Simbol Ajén Sosial

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 cutatan di handap. Beungeut Ki Ahmad mimiti bareureum, haténa mimiti panas . 7. GT-01:152 Ngahuleng Aktualisasi Ngahuleng mangrupa tanda indéks tina sikep cicing bari mikiran hiji hal. Dina ieu kontéks, ngahuleng dilakukeun ku Husén lantaran keur mikiran jawaban tina soal ngitung 8 x 17. Éta hal katitén dina cutatan ieu di handap. Aéh-aéh ngitung téh kalah ngahuleng … 8. GT-01:143 Ka dieu Aktualisasi Ka dieu mangrupa tanda indéks anu nuduhkeun demonstrative prosés pindah ti hiji tempat ka tempat séjén. Ieu bisa katitén tina cutatan di ahandap: Ka dieu Jang urang diajar ngitung ku Bapa 9. GT-01:144 Bapa Aktualisasi Bapa mangrupa tanda indéks tina gaganti jalma pikeun ngébréhkeun status hubungan pancakaki antara Husén jeung emang Ki Ahmad. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Ka dieu Jang urang diajar ngitung ku Bapa

c. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-01 bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.4 Analisis Unsur Simbol GT-01 No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 1. GT-01:116 Monyét Monyét mangrupa simbol tina sato anu sok mindeng teu daék cicing. Dina ieu kontéks, monyét dilarapkeun ka barudak anu keur saleuseurian. Monyét ogé jadi simbol kaambek hiji jalma, saperti anu katitén tina cutatan ieu di handap. Montong calecengiran, monyét 2. GT-01:125 Béntang Béntang mangrupa simbol tina jabatan atau kalungguhan palaku dina tataran militér. Ieu katitén tina cutatan di handap. … tapi ari rét kana béntang nu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad, kulahék baé…

4.2.1.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-01

Kaayaan sosial dina hiji kelompok masarakat gumantung kana prosés sosialna. Ieu hal bisa katitén tina ayana hubungan antarindividu dina hiji kelompok sosial.

a. Ajén Sosial

Pikeun maluruh ajén sosial anu nyangkaruk dina carpon GT-01, bisa katitén tina tabél data ieu di handap. Tabél 4.5 Data Ajén Sosial GT-01 No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 1. GT-01:133 Kapinteran budak  2. GT-01:134 Guru sok asa bener  No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 3. GT-01:132 Guru euweuh kanyaho  4. GT-01:136 Teu percaya ka guru  Katerangan: Bnr. : Ajén Bebeneran Mrl. : Ajén Moral Énd. : Ajén Kaéndahan Agm. : Ajén Kaagamaan Dumasar kana data tabél 4.5 di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung ajén sosial bebeneran jeung tilu ajén sosial moral. 1 Ajén Bebeneran Data GT-01:133 ngébréhkeun ayana konsép ngeunaan kapinteran budaksiswa di sakola dumasar kana sawangan saurang guru. Ieu data kapanggih dina cutatan ieu di handap. “Atuda mang, kapinteran budak téh tara angger. Aya mangsana ti nu itu maju, ti nu ieu mundur. Kapan aya hukum perkembangan.” Palaku nyoba maluruh ngeunaan konsép bebeneran ngeunaan ayana hukum perkembangan di dunya atikan. Bisa ogé ditétélakeun yén ayana palaku Ki Ahmad miboga kalungguhan pikeun ngabenerkeun cara mikir palaku emang Ki Ahmad ngeunaan kamampuh siswa, anu ku manéhna dianggap bodo. Pertélaan dina cutatan di luhur ogé ngébréhkeun yén lain sagemblengna salah budak upama peunteun ngitung dina raportna turun. 2 Ajén Moral Data séjén anu patali jeung data saméméhna nya éta GT-01:134 jeung GT-01:132. Ieu dua data miboga hubungan dina hal konsép pamikiran emang Ki Ahmad, yén budaksiswa bodo lantaran guruna sok asa bener jeung euweuh kanyaho kana soal ngatik barudak. Éta hal ngabalukarkeun ayana rasa teu percaya ka guru GT-01:136. Sacara sosial, ieu tilu ajén asup kana katégori ajén moral. Pangna kitu, ieu hal nyindekel kana unsur kahayang hiji jalma emang Ki Ahmad, utamana kana kalakuan jalma guru anu dianggap goréng. Lantaran aya persépsi saperti kitu ti palaku, nu maca bisa ningali konsép séjén anu leuwih réalitas rék ditepikeun ku pangarang ngeunaan moral hiji jalma anu salawasna diajén jeung diperhatikeun ku jalma séjén, kaasup nu maca bisa ngajén palaku emang Ki Ahmad jeung Ki Ahmad ngaliwatan interprétasina séwang-séwang. Sanajan kitu, luyu jeung data anu geus kapanggih dina analisis palaku dumasar penampilanna, bisa katitén yén palaku emang Ki Ahmad miboga watek anu goréng, sedengkeun palaku Ki Ahmad miboga watek hadé.

b. Ajén Budaya