Struktur Carita GT-10 a. Téma

Ajén agama séjén aya dina GT-09:1213 anu ngébréhkeun pangéling-ngéling Ki Jaka ka Nyi Lasem ngeunaan hirup pamayang anu kudu sabar lantaran kaayaan laut anu keur miskin ku lauk. Ki Jaka ngélingan yén kudu sabar jeung tetep ngadu’a ka Allah sangkan kaayaan di laut dipulangkeun deui siga baheula. Dina data GT-09:1329, ngébréhkeun kayakinan yén sagala anu asalna ti Allah bakal balik deui ka Allah. Ieu kayakinan ditembrakeun basa Ki Jaka dipastikeun maot di laut. 5 Ajén Solidaritas Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta GT-09:1141, GT- 09:1157, jeung GT-09:1162. Data GT-09:1141 ngébréhkeun rasa cinta antara Ki jaka jeung Nyi Lasem. Data GT-09:1157 ngébréhkeun ayana kahayang Ki Jaka ngarobah kahirupan sangkan leuwih alus ku cara boga parahu jeung jarring sorangan. Data GT-09:1162 ngébréhkeun kanyaah Ki Jaka jeung Nyi Lasem ka kolot. Dina carita ditétélakeun bapana Nyi Lasem hayang méré nginjeum parahu ka Ki Jaka. Tapi, manéhna ngarasa yén boh manéhna boh Nyi Lasem pada-pada boga kolot anu butuh bantuan anak, lamun seug parahuna dipaké ku Jaka, pimanaeun Nyi lasem bisa néangan kipayang keun mantuan kolotna.

4.2.10 “Deudeuh Teuing” GT-10

4.2.10.1 Struktur Carita GT-10 a. Téma

Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta di kulawarga. Rasa nyaah adi ka lanceuk, lanceuk ka adi, jeung indung ka anak. Ieu di handap mangrupa cutatan anu ngébréhkeun ayana rasa kanyaah adi ka lanceuk. Basa harita Atin ku Nunung diajak milu ka Bandung, maksudna rék ditambaan, rék diasupkeun ka Rumah Sakit Jiwa… 1431 … Ceuk nu bohong mah, sakuliah kota Bandung dikulibek, unggal jalan dipapayan, unggal gang diusapan. Tapi weléh teu kapanggih. 1445 Emh…, deudeuh teuing lanceuk aing 1453 Tina cutatan di luhur katitén kanyaah Nunung salaku adi ka Atin, lanceukna. Sanajan Atin boga spat goréng jeung kungsi nganerikeun haaténa, tapi salaku adi Nunung ngarasa boga tanggung jawab keur ngubaran lanceukna. Malah, basa Atin indit ti imah, Nunung jeung salakina langsung néangan Atin di sakuliah Bandung bakat ku hariwang jeung nyaah ka lanceuk. Kanyaah lanceuk ka adi ogé témbong dina ieu carpon, nya éta kanyaah Atin ka Nunung. Sanajan cara mikanyaahna ngaliwatan pamadegan anu salah. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. … Sakali deui ceuceu ngabéjaan, jang di dunya mah, ngan duit anu bisa nyenangkeun téh.. 1371 Tina cutatan di luhur katitén yén Atin miharep adina bisa jadi jalma aya nu beunghar jeung hirup senang. Tapi, cara anu dipaké ku Atin ku cara kawin jeung lalaki beunghar anu goréng adat, lain mangrupa solusi tina pasualan hirup Nunung anu pas-pasan. Kanyaah anu leuwih anteb ditémbongkeun ku indungna Nunung jeung Atin, anu moal maksa rék kawin jeung saha-saha waé ogé asal suka pada suka jeung ka jalma anu bener. Sakumaha bisa katitén dina cutatan di handap. … “Nung, bageur, Ibu mah moal ngahulag hidep milih jodo ka saha waé… Asal jelema bener. Asal suka pada suka… 1473 Kontéks jelema bener di dieu nya éta jelema anu jujur jeung tanggung jawab ka kulawarga. Indungna hariwangeun Nunung boga salaki siga salaki Atin anu rucah. Di dieu, kanyaah jeung kahariwang indung diébréhkeun.

b. Fakta Carita 1 Galur