77
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN
4.1 Déskripsi Data
Dina ieu panalungtikan aya dua sumber data anu dipaké, nya éta buku kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua buku
kumpulan carpon mangrupa hasil para wanoja pangarang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem. Ieu di handap mangrupa déskripsi data anu ngawengku
data jeung sinopsis 30 carpon.
4.1.1 Data Carpon
Guriang Tujuh anu disusun ku Tini Kartini saparakanca mangrupa
antologi carpon munggaran anu ditulis ku para wanoja pangarang dina kasusastraan Sunda. Ieu buku medal taun 1984, kalawan dikaluarkeun ku pamedal
Rahmat Cijulang Bandung. Ukuran bukuna 17,3 cm x 12,1 cm jeung kandelna 252 kaca. Eusi carpon dina ieu antologi aya 19 judul, anu ditulis ku 19 urang
anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem, nya éta “Emang jeung Alo” karya Tini Kartini, “Nu Beunghar” karya Ningrum Djulaeha, “Hatur Nuhun Ibu” karya
Ami Raksanagara, “Angin Sawah” karya Mumun Munayah, “Guriang Tujuh” karya Tetty Suharti, “Harga Hiji Surat” karya Tika Gartika, “Kanyaah” karya
Neneng Daningsih, “Kiplik-kiplik” karya Yati Maryati Wiharja, “Gagak Ngelak di Majingklak” karya Hanna Rohana Suwanda, “Deudeuh Teuing” karya Suci De
Wiharja, “Indung” karya Aam Amilia, “Nyiram” karya Sukaesih Sastrini, “Korsi Hoé” karya Sum Darsono, “Milangkala” karya Cucu Siti Nurjanah, “Gurat-gurat
Dampal Leungeun” karya Yooke Tjuparmah, “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” karya Tety S.
Nataprawira, “Ngobor” karya Holisoh M.E, “Mama Haji” karya Cicih Kurniasih, jeung “Tatangga” karya Tetti Hodijah.
Surat keur ka Sawarga mangrupa antologi carpon kadua karya Sastrawati
Sunda Patrem. Ieu antologi medal 20 taun ti saprak antologi munggaran medal. Tangtuna waé 20 taun lain waktu anu sakeudeung, ieu hal jadi alesan panalungtik
pikeun maluruh ngeunaan ajén-inajén sosial budaya dumasar data sosial anu kagambar dina kumpulan carpon anu kahiji jeung kumpulan carpon anu kadua.
Béda jeung antologi saméméhna, pamedal ieu antologi nya éta Kiblat. Lantaran jumlah pangarang anu nulis dina ieu antologi saeutik, kandelna ogé ngan 97 kaca.
Tapi, ukuranna leuwih gedé, nya éta 20,8 cm x 14,3 cm. Eusina aya sabelas carpon, nya éta “Aki Sasmita” karya Aam Amilia, “Surat keur ka Sawarga” karya
Ami Raksanagara, “Dongéng Sakotrét” karya Dyah Padmini, “Mulang” karya Etti R.S., “Wasiat Pa Mantri” karya Holisoh M.E., “Handapeun langit Hideung” karya
Naneng Daningsih, “Hama” karya Risnawati, “Nu Mulang ti Panyabaan” karya Sum Darsono, “Nu Datang Wanci Sareupna” karya Tetti Hodijah, “Bulan Mabra
di Madinah” karya Tetty Suharti, jeung “Nunun” karya Yooke Tjuparmah S. Komarudin.
4.1.2 Sinopsis