Fakta Carita 2. Galur T PBBS 1202017 Chapter (6)

pakasaban, tapi ogé ngaeunaan prinsip jeung idealism anu nyangkaruk dina batin-batin para pamayang di Majingklak. … Aya kénéh ogé sayagian cai dina gentong di pawon, kudu baé meuli deui. lain meuli butuh, meuli deudeuh ieu mah 1131 … Dunya pamayang anu tumali jeung lauk, laut, angin barat anu matak bangkrut, jeung Juragan parahu anu telenges taya rasrasan.. 323 … Tapi sorot panon jeung tingkah paripolahna cukup pikeun ngayakinkeun kasucian cintana ka mojang Kalipucang… 1141 Kacinta pamayang ka laut, ngaleuwihan kacintana ka bébéndé. Pangna kitu, lantaran pikeun pamayang mah laut mangrupa sagalana. Laut jeung pamayang geus teu bisa dipisahkeun.

b. Fakta Carita 2. Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-09 kaasup kana galur majumérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita. Carita dimimitian ku gambaran palaku Nyi Lasem anu ngajual cai di Majingklak A. Pikeun mapaés carita, galur maju kana gambaran perasaan Nyi Lasem jeung Ki Jaka anu silih pikanyaah B. Lantaran inti konflik aya dina pakasaban para pamayang, salaku pamayang Ki Jaka boga prinsip ngeunaan rasa cintana ka laut. Ki Jaka nalungtik anu ngabalukarkeun laut jadi euweuh laukan, nepi ka kapanggih aya kapal asing di Palawangan C. Lantaran ngarasa panasaran, Ki Jaka indit ka laut ngadeukeutan Palawangan. Lantaran lambak laut sapeupeuting tarik, Ki Jaka maot D. Sanggeus Ki Jaka maot, anu ngarasa kaleungitan lain saukur Nyi Lasem, tapi ogé akina, Ki Arsim E. Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun panitén nu maca kana eusi carpon. Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun palaku Ki Jaka anu pengkuh kana prinsipna micinta laut jeung pamayang- pamayang séjén di lemburrna. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ieu carpon miboga galur padet, éta dumasar kritéria kepadatanna. Pangna kitu lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian anu aya hubunganna antara laut, Nyi Lasem, jeung Ki Jaka. d Dumasar Eusi Dumasar kana eusina, ieu carpon GT-09 ngagunakeun galur pemikiran . Upama niténan eusi carita sacara gembleng, eusina mangrupa hal-hal anu jadi bahan pamikiran pikeun nu maca. Sawatara hal anu jadi bahan pamikiran diantarana nya éta ngeunaan kakawasaan para juragan parahu, prinsip hirup para pamayang, jeung monopoli pamayang dina kapal asing. 2 Palaku Dina carpon GT-09, aya 12 urang palaku, nya éta Ki Jaka GT- 09:1121, Nyi Lasem GT-09:1123, Bapa Nyi Lasem GT-09:1123, Ki Arsim GT-09:1133, juragan parahu GT-09:1136, Ema GT-09:1203, Bah Nata GT-09:1219, Sipir GT-09:1251, narapidana GT-09:1251, Bah Bejo GT-09:1272, Ki Irsan GT-09:1284, jeung Ki Salya GT- 09:1314. Salapan urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana tilu urang palaku ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, Ki Jaka jeung i Lasem mangrupa palaku utama. Sapuluh palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. b Dumasar Penampilan Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya éta Ki Jaka, Nyi Lasem, Bapa Nyi Lasem, Ki Arsim, Bah Nata, Bah Bejo, Ki Irsan, jeung Ki Salya. Sedengkeup ngan aya saurang palaku antagonis, nya éta juragan parahu. Palaku Ki Jaka anu miboga sipat-sipat anu hadé anu bisa dijadikeun picontoeun keur nu maca, saperti tanggung jawab, pengkuh kana prinsip hirup, mikanyaah batur salemburna, jeung boga wawanén anu luhung salaku lalaki. Éta hal bisa katitén dina cutatan di handap. … Laut pikeun manéhna mangrupa sagala rupana. Cintana tamplok ka laut. Nyawana aya di laut. Harepan jeung angen- angenna kabéh di laut … 1181 Palaku Nyi Lasem ogé miboga sipat anu hadé salaku wanoja basisir anu mandiri. sabar jeung boga pamikiran anu positif. Éta hal bisa katitén dina cutatan di handap. …Pikirna, engké gé moal keur saha jeung moal ka sahan deui prukna upama mémang jodo ti Allah mah. 1141 “Kang Jaka, abdi salawasna ngajurung ku dunga…” 1161 Akina Jaka, Ki Arsim miboga sipat anu méh sarua jeung pamayang-pamayang séjén anu nyaah ka Jaka jeung micinta laut. Bah Bejo,Ki IrsanBapa Nyi Lasem, jeung Ki Salya miboga pamadegan anu sarua ngeunaan Jaka jeung laut, saperti anu bisa katitén dina cutatan di handap. “Jaka, incu Aki…, naha hirup urang jadi teu paruguh kieu? Terus atawa moal? Urang terah pamayang, budah laut, badéga laut nu dalit jeung laut, hirup sagulung- sagalang jeung laut…” 1267 “Enya…, mun seug atuh baheula téh Ki Jaka disakolakeun sina pinter, sing jadi Nangkoda, sina boga kapal gedé kawas urang asing itu, meureun kabéh pamayang di dieu ayeuna milu senangna, nya Ki Arsim?” 1278 “Nyai, geulis, layon pamayang nu gedé wawanén mah dipendem di dasar laut. tetenggerna lambak anu ngajungkiring tanding gunung…” 1336 Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén pamayang- pamayang digambarkeun salaku jalma anu boga sipat anu hadé kana hirup jeung dina kahirupan. Maranéhna boga prinsip yén upama ngarasa hirup tina laut,jeung digedékeun ku laut, geus sakuduna iklas upama hiji waktu dipénta ku laut. Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku antagonis, nya éta juragan parahu. Cutatan anu ngébréhkeun kaantagonisanana bisa katitén dina cutatan ieu di handap. … Dunya pamayang anu tumali jeung lauk, laut, angin barat anu matak bangkrut, jeung Juragan parahu anu telenges taya rasrasan.. 323 Kabéh pamayang sanasib jeung Akang, ukur kabagéan barau hanyirna wungkul. Kasaksian ku saréréa, anu tambah gendut mah juragan parahu. 1157 Juragan parahu anu boga sipat teu bisa ngaraskeun kana kaayaan di laut, te weléh ménta setor bagian ka pamayang, sanajan pamayang ukur meunang saeutik. Lantaran palaku Ema, sipir, jeung narapidana ngan saliwat disebutkeunna, jadi teu kapaluruh protagonis atawa antagonisna. c Dumasar Watek Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tujuh urang palaku anu miboga watek basajan jeung dua palaku anu watekna kompléks. Palaku anu miboga watek basajan nya éta Bapa Nyi Lasem, Ki Arsim, juragan parahu, ema, Bah Nata, sipir, narapidana, Bah Bejo, Ki Irsan, jeung Ki Salya. Palaku anu watekna kompléks nya éta Ki Jaka jeung Nyi Lasem. Para palaku anu basajan, miboga watek anu statis ti mimiti nepi ka ahir carita. Pamayang anu ti mimiti dicaritakeun pengkuh kana prinsipna micinta laut teu robah nepi ka ahir carita. Béda jeung Nyi Lasem salau palaku wanoja anu mandiri. sabar, jeung boga pamikiran anu positif kana kahirupan robah jadi wanoja anu luyu jeung kodratna nya éta anu sok ngaheulakeun rasa batan pikir. Émosina anu labil basa dibéjaan Ki Jaka maot di laut, jadi meupeus keuyang ka kapal asing anu ngaranjah Majingklak. Abdi salaku palaku anu kompléks, watek Ki Jaka mekar kalawan dinamis. Watekna anu pengkuh nyekel prinsip leuwih micinta laut daripada bébéndéna, nepi ka ancrub ka laut nyacapkeun kapanasaran néangan lauk. Padahal, saméméhna kungsi dilelemu ku Nyi Lasem yén peré sapeuting mah teu nanaon, tapi teu metu. Kitu téa mah pantes, ku Nyi Lasemna sorangan geus kabaca kumaha heuras jeung teuasna haté Ki Jaka. Sanajan kitu, salaku lalaki, manéhna ogé boga sipat leuleuy ka bébéndéna mah. d Dumasar Pencerminan Palaku Ditilik tina pencerminan palakuna, Ki Jaka, Nyi Lasem, Bapa Nyi Lasem, Ki Arsim, Bah Nata, Bah Bejo, Ki Irsan, jeung Ki Salya mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Juragan parahu, Ema, sipir, jeung narapidana kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita. 3 Latar Latar anu kapanggih dina ieu carpon bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.46 Data Latar GT-09 No. Kode Data Data Latar Katerangan Tpt. Wkt. Sos. 1 2 7 4 5 6 8 1. GT-09:1121 Citanduy  2. GT-09:1121 Sagaraanakan  3. GT-09:1121 Beulah kulon  4. GT-09:1123 Kalipucang  5. GT-09:1123 Awéwé basisir wani paparahuan  6. GT-09:1123 Cilacap  7. GT-09:1133 Majingklak  8. GT-09:1133 Karanganyar  9. GT-09:1135 Lapang kacamatan  10. GT-09:1135 Pangandaran  11. GT-09:1136 Dunya pamayang  12. GT-09:1141 Basisir  13. GT-09:1183 Tilu bulan  14. GT-09:1205 Banjarsari  15. GT-09:1224 Pulo Nusakambangan  16. GT-09:1227 Unggal poé  17. GT-09:1251 Lembur  18. GT-09:1251 Leuweung geledegan  19. GT-09:1296 Wanci haneut moyan  20. GT-09:1312 Imah Ki Arsim  21. GT-09:1313 Pukul sawelas  22. GT-09:1313 Pukul dua welas  23. GT-09:1313 Wanci lohor  24. GT-09:1313 Wanci asar  25. GT-09:1313 Buruan imah Ki Arsim  No. Kode Data Data Latar Katerangan Tpt. Wkt. Sos. 1 2 7 4 5 6 8 26. GT-09:1345 Lumrah pamayang paéh di laut  a Tempat Aya genep belas latar tempat dina carpon GT-09 ieu, nya éta Citanduy GT-09:1121 anu mangrupa tempat Nyi Lasem ngwelah parahu dagang cai. Sagaraanakan GT-09:1121 nya éta muara Citanduy, beulah kulon GT-09:1121 mangrupa Tempat Ki Jaka nungguan Nyi Lasem. Kalipucang GT-09:1123 nya éta lembur Nyi Lasem. Cilacap GT- 09:1123 geus asup ka wewengkon jawa Tengah, Nyi Lasem waé can ludeungeun ngwelah parahu nepi ka dinya.Majingklak GT-09:1133 nya éta tempat Ki Jaka jeung akina bubuara.Karanganyar GT-09:1133 jeung lapang kacamatan GT-09:1135 mangrupa tempat ayana kariaan Ronggéng Gunung. Pangandaran GT-09:1135 nya éta asal grup Ronggéng Gunung. Basisir GT-09:1141 mangrupa tempat Nyi Lasem jeung Ki Jaka ngobrol. Banjarsari GT-09:1205 nya éta tempat kebon kadu nu kolotna Nyi Lasem. Pulo Nusakambangan GT-09:1224 nya éta tempat pabuén.Lembur GT-09:1251 mangrupa tempat tujuan narapidana kabur ti Nusakambangan. Leuweung geledegan GT-09:1251 nya éta leuweung anu aya di lembur. Imah Ki Arsim GT-09:1312, anu harita dianjangan ku Nyi Lasem. Buruan imah Ki Arsim GT-09:1313 mangrupa tempat ngariungna para pamayang, narungguan Ki Jaka. b Waktu Aya tujuh latar waktu dina ieu carpon nya éta, tilu bulan GT- 09:1183 anu mangrupa lilana di laut Majingklak miskin lauk. Waktuunggal poé GT-09:1227 mangrupa frékuénsi raména kaayaan di Citanduy. Wanci haneut moyan GT-09:1296 mangrupa waktu basa Nyi Lasem nganteuran bonténg keur Ki Jaka, sanajan Ki Jaka mah sabenerna harita geus maot.Pukul sawelas GT-09:1313,pukul dua welas GT- 09:1313, wanci lohor GT-09:1313, jeung wanci asar GT-09:1313 mangrupa lilana waktu nunungguan Ki Jaka balik ti laut. c Sosial Aya tilu latar sosial dina ieu carpon. Data GT-09:1123 ngébréhkeun kawani jeung kamandirian wanoja basisir. Data GT-09:1136 ngébréhkeun dunya pamayang anu dalit jeung lauk, laut, angin barat, jeung juragan parahu. Data GT-09:1345 ngébréhkeun cara mikir jeung sawangan kana kahirupan, yén salaku pamayang geus jadi hal anu lumrah upama paéh di laut sabab layon pamayang anu gedé wawanénna mah dipendem di dasar laut.

4.2.9.2 Unsur Semiotik GT-09

Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-09 ngawengku tujuh ikon 14 indéks, jeung hiji simbol.

a. Ikon