudan, mun diupamakeun kana dahar mah nepi ka seubeuhna ku panyarék. Ieu katitén dina cutatan di handap. Éstuning abdi téh seubeuh ku sentak seubeuh ku dibaeudan. No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 8. GT-03:313 Bayeung- yang sesek Réngkak paripolah Lantaran dulur dunungan sok pipilueun nyarekan, Abdi ngarasa katugenahna beuki nambahan, kaayaan mingkin panas jeung matak eungap lantaran teu bisa ngébréhkeun katugenah anu karandapanna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Éta sadérék dunungan ku sok pipilueun ngabaeudan atanapi nyarékan. Bet asa beuki nambihan bayeungyang sareng sesek. 9. GT-03:322 Cuang- cieung asa keueung Réngkak paripolah Abdi ngarasa leungiteun lantaran Ibu gering di rumah sakit saminggu, Abdi sorangan di imah. Ieu katitén dina cutatan di handap. Nembé ogé Abdi téh saminggu abdi aya di ibu, ibu téh ka rumah sakit. Abdi cuang-cieung asa keueung . 10. GT-03:332 Hésé mondok Réngkak paripolah Hésé mondok dina ieu kontéks lantaran nineung kana kaayaan- kaayaan pikabungaheun salila Abdi aya di imah Ibu. Sedengkeun sakeudeung deui manéhna kudu balik ka lembur, ningalkeun Ibu. Ieu katitén dina cutatan di handap. Beuki caket ka waktosna wangsul, abdi beuki hésé modok. 11. GT-03:341 Tibra manah Aktualisasi Tengtrem batin kolot lantaran Abdi hirup bagja upama bisa mulang kanyaah, nurut kana paménta jeung kahayangna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Tiasa mulang kanyaah ka nu jadi sepuh, atuh panginten upami abdi bagja mah panginten tibra manah bapa abdi téh. No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 12. GT-03:342 Bingah Aktualisasi Pédah rék ngabagjakeun kolot jeung hirup bagja di mangsa nu bakal datang laki rabi, nedunan paménta kolot. Ieu katitén dina cutatan di handap. Tiasa mulang kanyaah ka nu jadi sepuh, atuh panginten upami abdi bagja mah panginten tibra manah bapa abdi téh. 13. GT-03:342 Nalangsa Aktualisasi Pedah rek ninggalkeun Ibu anu sakitu nyaahna. Bet asa moal bisa nahan cimata. 14. GT-03:343 Hatur nuhun, ibu Aktualisasi Mangrupa tanda indéksikal utama lantaran Abdi geus dipikanyaah salila gawé di Ibu. Ungkara hatur nuhun mangrupa tanda tina Abdi anu narimakeun sakur kahadéan Ibu. Ieu katitén dina cutatan di handap. Kana sagala rupi kasaéan ibu, abdimung tiasa ngahaturkeun nuhun. Hatur nuhun, ibu.

c. Simbol