Simbol Fakta Carita 1 Galur

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 ngado’a hayang dipohokeun kana poé milangkala lantaran euweuh waragad keur numpengna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Sawatara poé ka tukang sorangan téh mémang kungsi neneda ka Mantenna bari ceurik, neda dipohokeun kana poéan milangkala.

d. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-14 bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.77 Analisis Unsur Simbol GT-14 No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 1. GT-14:1723 Almenak Almenak mangrupa simbol pananggalan, dina ieu kontéks digunakeun pikeun mastikeun tanggal ulang taun. Ieu katitén dina cutatan di handap. “Haaar…, na tanggal sabaraha kitu ieu téh?” Panon culang-cileung néangan almenak .

4.2.14.3 Ajén-inajén Sosial Budaya a. Ajén Sosial

Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun tujuh ajén sosial. Tabél 4.78 Data Ajén Sosial GT-14 No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 2 3 4 5 6 7 8 1. GT-14:1658 Salam  2. GT-14:1683 Ngurus barudak kalawan niat ibadah   3. GT-14:1726 Ngadu’a  4. GT-14:1728 Mikanyaah indung téré  Dumasar kana tabél 4.91 di luhur, bisa katitén aya tilu data anu ngandung ajén moral jeung dua ajén kaagamaan. Data GT-14:1683 mangrupa gambaran ayana ajén moral palaku Ibu anu ngurus anak-anak téréna kalawan niat ibadah, ieu data patali ogé jeung ajén kaagamaan jeung data ajén moral GT-14:1728. Ajén kaagamaan anu nyampak dina ieu carpon nya éta GT-14:1658 anu ngébréhkeun kabiasaan palaku uluk salam.

b. Ajén Budaya

Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya tujuh ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda. Tabél 4.79 Data Ajén Budaya GT-14 No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan T É A Sn. K Sl. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1. GT-14:1672 Téré, status yuridis formal  2. GT-14:1683 Mikanyaah barudak  3. GT-14:1684 Gusti  4. GT-14:1693 Lillahita’ala  5. GT-14:1701 Kumelendang jeung  No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan T É A Sn. K Sl. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 mulang kalawan ridho mantena 6. GT-14:1731 Kukumpul duit keur meuli kado   7. GT-14:1716 Ucapan milangkala  Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji ajén téori, hiji ajén ékonomi, tilu ajén agama, jeung tilu ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni jeung ajén kawasa. 1 AjénTéori Ajén téori dina ieu carpon aya dina data GT-14:1672, anu ngébréhkeun status yuridis formal antara Ibu jeung dua anak téréna. Pangna disebut anak téré, duméh maranéhna duaan mangrupa anak sampeuran basa Ibu kawin jeung Agus. Tapi, sanajan Ibu jeung Agus geus papisah, anak-anakna Agus embungeun milu ka bapana, tapi leuwih milih cicing jeung Ibu. Sacara psikologis, Aji jeung Santi manggih katengtreman salila cicing jeung digedékeun ku Ibu, nepi ka maranéhna teu ngarasa ka indung téré. Sasat hubunganna geus jadi deungeun-deungeun, Ibu jeung barudak geus siga anak jeung indung benerna. 2 Ajén Ékonomi Ajén ékonomi kapanggih dina data GT-14:1731 anu ngébréhkeun palaku Aji jeung Santi anu teu jajan salila sababaraha poé lantaran hayang meuli kado keur Ibu. 3 Ajén Solidaritas Data GT-14:1683, GT-14:1731, jeung GT-14:1716 mangrupa ajén solidaritas antara indung jeung anak anu silih mikanyaah. Indung anu nyaah ka anak-anak téréna saperti ka anak sorangan, Anak-anak téré anu méré kado milangkala lantaran perhatian jeung nyaah ka Ibu.

4.2.15 “Gurat-gurat Dampal Leungeun” GT-15

4.2.15.1 Struktur Carita GT-15 a. Téma

Téma carpon GT-15 nya éta réligi, ieu téma nyoko kana gambaran kaayaan wanoja anu can panggih jeung jodona. Geus sababaraha kali diramal jeung tatamba ka dukun, hasilna sarua yén jodona jauh. Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep hiji kacindekan yén jodo, pati, bagja, jeung cilaka saéstuna geus diatur ku Alloh. Salaku manusa, teu wenang miheulaan gurat hirup jalma séjén anu jalanna geus aya anu nangtukeun. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma. “Malah mah… Duh paralun Gusti. Abdi mah pasrah mung ka Anjeun. Cocobi ditampi. Hapunten Gusti…” 1834 “… Duh Gusti. Mugi dihapunten mahluk Anjeun anu nyanyahoanan.” 1834 … Da yakin, hiji mangsa Gusti pasti marengkeun kabagjaan… 1847 Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Ine. Manéhna ngabéjérbéskeun sagala rasa jeung pangalaman anu karandapanana ngaliwatan puseur sawangan jalma kahiji anu ngajén situasi dumasar pamadeganna. Tapi, sanajan palaku Ine miboga otoritas ngeunaan pamadeganna, nu maca “dipaksa” satuju kana éta pamadegan lantaran nyoko kana konsép bener sacara agama.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-15 ngagunakeun g alur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita. Ieu carita dimimitian ku gambaran situasi Ine anu keur maca buku bari ngalamun, ngalamunan kaayaan manéhna anu can ditepungkeun jeung jodona. Tuluy Ati ngajak sangkan Ine daék diramal ku Si India A. Lantaran kasigeung pédah jodona disebut poék, Ine lumpat ngerem manéh. Salila di jero kamar, pikiranna ngwangwang mangsa-mangsa anu geus kaliwat patali jeung ramalan ngeunaan jodo D1. Ati rumasa geus ngabalukarkeun bibina nyeri haté, gegedor kana panto bari ngolo, tapi ku Ine teu dibuka B. Ine kalah beuki anteng ngumbar lamunan basa Indung jeung bapana narékahan ngubaran manéhna ka dukun-dukun kapung D2. Ati anu masih kénéh nungguan di luareun kamar nyebutkeun yén Si India téh ngabohong, da sabenerna mah lain saperti tadi cenah C. Ineu teu miroséa, kalah ningali buku Palmistry dina rak. manéhna yakin yén Allah geus nangtukeun nasib pada-pada jalma, upama aya jalma anu nyanyahoanan miheulaan jalan Alloh, tangtu lain kaaasup jalma anu yakin kana takdir Gusti E. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Ine anu panggih jeung rupa-rupa tukang norah, ti mimiti di Pakistan, Paris, Yogya, nepi ka di imahna sorangan. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Ine anu ditorah goréng waé ngeunaan jodo, ngabanding-bandingkeun sababaraha cara norah para palmist anu maca gurat dampal leungeun, tétéla hasilna sarua. Ieu al dalit hubunganna jeung ayana buku Palmistry di Paris minangka sumber élmu norah ngaliwatan dampal leungeun. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Ine. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Ine salila sababaraha taun ti mimiti ditorah di Pakistan, Paris, Yogya, nepi ka di imahna sorangan diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. 2 Palaku Dina carpon GT-15, aya 12 urang palaku, nya éta Ati GT-15:1742, Iné GT-15:1753, Emod GT-15:1755, Om Iskandar GT-15:1757, Palmist GT-15:1812, ahli magic GT-15:1818, Ema GT-15:18110, Bapa GT-15:18110, ahli kabatinan GT-15:18110, jeung dukun GT-15:1821. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, Ine mangrupa palaku utama. Ati,Emod,Palmist, Ema, Bapa,ahli kabatinan, jeungdukun mangrupa palaku anu méré pangrojong kana lumangsungna eusi carita. Sedengkeun Om Iskandar saukur disebut sakali ku palaku Ati, anu nuduhkeun yén Emod atawa Si India keur aya di imah Om Iskandar. b Dumasar Penampilan Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya éta Ati jeung Ine. Sedegkeun anu kaasup kana palaku- palaku antagonis nya éta Emod jeung dukun. Palaku Ati mangrupa palaku protagonis lantaran digambarkeun miboga sipat perhatian ka bibina, sanajan niat perhatianna nyalahan. Tapi Ati nyaah ka Ine, bibina. Ari Ine, pangna kaasup kana palaku protagonis sabab boga sipat sabar jeung tuhu ka kolot. Sabar sanajan can dipanggihkeun jeung jodona. Tuhu ka kolot, diubar-abér ka dukun ogé daék, cenah méh kolotna teu panasaran. Tapi, anu paling utama tina sipat Ine nya éta sumerah ka Nu Kawasa, manéhna yakin yén jodo, pati, bagja, jeung cilaka geus diatur ku Pangéran. Salaku manusa, teu boga hak keur miheulaan katangtuan ti Mantenna. Palaku antagonis dina ieu carpon nya éta Emod jeung dukun. Ieu dua urang paaku pada-pada kungsi norah Ine ngeunaan jodona anu jauh atawa kahalangan. Sacara éksplisit, euweuh data anu ngagambarkeun yén Emod jeung dukun goréng adat atawa galak, ilaharna palaku antagonis dina hiji carita. Tapi, sipat antagonisna aya dina kalakuan atawa kabiasaanna norah jelema. Gusti Alloh geus nangtukeun takdir pada-pada jalma, jadi manusa ngan bisa narékahan sangkan hirupna tetep lumangsung dina jalan anu bener. Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna, teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna. c Dumasar Watek Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tilu urang palaku anu miboga watek kompléks, jeung saurang palaku anu watekna basajan. Ati mangrupa palaku basajan dina ieu carpon. Sedengkeun anu watekna kompléks jeung mekar kalawan dinamis nya éta Ine, Emod, jeung dukun. d Dumasar Pencerminan Palaku Ditilik tina pencerminan palakuna, Ati, Ine,, Emod jeung dukun mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Om Iskandar, palmist, ahli magic, Ema, Bapa, jeung ahli kabatinan kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita. 3 Latar Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial. Tabél 4.80 Data Latar GT-15 No. Kode Data Data Latar Tpt. Wkt. Sos. 1 2 3 4 5 6 1. GT-15:1791 Mancanagara  2. GT-15:1791 Nagara Eropah  3. GT-15:1791 Timur Tengah  4. GT-15:1793 Dinten ieu  5. GT-15:1798 Parawan kolot  6. GT-15:1763 Norah jadi pakasaban  7. GT-15:1794 Bandung  8. GT-15:1794 New Zeland  9. GT-15:18010 Dua taun ka tukang  10. GT-15:18010 Pakistan  11. GT-15:18010 Arab  12. GT-15:1812 Paris  13. GT-15:1819 Lemah cai  14. GT-15:1822 Panumbangan  15. GT-15:1822 Muara Cikidang  16. GT-15:1823 Sawah  17. GT-15:1834 Jogja  a Tempat Aya tilu belas latar tempat dina carpon GT-15 ieu, nya éta Mancanagara GT-15:1791 nya éta tempat-tempat anu biasa didatangan ku Ine, saperti nagara-nagara Eropah GT-15:1791, Timur Tengah GT- 15:1791, New Zeland GT-15:1794, Pakistan GT-15:18010, Arab GT-15:18010, jeung Paris GT-15:1812. Basa keur di Pakistan, Ine kungsi ditorah perkara jodo yén cenah manéhna moal boga jodo ka bangsa sorangan. Basa keur di Paris, Ine ogé kungsi diramal yén cenah pangna can panggih jeung jodo téh duméh dina diri Ine aya panghalang. Latar tempat lemah cai GT-15:1819 mangrupa istilah séjén keur ngabasakeun Indonésia upama aya dina kontéks internasional saperti anu ditétélakeun ku Ine. BandungGT-15:1794 nya éta kota tempat Ine matuh, minangka lemburna. Latar Panumbangan GT-15:1822 mangrupa tempat ayana dukun anu nyebutkeun yén Ine dikawinkeun ka Léntah. Muara Cikidang GT-15:1822 nya éta tempat Ine dimandian tengah peuting ku dukun. LatarSawah GT-15:1823 mangrupa jalan balik basa Ine tos dimandian di walungan, di dinya suku Ine pinuh ditapelan ku léntah. Jogja GT- 15:1834 mangrupa tempat Ine tatamba bari manggih pertélaan yén lamun Ine pareng boga salaki cenah moal lana. b Waktu Aya dua latar waktu dina ieu carpon, nya éta dinten ieu GT- 15:1793 anu mangrupa waktu basa Ine ditorah ku Si India. Latar waktu séjénna nya éta dua taun ka tukang GT-15:18010, anu mangrupa waktu basa Ine riset di Pakistan nyieun data collecting. c Sosial Dumasar kana tabél 4.93 di luhur, bisa katitén yén aya dua latar sosial anu kagambar dina ieu carpon. Data GT-15:1798 ngébréhkeun kaayaan Ine anu can panggih jeung jodona sanajan umurna geus kolot. Data GT-15:1763 ngébréhkeun kaayaan ékonomi jeung sosial masarakat anus ok resep upama diramal, komo ngaramal kode buntut keur judi mah. Norah angka anu bakal kaluar jadi hiji pakasaban anu ngahasilkeun duit. Hiji gambaran sosial masarakat anu labil.

4.2.15.2 Unsur Semiotik GT-15

Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-15 ngawengku genep ikon, 13 indéks, jeung hiji simbol.

a. Ikon