PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
67 Jatidiri atawa Idéntitas Basa
Disawang tina karakteristik lahiriahna basa téh miboga ciri-ciri nyaéta 1 idéntitas fisik; 2 idéntitas psikologis; 3 idéntitas géografis; 4 idéntitas étnik; 5 idéntitas
sosiologis; jeung 6 idéntitas kontékstual Crystal, dina Yayat Sudaryat, 2013.
a. Idéntitas fisik
Identitas fisik anu mangaruhan wujudiah basa nyaéta a tipe fisik; b kondisi fisik; c umur; d ucapan; jeung e jenis kelamin anu makéna.
Patalina basa jeung kaayaan fisik anu makéna diulik ku patologi basa.
b. Idéntitas psikologis
Tina jihat psikologis, basa téh raket patalina jeung intélégénsi katut kapribadian personality. Patalina basa jeung unsur psikologis nu makéna
basa diulik ku psikolinguistik.
c. Idéntitas géografis
Unggal basa bakal dipangaruhan ku lokasi dipakéna basa. basa nu dipaké di hiji wewengkon disebut basa wewengkon, dialék local, dialék regional,
atawa regiolék. Ari élmu anu ngulik basa wewengkon atawa basa dialék disebut dialéktologi.
d. Idéntitas étnik
Basa téh bisa dipikawanoh ku kelompok jalma, sélér bangsa, atawa bangsa anu makéna. Tina jihat étnik, aya nu disebut basa daérah, basa
nasional, jeung basa asing. Éta kalungguhan basa téh masing-masing mibanda fungsi séwang-séwangan. Patalina basa jeung kahirupan étnik
anu makéna diulik ku élmu étnolinguistik.
e. Idéntitas sosiologis
Kahirupan hiji basa dipangaruhan ku lingkungan sosial anu makéna saperti stratifikasi sosial, peran jeung status sosial, kaakrabandeuheus henteuna
solidarity, jeung ragam sosial. Patalina basa jeung kahirupan masaralat nu makéna basa diulik ku élmu basa sosial nu ilahar disebut sosiolinguistik.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
68 f.
Idéntitas kontékstual
Wujudiah basa bisa gumantung kana kontéks situasi dipakéna. Hubungan antara basa jeung kontéks situasi makéna diulik ku pragmatik. Dell Hyems
dina Sudaryat 2013:26 nyebutkeun yén kontéks situasi anu mangaruhan wujudiah basa téh mibanda unsur-unsur component of speech anu
disinggét
SPEAKING, anu foném awalna nyoko kana: S-etting and scene
P-artucipants E-nd purpoce and goals
A-cts sequences K-ey tone or spirit of act
I-nstrumentalities N-orms of interaction and interprétation
G-enres Ari dina basa Sunda unsur-unsur kontéks situasi makéna basa téh bisa
disinggét UNGKARA Sudaryat, 1991:121 anu foném awalna nyoko kana:
U-ndak usuk atawa tatakrama basa N-u maké basa jeung nu dicaritakeun
G-alur omongan K-asang tukang tempat, waktu, jeung suasana
A-lat anu digunakeun R-asa, nada, jeung raga, rasa basa
A-manat jeung tujuan ahir omongan
g. Idéntitas Stilistik