Konsép séjén anu mangrupa sawangan hirup Abdi nya éta ngeunaan kahayangna hayang jadi jalma beunghar anu bisa nulungan
jeung méré ka dulur-dulurna di lembur GT-03:333. Data GT-03:341, ngébréhkeun kagiatan dunungan jeung Abdi anu balanja ka toko-toko
gedé. Latar sosial anu mangrupa kayakinan ébréh dina data GT-03:302, Abdi miboga kayakinan yén manéhna ngarasa gedé dosa upama cicing di
tempat pidorakaeun.
4.2.3.2 Unsur Semiotik GT-03
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-03 ngawengku dalapan ikon, 14 indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-03 mangrupa ikon imagis jeung ikon
métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap. Tabél 4.14
Analisis Unsur Ikon GT-03
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Ctr Dgm. Mfr.
1 2
3 4 5
6 7
1. GT-03:291 Lalayu sekar
Ngupamakeun baju
kumelbelél anu dipaké ku palaku Abdi. Ieu katitén dina
cutatan di handap. Dina lahunan dikeukeuweuk
tas plastic alit. Eusina mung baju dua setél, kitu gé
parantos lalayu sekar.
2. GT-03:292 Tiis kana ati
Ngaupamakeun katengtreman
ati anu karaa ku palaku Abdi barang mimiti tepung jeung
Ibu. Ieu katitén dina cutatan di handap.
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Ctr Dgm. Mfr.
1 2
3 4 5
6 7
Barang ibu mukakeun panto payun téh, ngamanggakeun ka
nu ngabantun abdi, ujug-ujug nyep waé karaos tiis kana ati.
3. GT-03:302 wuwuh lami
wuwuh ngarasa
dosa
Nyitrakeun kana kontéks waktu anu beuki lila. Palaku
Abdi ngarasa beuki lila gawé di dununganna, ngarasa beuki
loba dosa. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Malih wuwuh lami wuwuh
asa ageung dosa cicing baé di
tempat anu seueur pidorakaeun mungguh ceuk
dina agama Islam mah.
4. GT-03:312 Sakola hirup
Diajar ngeunaan kahirupan.
Lantaran rumasa ti lembur sarta loba kateunyaho, palaku
Abdi miboga kahayang sangkan gawéna di kota téh
bari nimba pangabisa néangan pangaweruh anyar. Tapi
waktu di dununganna nu baheula, hal-hal anu teu bisa
dipigawé téh lain ngabalukarkeun jadi bisa
lantran dipapatahan, tapi malah jadi panyiksa. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Atuh abdi téh seueur katuna. Upami abdi diwurukan mah,
haté bingah nu aya, panginten étang-étang sakola bé di kota
téh. Sakola hirup.
5. GT-03:314 Satutup umur
Bakat ku ngarasa narimakeun
pisan kana kahadéan palaku Ibu, Abdi ngarasa moal
mopohokeun éta kahadéan saumur hirup manéhna. Ieu
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Ctr Dgm. Mfr.
1 2
3 4 5
6 7
katitén dina cutatan di handap.
Abdi moal hilap ka ibu satutup umur
. Upami parantos téa mah abdi téh asa dijait tina
naraka. 6. GT-03:314 Nyerep
Nyerep ilaharna dibasakeun
kana cai anu asup saeutik- saeutik kana jero taneuh. Dina
ieu kontéks, nyerep ngandung harti tembresna kahadéan
palaku Ibua kana haté Abdi éstu katarimakeun. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Abdi gé rumaos seueur katuna, nanging piwuruk ibu
ti saprak abdi dongkap dugi ka ayeuna abdi badé wangsul,
éstu nyerep kana ati sanubari.
7. GT-03:332 Kembang buruan
Meujeuhna cooeun antara 2-4
taun. Anu disebut kembang bururan dina ieu kontéks nya
éta budak bungsu palaku Ibu anu geus diurus ti leuleutik ku
Abdi. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Tilu taun abdi nyarengan ibu. Murangkalih anu bungsu
ayeuna parantos kembang buruan
. 8. GT-03:341 Clik putih
clak hérang
Imagis tina rasa nu wening.
Palaku Ibu éstu mikanyaah Abdi kalawan daria. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Sok beuki karaos waé ibu mah mikanyaah abdi téh éstu
clik putih clak hérang.
b. Indéks