Fakta Carita 1 Galur T PBBS 1202017 Chapter (6)

“… Mémangna kétang guru jaman ayeuna mah sok asa pinter, tapi ari digawé teu balener… Ieuh guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter.” 134 “Matak pusing nya Mang ngajar téh? Angot geura upami mayunan kelas mah. mangkaning budak anu saur emang”goblog” téh aya puluhna.” 137 Sanajan dina ngébréhkeun témana ngaliwatan kalimah langsung anu mangrupa pamadegan palaku, tapi nu maca bisa nuluykeun interprétasina yén lain kudu satuju kana pamadegan éta palaku, tapi kudu bisa ngajénan sarta ngahormat ka guru lantaran pagawéanna éstu teu énténg.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktu, carpon “Emang jeung Alo” kaasup kana galur majumérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita. Carita dimimitian ku gambaran watek emang Ki Ahmad anu pikasieuneun lantaran dianggap galak. Pikeun nguatkeun karakterna, galur maju ka mangsa anu leuwih nyata di imah emang Ki Ahmad. Ieu mangrupa bagian tengah dina carita, sakaligus munculna konflik antara emang Ki Ahmad, Husén anak emang Ki Ahmad, jeung Ki Ahmadna sorangan. Bagian tengah carita mangrupa galur anu pangpanjangna, lantaran miboga kalungguhan salaku inti carita. Di dieu, dicaritakeun Husén anu dibéré soal sina ngitung 8 x 17 ku bapana emang Ki Ahmad. Pangna ujug-ujug méré soal téh lantaran peunteun ngitung Husén di sakola ukur meunang tilu. Emang Ki Ahmad ngarasa bisa ngajar ngitung ka budakna. Tapi, dina bagian ahir carita dipungkas ku pamadegan Ki Ahmad anu nétélakeun yén pagawéan ngajar téh lain mangrupa pagawéan énténg. Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E b Dumasar Jumlah Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun panitén nu maca kana eusi carpon. Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun palaku emangna Ki Ahmad. Dina konflik ogé leuwih didominasi ku emangna Ki Ahmad tibatan ku Ki Ahmad. Nu maca diajak nuturkeun palaku emang Ki Ahmad ti mimiti, pasipatan, paripolah, pakasaban, jeung pamadegan-pamadeganna ngeunaan kahirupan sarta alam sabudeureunna. c Dumasar Kritéria Kepadatan Carpon “Emang jeung Alo” kaasup kana galur padet, éta dumasar kritéria kepadatanna. Pangna kitu lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian anu aya hubunganna jeung emang Ki Ahmad salaku palaku utama. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama nya éta emangna Ki Ahmad jeung Ki Ahmad. Sanajan aya palaku séjén nya éta Husén anakna emang Ki Ahmad, tapi angger tujuan dimunculkeunna pikeun ngarojong watek jeung jalan pikiran palaku utama. 2 Palaku Dina carpon “Emang jeung Alo” aya dalapan urang palaku, opat urang palaku méré pangrojong kana eusi katut gaur carita, sésana saukur disebut dina narasi pangarang jeung kalimah langsung tina paguneman palaku tapi euweuh pangaruhna kana eusi carita. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, aya dua urang palaku utama dina ieu carpon, nya éta emang Ki Ahmad GT-01:111 jeung Ki Ahmad salaku alo GT-01:131. Salian ditilik tina jejer ieu carpon, ieu dua urang palaku utama bisa katitén tina inti carita basa Ki Ahmad jeung emangna pagedrug pamikiran ngeunaan cara diajar siswa jeung cara ngajar guru kaca 13. Sanajan kitu, palaku emang Ki Ahmad tetep miboga kalungguhan anu leuwih luhur dominan dibandingkeun palaku Ki Ahmad. Salian ti éta, dumasar kalungguhanna ogé aya palaku tambahan, nya éta Husén anakna emang Ki Ahmad jeung tukang béca. Ieu dua urang palaku tambahan miboga peranna séwang-séwang. Palaku tukang béca dipaké pikeun nguatkeun karakter palaku utama emang Ki Ahmad jeung status sosialna di masarakat. Éta hal bisa katitén dina ieu cutatan, “Lamun keur nyetiran mobil, pék hareupeunana aya tukang béca dugal-dugil ngaboséh da puguh nanjak, haok baé, “Minggir lu hayang kojor?” 124 “Puguh baé tukang béca téh tibuburanjat, jaba reuwas ku sora tuter téh jeung ceuli deuih panas asa disebit. Polotot baé ti dituna mah rék ngalawan, tapi ana rék kana béntang anu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad , kulahék baé, ngan ukur “Samber koléra Dilebok méong” cenah gegerenceman.” 125 Prosés interaksi palaku utama emang Ki Ahmad jeung palaku tambahan tukang béca ngan sakitu-kituna dina ieu carpon. Tapi, ieu palaku tambahan méré informasi ka nu maca ngeunaan status sosial palaku utama. Béda jeung palaku tambahan Husén, anakna emang Ki Ahmad anu ngalaman prosés interaksi leuwih loba. Ieu hal duméh Husén jadi palaku tambahan pikeun aya dina konflik carita. b Dumasar Penampilan Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya éta Ki Ahmad GT-01:131, Husén GT-01:125, jeung tukang béca GT-01:124. Sedengkeun anu jadi palaku antagonisna nya éta palaku utama, emang Ki Ahmad GT-01:111. Pangna kaasup kana palaku antagonis hiji-hijina dina ieu carpon lantaran emang Ki Ahmad miboga sikep jeung paripolah anu goréng. Éta hal katitén tina sawatara cutatan ieu di handap. “Da éta mah emang Ki Ahmad, méh ku saban jalma dipikasieun, dipikarisi, dipikagigis.” 111 “Da poksangna beak ti karep, ceplak pahang garihal sugal jeung kasar.” 112 “Montong calecengiran, Monyét” 115 “Minggir lu Hayang kojor?” 124 Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku utama dina ieu carpon, penampilanna antagonis. Sikep goréng séjénna bisa katitén tina gambaran eusi pamikiran emang Ki Ahmad anu teu weléh maksakeun pamadeganna sanajan salah atawa henteu merenah. Saperti katitén tina ieu cutatan: “… Sugan guruna waé euweuh kanyaho Naha teu diilikan peunteun budak téh keur di kelas duana? Dasar guru jaman ayeuna” 132 Emang Ki Ahmad boga pamadegan yén peunteun budak goréng téh lantaran guruna anu euweuh kanyaho, teu bisaeun ngajar. Pamadegan saperti kitu, ditémpas ku Ki Ahmad salaku palaku protagonis, yén kapinteran budak téh tara angger. “… Aya mangsana ti nu ieu maju, ti nu ieu mundur. Kapan aya hukum perkembangan.” 133 Pikeun negeskeun kaantagonisan emang Ki Ahmad, pangarang nguatkeun pamadegan palaku anu tuluy dibandingkeun jeung pertélaan yén guru jaman ayeuna jeung guru jaman baheula mah béda. “… Mémangna kétang guru jaman ayeuna mah sok asa pinter, tapi ari digawé teu balener… Ieuh, guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter.” 134 Ti dinya, bisa katitén sikep égois emang Ki Ahmad anu embung éléh sanajan pertélaanna teu merenah. Sikep kasar ogé ditémbongkeun emang Ki Ahmad ka Husén, anakna. Cara ngatik jeung nyarita ka budakna diébréhkeun dina ieu cutatan, “Bodo Moal enya 8 x 17 saratus genep ...” 157 “Goblog Geus moal tulus dibéré karéta mesin téh …” 159 “Ituh-ituh kalah ka méwék Si Bodo Nyatu waé ka itu di dapur …” 1511 Palaku Husén, anakna emang Ki Ahmad jeung palaku tukang béca sabenerna teu bisa disebutkeun protagonis, duméh sikepna teu goréng- goréng teuing jiga emang Ki Ahmad. Éta hal lantaran pangarang teu nembrakkeun sacara atra sikep jeung eusi pikiran ieu dua urang palaku. Lantaran ieu dua urang palaku miboga kalungguhan salaku palaku tambahan, tangtuna waé pangarang teu ngébréhkeun ayana palaku-palaku antagonis jeung protagonis séjén. Éta hal miboga tujuan sangkan nu maca museurkeun paniténna ka palaku utama. c Dumasar Watek Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya saurang palaku anu watekna kompléks jeung tiluan anu watekna basajan. Palaku anu miboga watek kompléks nya éta emangna Ki Ahmad. Ieu paripolah palaku sipatna dinamis, teu ngan miboga hiji watek. Hiji waktu manéhna gedé ambek, babari émosional upama aya anu nyigeung perasaanna, tapi di waktu anu séjén manéhna ogé bisa ngontrol émosi sangkan teu ngagunakeun kakuatan fisik pikeun ngébréhkeun émosina. Hartina, sanajan omonganna kasar jeung garihal, tapi ari neunggeul atawa nampiling éstu tara pisan. Pangarang ngébréhkeun ieu hal saperti dina ieu cutatan, “Sarieuneunana téh lain pédah sok nampiling atawa nyabok ngagitik, tara nyintreuk-nyintreuk acan. Ieu mah éta sarieuneun ngadéngé omonganana. Da poksangna béak ti karep, ceplak pahang garihal sugal jeung kasar.” 122 Paripolah anu robah dina sawatara situasi carita ogé ngébréhkeun yén palaku emang Ki Ahmad masih miboga jiwa humanis. Dina bubuka dicaritakeun kumaha watek emang Ki Ahmad saperti cutatan di luhur, dituluykeun ku gambaran sikepna ka alona anu teu kaopan. Aya ogé gambaran situasi basa emang Ki Ahmad nyarékan tukang béca. Nincak kana tengah carita, digambarkeun watek emang Ki Ahmad anu leuwih kuat, nya éta basa manéhna ngamuk lantaran raport anakna goréng. Ditambahan ku situasi adu pamadegan jeung Ki Ahmad ngeunaan cara guru ngajar jeung kamampuh budak dina nyangkem pangajaran. Gambaran-gambaran saperti kitu atra pisan katingali watek emangna Ki Ahmad anu heuras. Tapi sikepna anu sarupa kitu téh kungsi teu katingali basa manéhna ngageroan anakna, saperti katitén dina ieu cutatan di handap, “… Sén, Husén Ka dieu Jang, urang diajar ngitung ku Bapa” 143 Cara palaku ngageroan budakna teu siga ngageroan barudak umumna, anu cukup ku nyebut “Négro”, “Monyét”, atawa “Si Beuki Méwék” kaca 12. Di dieu, katitén watek nu jadi Bapa anu dibarung kanyaah ngageroan budakna ku sebutan “Jang” atawa pondokna tina “Ujang”. Dina hubungan pancakaki Sunda, sesebutan saperti kitu tanda nyaah ti kolot atawa saluhureun ka budak atawa sahandapeun. Lian ti éta, palaku ogé ngabapakeun, henteu nyebut déwék saperti sasari lamun pareng nyebutkeun gaganti ngaran sorangan. Ti dieu bisa katitén robahna watek palaku ti nu kasar jadi leuwih leuleuy. Béda jeung palaku basajan anu statis, palaku emang Ki Ahmad robah deui watekna jadi watek anu heuras sarta gedé ambek. Ieu hal dirojong ku situasi anu aya dina carita. Kacaritakeun Husén teu bisa ngajawab soal ngitung ti manéhna, tangtuna waé emang Ki Ahmad ambekeun pisan. Kaambekna diébréhkeun ku cara nyentak jeung ngageubig-geubig awak Husén. Saperti anu katitén dina ieu cutatan di handap. “Bodo Moal enya 8 x 17 saratus genep ...” 157 “Goblog Geus moal tulus dibéré karéta mesin téh…” 159 “… Cing uteuk téh paké Ieuh, dalapan kali tujuh belaaaas sabarahaaaa?” bari ngageubig-geubig sirah budak, méh baé budak téh tijengkang.” 159 Sikep leuleuy anu geus ditémbongkeun saméméhna, ayeuna balik deui lantaran teu bisa ngontrol émosina sanajn ka nu jadi anak. Éta hal katurug katutuh, emang Ki Ahmad éléh pamadegan jeung Ki Ahmad ngeunaan guru jeung kamampuh budak dina diajar. Ieu di handap mangrupa cutatan anu ngarojong éta hal, “Matak pusing nya Mang ngajar téh. Angot geura upami mayunan kelas mah. Mangkaning budak anu saur emang ‘goblog’ téh aya puluhna.” 1513 “Ana sengor téh bari nyentak, “Bané waé déwék mah lain guru Cacak baheula sakola guru mah…” cenah bari ngaléos.” 162 Tina cutatan di luhur, katitén yén watek emang Ki Ahmad di ahir carita tétéla balik deui kana sipat égoisna, sanajan manéhna apal yén éta téh salah tapi tangtu waé moal daék ngaku, cukup ku pertélaan saperti dina cutatan kadua di luhur 162. Jadi, bisa dicindekkeun yén palaku emang Ki Ahmad anu kompléks miboga ogé watek anu dinamis, hartina bisa robah sawaktu-waktu luyu jeung situasi ogé konflik carita. Parapalaku basajan jauh leuwih statis, saperti Ki Ahmad jeung Husén anu sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek, angger, datar jeung teu mekar nepi ka ahir carita. Palaku tukang béca dina ieu carita ogé miboga watek anu basajan kalawan teu mekar atawa statis. Lantaran palaku tukang béca ngan muncul sakali dina ieu carita, pangarang teu ngébréhkeun watek atawa pasipatanana. d Dumasar Pencerminan Ditilik tina pencerminan palakuna, Ki Ahmad, emang Ki Ahmad, jeung Husén mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun tukang béca kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita. 3 Latar Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial. Tabel 4.1 Data Latar GT-01 No. Kode Data Data Latar Tpt. Wkt. Sos. 1 2 7 4 5 6 1. GT-019:124 Jalan  2. GT-012:127 Tengah imah  3. GT-0110:124 Kelas handap  4. GT-0110:125 Masarakat kelas luhur  5. GT-0110:126 Hiji mangsa  No. Kode Data Data Latar Tpt. Wkt. Sos. 1 2 7 4 5 6 6. GT-013:131 Kwartal kahiji  7. GT-018:132 Jaman ayeuna  8. GT-015:1511 Dapur  Kat: Tpt. : Tempat Wkt. : Waktu Sos. : Sosial Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial. a Tempat Aya opat latar tempat dina carpon “Emang jeung Alo”, nya éta jalan, tengah imah, dapur, jeung Jakarta. Latar tempat jalan GT-01:124 teu diébréhkeun sacara éksplisit, tapi saukur digambarkeun dina situasi basa emangna Ki Ahmad nyarékan tukang béca duméh ngahalangan mobilna waktu manéhna keur nyetir. Sangkan leuwih jelas, bisa katitén dina cutatan ieu di handap. “Lamun keur nyetiran mobil, pék hareupeunana aya tukang béca dugal- dugil ngaboséh da puguh nanjak, haok baé, “Minggir lu hayang kojor?” 124 “Atuh puguh baé tukang béca téh tibuburanjat, jaba reuwas ku sora tuter téh jeung ceuli deuih panas asa disebit. Polotot baé ti dituna mah rék ngalawan, tapi ana rét kana béntang anu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad, kulahék baé, ngan ukur “Samber koléra Dilebok méong” cenah gegerenceman.” 125 Dina dua cutatan di luhur euweuh kecap anu nuduhkeun jalan, tapi luyu jeung gambaran situasina anu ngagambarkeun béca dina tanjakan jeung nyetiran mobil, tangtuna waé ieu kajadian lumangsung di jalan. Latar tempat séjén nya éta tengah imah GT-01:127, dina ieu hal imahna emang Ki Ahmad. Ieu tempat jadi tempat utama dina inti carita, lantaran di tengah imah lumangsung konflik antara Ki Ahmad, emang Ki Ahmad, jeung Husén. Di dinya, Ki Ahmad jeung emangna pagedrug paham ngeunaan kamampuh diajar budak jeung kapinteran guru dina ngajar. Di dinya ogé emang Ki Ahmad nyarékan Husén budakna lantaran teu bisa ngajawab soal itungan 8 x 17. Salian ti éta, aya ogé latar dapur GT-01:1511 anu dijadikeun tempat ngusir Husén ti tengah imah lantaran teu bisa ngajawab soal itungan. Ieu latar mangrupa latar tambahan, lantaran teu kacaritakeun Husén waktu geus di dapur, ieu tempat saukur disebutkeun ku palaku utama ngaliwatan kalimah langsung dina paguneman. b Waktu Aya tilu latar waktu anu aya dina ieu carpon, nya éta kwartal kahiji GT-01:131, jaman ayeuna GT-01:132, jeung hiji mangsa GT- 01:126. Éta tilu latar waktu kaasup kana latar waktu anu henteu faktual, lantaran upama teu ditingali kontéks caritana, bakal teu jelas iraha-irahana. Sanajan kitu, tilu latar waktu tadi jadi bahan informasi keur nu maca. Upamana kwartal kahiji, mangrupa istilah anu dipaké dina dunya atikan sakola mangsa taun 80-an pikeun ngébréhkeun waktu diajar anu dibagi kana tilu kwartal dina sataun ajaran. Ieu latar waktu dipaké pikeun nétélakeun waktu diajar Husén anu kakara kwartal kahiji di kelas tilu SD. Pangna disebutkeun sacara éksplisit, duméh nilik kana eusi galur carita anu nyaritakeun yén peunteun ngitung Husén keur kelas dua téh dalapan, ari nincak ka kelas tilu kwartal kahiji bet jadi peunteun tilu. Hartina, aya rentang waktu anu sakeudeung tapi mangaruhan kana peunteun raportna Husén. Latar waktu lianna nya éta jaman ayeuna, jaman anu dimaksud kurang jelas iraha-irahana. Tapi lamun nilik kana waktu gumelarna ieu karya 1984, bisa disebutkeun yén maksud tina jaman ayeuna téh nya éta mangsa taun 80-an. Salian ti éta, aya ogé katerangan anu ngébréhkeun waktu lumangsungna kajadian, nya éta hiji mangsa. ieu latar waktu mangrupa latar lumangsungna inti carita basa emangna Ki Ahmad ngamuk lantaran raport Husén goréng. c Sosial Latar sosial dina ieu carpon aya anu mangrupa status sosial jeung cara mikir palaku. Éta tilu latar nya éta gambaran masarakat kelas luhur jeung kelas handap, gambaran guru anu dianggap euweuh kanyaho, jeung ayana pamadegan ngeunaan budak ngora anu dianggap pipinteranan. Gambaran ayana masarakat kelas luhur jeung masarakat kelas handap katitén tina ayana palaku emang Ki Ahmad anu bisa jadi mangrupa aparat ABRIPolisi, éta hal ditepikeun kalawan implisit ngaliwatan tanda béntang anu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad. Sabalikna, masarakat kelas handap diwakilan ku tukang béca anu kungsi dicarékan ku emang Ki Ahmad. Latar sosial séjén anu kagambar dina ieu carpon nya éta ngeunaan cara mikir palaku Ki Ahmad jeung emang Ki Ahmad. Cara mikir emang Ki Ahmad ngeunaan guru-guru ngora anu euweuh kanyaho didadasaran ku ayana perkara peunteun raport Husén anu goréng. Salian ti éta, manéhna ogé nganggap guru jaman ayeuna anu henteu barutak nandakeun teu pinter, béda jeung guru jaman baheula anu barutak tandana pinter. Manéhna ngukur pinter jeung henteuna hiji jalma kawilang heureut. Béda jeung cara mikir alona, Ki Ahmad. Manéhna boga pamadegan yén budak boga kamampuh anu teu angger, lantaran aya hukum perkembangan. Kitu deui ngeunaan kamampuh guru anu geus dibekelan élmu pikeun ngondisikeun atawa ngajar puluhan murid dina sakelas, anu tangtuna waé moal bisa kagéroh kabéh, éta hal gumantung kana prosés siswa nyangkem pangajaran.

4.2.1.2 Unsur Semiotik GT-01

Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-01 ngawengku tilu ikon, salapan indéks, jeung dua simbol.

a. Ikon