Simbol Téma T PBBS 1202017 Chapter (6)

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 disimbutan, karunya ieuh, sakitu noroktok na tiriseun,” ceuk Ceuk Idah. 7. SKKS-06:554 Jejeritan jeung jujungkelan Réngkak paripolah Mangrupa indéksikal tina kaayaan émosi anu teu kakontrol lantaran Si Ujang maot. Ieu katitén tina cutatan di handap. Saeunggeus dimandian budak téh kalah beuki kacida, isukna, kira-kira tabuh dalapan budak téh maot. Kuring mapalér Nyi Anah nu jejeritan jeung jujungkelan di buruan...

c. Simbol

Simbol anu kapanggih dina ieu carpon ngan aya hiji simbol, nya éta simbol tina kaayaan tempat anu pinuh ku panyiksa jeung kanyeri. Ieu bisa katitén dina tabél di handap. Tabél 4.141 Analisis Unsur Simbol SKKS-06 No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 1. SKKS-06:53 Cai kembang tujuh rupa Cai kembang tujuh rupa mangrupa simbol ayana itungan No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 tujuh anu dianggap sakral dina wengkuan kosmologi Sunda, Dina ieu carpon kembang tujuh rupa dipaké ku dukun keur ngamandian Si Ujang. Ieu katitén tina cutatan di handap. ... engké peuting bapaka dieu deui bari mawa lodong keur mandi Si Ujang, caina cai kembang tujuh rupa keur panyinglar... 2. SKKS-06:541 Duit Mangrupa simbol tina panuhun atawa rasa kaingetan. Ieu katitén tina cutatan di handap Méméh indit Pa Samhari dibahanan duit ku Nyi Anah keur meuli kembang basana.

4.2.25.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-06 a. Ajén Sosial

Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun tilu ajén sosial. Tabél 4.142 Data Ajén Sosial SKKS-06 No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 1. SKKS-06:483 Ngémploh  2. SKKS-06:561 Rido  3. SKKS-06:562 Malakal maot  Tina tabél di luhur katitén ayana ajén sosial kaéndahan jeung agama. Éta ajén kapanggih dina cutatan di handap. 1 Ajén Kaéndahan Ajén kaéndahan témbong dina data SKKS-06:483, anu ngagambarkeun sawah anu héjo ngémploh. 2 Ajén Kaagamaan Data ajén kaagamaan nyampak dina SKKS-06:561, anu ngagambarkeun ridona Ceuk Idah basa rék méré ongkos keur ngubaran Si Ujang ka klinik. Data SKKS-06:562, ngébréhkeun ayana kayakinan yén anu nyabut nyawa jalma téh nya éta Malakal Maot kalawan hakékatna Gusti Alloh SWT.

b. Ajén Budaya

Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya lima beas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda. Tabél 4.143 Data Ajén Budaya SKKS-06 No. Kode Data Data Ajén Budaya Keterangan T É A Sn. K SI. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1. SKKS-06:561 Rido  2. SKKS-06:562 Malakal maot  3. SKKS-06:542 Gan Wiria ngalongok  4. SKKS-06:542 Ngemitan  5. SKKS-06:554 Mapalér  1 Ajén Agama Data ajén kaagamaan nyampak dina SKKS-06:561, anu ngagambarkeun ridona Ceuk Idah basa rék méré ongkos keur ngubaran Si Ujang ka klinik. Data SKKS-06:562, ngébréhkeun ayana kayakinan yén anu nyabut nyawa jalma téh nya éta Malakal Maot kalawan hakékatna Gusti Alloh SWT. 2 Ajén Solidaritas Ajén solidaritas nyampak dina dua data data SKKS-06:542 jeung SKKS-06:554. Dua data SKKS-06:542 ngébréhkeun ayana rasa solidaritas Gan Wiria jeung Ceuk Idah ka kulawarga Nyi Anah basa Si Ujang keur gering. Data SKKS-06:554 ngébréhkeun ayana solidaritas salaku papada tatangga anu boga kawajiban silih talingakeun, kaasup silih pikanyaah upama aya salah sahiji anu kamusibahan. 4.2.26 “Hama” SKKS-07 4.2.26.1 Struktur Carita SKKS-07

a. Téma

Téma dina ieu carita nya éta kamanusaan. Ieu hal nyoko kana kahirupan masarakat désa nu pagawéanana ngolah taneuh. Téma dina ieu carita téh miharep sangkan masarakat leuwih sadar kana kajadian nu lumangsung. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan nu ngagambarkeun téma di luhur. …Isuk-isuk Ua Istri geus gogorowokan. Kakara mulang ti sawah kulon… 573 …Can sepuh-sepuh teuing Ua téh. tapi tatangga mah sok nyarebut Ua Sepuh waé, bubuhan Ua Pameget dipisepuh ku saréréa... 602

b. Fakta Carita 1 Galur