Fakta Cerita 1 Galur T PBBS 1202017 Chapter (6)

03:335 nu ngebrehkeun gedena angin nu ngagolak nepika ngabula-bali ngangkat karikil jeung keusik nu méré sora tingparalak tingsaléor teu puguh déngé. Eta hal balukar tina ngagugudagna amarah Raja Pakuan ka Walangsungsang nu ngajangji supata kacida beuratna. 2 Ajén Solidaritas Ajen solidaritas aya dina data SKKS-03:325 nu ngébréhkeun solidaritas Raja Pakuan ka manéhna ku cara ngaragangan teu nyingkab ajian halimunana, sabab nyingkahan sangkan manehna teu ngarasa éra ku pamolahna sok nepungan Walangsungsang rerencepan.

4.2 .23 “Mulang” SKKS-04

4.2.23.1 Struktur Carita SKKS-04 a. Téma

Téma dina ieu carita nya éta ngeunaan kahirupan. Ieu carita téh direumbeuy ogé ku téma réligi. Ieu carita nyaritakeun kahirupan kuring nu salila hirupna jauh ti Pangéran. Téma dina ieu carita méré gambaran ka nu maca kumaha kahirupan jalma nu jauh ti pangéran. Ieu téma bisa katitén tina cutatan di handap. “Kacida beuratna haté rék ninggalkeun ieu tempat téh. Kuring keur betah, keur suhud digawé…” 361 Ayeuna, poé ieu , dina mangsa kuring kudu ninggalkeun kabetah, rasa lewang jeung laip téh awor dina haté. Sihoréng dunya barana téh teu salawasna kawasa... 392

b. Fakta Cerita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar runtuyan waktuna, galur dina ieu carita nya éta galur mundur. Ieu hal nyoko kana carita nu disodorkeunana. Dimimitian tina carita kuring nu diriung ku kulawarga, tatangga, jeung koléga. Tuluy nyaritakeun kahirupan kuring nalika sangsara, néangan pagawéan nepi ka kuring jadi jalma jegud. Ieu carita balik deui kana carita awal, nya éta kuring nu rék dianteurkeun ka tempat kalanggengan. Saupama dibagankeun, ieu galur téh saperti di handap. D1 ------ A ------ B ------ C-------- D2 ------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Dumasar kana jumlahna, galur dina ieu carita miboga galur tunggal, nya éta nyaritakeun kahirupan kuring. c Dumasar Kritéria Kepadatan Dumasar kepadatanana, galur dina ieu carita kaasup galur padet, nya éta galur nu midangkeun carita sacara gancang. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur dina ieu carita kaasup galur peruntunga, lantaran patali jeung carita anu ngébréhkeun kaayaan nasib anu tumiba karandapan ku palaku utama. 2 Palaku Palaku dina ieu carita aya salapan, nya éta Sémah SKKS- 04:351,Tatangga SKKS-04:351, Sémah Awéwé SKKS-04:351, Pamajikan SKKS-04:351, Sémah Lalaki SKKS-04:351, Budak Kuring SKKS-04:351, Kuring SKKS-04:352, Indung SKKS-04:362, jeung Adi Beuteung SKKS-04:371. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kalungguhanana, palaku dina ieu carita ngawengku palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina ieu carita nya éta Kuring SKKS-04:362, jeung Indung SKKS-04:352. Ari palaku tambahanana nya éta sémah SKKS-04:351, tatangga SKKS-04:351, Sémah awéwé SKKS-04:351, pamajikan SKKS-04:351, sémah lalaki SKKS-04:351, budak kuring SKKS-04:351, jeung adi beuteung SKKS-04:371. b Dumasar Penampilan Dumasar penampilanana, palaku dina ieu carita ngawengku palaku protagonis jeung palaku antagonis. Palaku protagonis dina ieu carita nya éta tatangga SKKS-04:351, sémah awéwé SKKS-04:351, Pamajikan SKKS-04:351, sémah lalaki SKKS-04:351, jeung indung SKKS- 04:362. Ari palaku antagonisna nya éta kuring. Ieu hal katitén tina kalakuan kuring salila hirup nu sok ngagunakeun duit pikeun ngalancarkeun sagala urusanana. ... Basa si cikal teu katarima di hiji SMA ku sabab peunteunna leutik, ahirna mah bisa asupka dinya. Sabab naon? Sabab boga jampéna Terus basa adi beuteung nabrak jelema nepi ka hanteuna, Alhamdulillah teu tulus ditibanan hukuman panjara.. 371 c Dumasar Watek Dumasar wangun watekna, palaku dina ieu carita ngawengku palaku basajan jeung palaku kompléks. Palaku basajan nya éta SÉMAH SKKS-04:351, tatangga SKKS-04:351, sémah awéwé SKKS- 04:351, pamajikan SKKS-04:351, sémah lalaki SKKS-04:351, budak kuring SKKS-04:351, indung SKKS-04:362, jeung adi beuteung SKKS-04:371. Ari palaku kompléksna nya éta Kuring SKKS- 04:352. Dumasar mekar henteuna watek, palaku dina ieu carita ngawengku palaku statis jeung palaku dinamis. Palaku statis nya éta sémah SKKS- 04:351, tatangga SKKS-04:351, sémah awéwé SKKS-04:351, pamajikan SKKS-04:351, sémah lalaki SKKS-04:351, budak kuring SKKS-04:351, indung SKKS-04:362, jeung adi beuteung SKKS- 04:371. Ari palaku dinamisna nya éta Kuring SKKS-04:352. d Dumasar Pencerminan Palaku Dumasar pencerminanana palaku dina ieu carita ngawengku palaku tipikal jeung palaku nétral. Palaku tipikal nya éta kuring SKKS-04:352, pamajikan SKKS-04:351, jeung indung SKKS-04:362. Ari palaku nétralna nya éta sémah SKKS-04:351,tatangga SKKS-04:351, sémah Awéwé SKKS-04:351, sémah lalaki SKKS-04:351, budak kuring SKKS-04:351, jeung adi beuteung SKKS-04:371. 3 Latar Latar dina ieu carita ngawengku latar tempat, waktu, jeung sosial. Pikeun maluruh dimana tempatna, iraha waktuna, jeung latar sosial naon waé nu aya, ieu di handap diébréhkeun dina wangun tabél. Tabél 4.126 Data Latar SKKS-04 No. Kode Data Data Latar Tpt. Wkt. Sos. 1 2 3 4 5 6 1. SKKS-04:351 Ti tadi  2. SKKS-04:351 Gigireun  3. SKKS-04:351 Sasalaman  4. SKKS-04:351 Di buruan  5. SKKS-04:351 Di dapur  6. SKKS-04:352 Beurang  7. SKKS-04:352 Di jero imah  8. SKKS-04:352 Dariukna  9. SKKS-04:352 Di luar  10. SKKS-04:352 Poé ieu  11. SKKS-04:352 Ayeuna  12. SKKS-04:361 Di imah babaturan  13. SKKS-04:361 Unggal poé  14. SKKS-04:361 Di hiji pausahaan  15. SKKS-04:361 Harita  16. SKKS-04:362 Unggal bulan  17. SKKS-04:362 Sawatara taun  18. SKKS-04:362 Baheula  19. SKKS-04:402 Manceran  a Tempat Aya tujuh latar tempat dina ieu carpon, nya éta gigireun, di buruan, di dapur, di jero imah, di luar, di imah babaturan, jeung di hiji pausahaan. Gigireun nya éta tempat pamajikan kuring émok bari pada ngarangkul ku sémah awéwé. Buruan nya éta tempat nyadiakeun korsi keur sémah. Dapur mangrupa tempat popolah barangasakan. Jero imah mangrupa tempat ngambeu kekembangan anu ngahiliwir ti palebah téras. Imah babaturan mangrupa tempat ngarereb basa keur néangan gawé. Hiji pausahaan mangrupa tempat kuring ditarima gawé. b Waktu Latar waktu dina ieu carita nya éta ti tadi, beurang, poé ieu, ayeuna, unggal poé, harita, unggal bulan, sawatara taun, manceran, jeung baheula. Tadi mangrupa lilana waktu pamajikan diuk di gigireun kuring. 3 Sosial Latar sosial dina ieu carita mangrupa gambaran kaayaan masarakat anu pinuh ku rasa solidaritas. Ieu hal kagambar basa kuring maot, loba anu ngalayad. Aya ogé gambaran ngeunaan robahna status soaial kuring ti nu asalna sangsara, jadi jalma jugala.

4.2.23.2 Unsur Semiotik SKKS-04

Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-04 ngawengku genep ikon, tujuh indéks, jeung tilu simbol.

a. Ikon