Ajén Budaya T PBBS 1202017 Chapter (6)

b. Ajén Budaya

Data tilu belas ajén budaya dina carpon GT-06 bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.35 Data Ajén Budaya GT-06 No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan T É A Sn. K Sl. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1. GT-06:591 Baju ti Modiste  2. GT-06:604 Nu maké mobil  3. GT-06:614 Ngarasa jago  4. GT-06:614 Kolot mangruhan anak  5. GT-06:614 Ilham suksés   6. GT-06:634 Pagadéan kuriling  7. GT-06:637 Mitoha nyaah ka incu  8. GT-06:644 Hubungan atikan jeung pagawéan  9. GT-06:723 Gedé duriat  10. GT-06:724 Lalaki kawasa  11. GT-06:724 Duit sajuta rupia pameuli talak    12. GT-06:754 Lalaki nyiksa pamajikan   13. GT-06:762 Mateni diri   Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji ajén téori, lima ajén ékonomi, dua ajén agama, tujuh ajén kawasa, jeung opat ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni. 1 Ajén Téori Ajén téori dina ieu carpon aya dina data GT-06:644, anu ngébréhkeun hubungan antara atikan hiji jalma jeung pagawéan. Dina ieu kontéks carita, Ratna kacaritakeun boga pangarti anu luhur jeung rupa anu alus nepi ka manéhna kalawan gampang meunangkeun pagawéan di pausahaan salaku sekretaris. Sacara téori, kualifikasi jadi saurang sekretaris nya éta miboga kaparigelan dina widang administrasi, bisa komunikasi, disiplin, jeung berpenampilan menarik. Kualifikasi anu pamungkas, jadi sarat utama dina ieu carpon. Ieu hal teu kacaritakeun kalawan jelas dina carita, lantaran diréktur pausahaanna nya éta popotongan Ratna basa keur kuliah. Hartina, sanajan Ratna teu miboga kulifikasi anu luhur, tapi urusan pribadi ngadominasi ditarimana Ratna di éta pausahaan. 2 Ajén Ékonomi Ajén ékonomi katitén dina data GT-06:591, GT-06:604, GT- 06:614, GT-06:634, jeung GT-06:724. Data GT-06:591 ngébréhkeun yén Ratna anu geus boga gawé sorangan mampuh maké baju ti modiste. Modiste nya éta tempat meuli baju saperti butik, tapi ukuran jeung modélna bisa diluyukeun jeung kahayang nu meuli. Ampir mirip jeung desainer baju atawa tukang ngaput, tapi hargana leuwih mahal lantaran di modiste hasilna leuwih alus. Lantaran kitu, gambaran baju di modiste leuwih miboga ajén ékonomi anu luhur tibatan baju anu dibeuli ti toko baju biasa. Data GT-06:604 ngébréhkeun yén dina ieu carpon, ajén ékonomi diukur ku palaku anu boga mobil. Data GT-06:614 ngébréhkeun palaku Ilham anu kungsi suksés sacara ékonomi nepi ka ngarasa kawasa bisa meunangkeun Ratna. Data GT-06:634 ngébréhkeun ngeunaan ayana pagadéan kuriling. Pagadéan kuriling nya éta jalma anu sok nginjeun- nginjeunkeun duit bari jeung ménta jaminan. Ieu pagadé biasa nguriling ka imah-imah keur nagihan nu malayar hutang, upama geus lunas, jaminan bisa dibawa deui, kitu ogé upama mayarna teu leuir tina waktu anu geus ditangtukeun. Data séjén anu boga ajén ékonomi nya éta GT-06:724. Ieu data miboga hubungaan jeung ajén agama sarta kawasa. Duit sajuta rupia anu rék dibikeun ka Ilham minangka pameuli talak mangrupa gambaran tina ayana rasa égois Ratna anu ngarasa kawasa lantaran boga duit, sedengkeun Ilham henteu. Duit sajuta rupia dina taun 1980-an, sarua pangajina dina taun 2014 ayeuna jeung + 15.000.000 rupia. 3 Ajén Agama Data miboga ajén agama nya éta GT-06:762. Ieu data ngébréhkeun perkara Ilham anu maténi manéh lantaran rasa sieun anu pohara sanggeus nyiksa awak pamajikanna ku sesemplékan kaca nepi ka baloboran geutih tuluy kapiuhan. Dina agama Islam, maténi manéh mangrupa kalakuan anu teu diwenangkeun. Saperti anu kaunggel dina cutatan QS. An-Nisa kaca 29 ieu di handap. Hai orang-orang yang beriman, janganlah kamu saling memakan harta sesamamu dengan jalan yang batil, kecuali dengan jalan perniagaan yang berlaku dengan suka sama suka di antara kamu. Dan janganlah kamu membunuh dirimu; sesungguhnya Allah adalah Maha Penyayang kepadamu. An- Nisa : 29 Tilu data GT-06:614 ngagambarkeun ayana ajén kawasa anu diébréhkeun ku palaku Ilham basa manéhna keur suksés. Ilham bisa ngajiret kolotna Ratna sangkan mangaruhan Ratna supaya bisa kawin jeung manéhna. Data séjénna nya GT-06:724, ngébréhkeun kaayaan lalaki anu dianggap boga kawasa tibatan awéwé. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. “Ceuk abdi ogé teu langkung akang, apan akang téh lalaki, umat anu kawasa anu sagala wenang ngaleuwihan awéwé…” 724 Tina cutatan di luhur, bisa katitén yén sok sanajan Ratna égois tapi masih kénéh nganggap yén Ilham salaku salakina masih boga kawasa pikeun nangtukeun kaputusan. Data GT-06:754 ngébréhkeun kakawasaan lalaki salaku salaki anu teu kakontrol nepi ka téga nyiksa pamajikan. 4.2.7 “Kanyaah” GT-07 4.2.7.1 Struktur Carita GT-07 a. Téma Téma carpon GT-07 nya éta kamanusaan, ieu téma nyoko kana ésénsi eusi carita, nya éta ngeunaan rasa nyaah. Luyu jeung jejer ieu carpon, “Kanyaah”, mangrupa carita ngeunaan gambaran kanyaah antara salaki jeung pamajikan, bibi jeung alo, minantu jeung mitoha, sarta kapilanceuk jeung kapiadi. Konsép kanyaah anu ditembrakkeun dina ieu carpon mangrupa kanyaah di lingkungan kulawarga. Tina téma anu diébréhkeun, pangarang nepikeun yén teu salawasna kanyaah ditétélakeun ngaliwatan tuhuna nu sahandapeun ka saluhureun, tapi ogé bisa katitén tina sikep tegas kana bebeneran. Ieu di handap bisa katitén sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan ngeunaan konsép kanyaah. Bisa ngomong kitu téh kuring mah inget kana cariosan ibu Guru, cenah lamun nyaah ka anak, béré maranéhna tanggung jawab…812 “… Bisa jadi bibi mah lain indung nu hadé, tapi lamun bibi ngéléhan éta téh kajurung ku kanyaah bibi ka barudak…” 821 “Tong abot teuing atuh barang damel téh, bisi teu damang.” 8310 … Kalah kumaha ogé kuring tetep nganggap yén emang jeung bibi téh kolot kuring pribadi, atuh kanyaah kuring tangtuna ogé kanyaah anak ka indung, nyaah nu sajati jeung iklas. 891 “… Ema téh geus nyaho lalakon hirup nyai di Bandung téh. Timbangan ema, leuwih hadé nyai téh di dieu baé ngabaturan ema… 942 … Biasana mah haté sok lééh lamun geus nyanghareupan bibi saperti kieu. “Hapunten bibi, abdi téh sanés teu nyaah…” 979 Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Popon. Manéhna ngabéjérbéskeun sagala rasa jeung pangalaman anu karandapanana ngaliwatan puseur sawangan jalma kahiji anu ngajén situasi dumasar pamadeganna. Tapi, sanajan palaku Popon miboga otoritas ngeunaan pamadeganna, nu maca “dipaksa” satuju kana éta pamadegan lantaran dianggap bener ku hiji kelompok masarakat.

b. Fakta Carita 1 Galur