Yén basa téh manasuka arbitrariness Yén basa téh siligénti interchangéability

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 71 jadi susunan anyar luyu jeung kaedah anu baku lulugu. Ieu nu disebut sistem nembrak open sistem tina basa manusa anu béda tina sora sastoan anu sipatna sistem nutup closed sistem, nyaéta tiap sorana mangrupa babagian tina sasadiaan repertoire anu tangtu tur saeutik, nu ngabalukarkeun pikeun asupna hal anyar. Cindekna, yén komunikasi sato sipatna imitative, henteu produktif, béda jeung basa atawa sistim komunikasi manusa anu produktif atawa kréatif.

c. Yén basa téh manasuka arbitrariness

Sakumaha geus diterangkeun ti heula yén basa téh manasuka atawa arbitrer maksudna nyaéta taya hubungan pasti antara nu ditepikeun ku omongan substansi fonik atawa tulisan substansi grafik kana kedaling nu ditepikeun. Dina tiap basa manusa méh-méhan teu aya nu bisa diduga predictable jeung taya hubungan logis antara lambanga jeung obyékna. Dina tataran analisis basa, arbitrer téh tetela rinéka variatif. Sinteksis kurang arbitrer dibndingkeun jeung kandaga kecap. Ku ayana sipat arbitrer téh, jumlah kalimah dina hiji basa tan wates wangén. Komunikasi sasatoan tingkat arbitrerna relatif kurang.

d. Yén basa téh siligénti interchangéability

Dina enas-enasna antara panyatur jeung pamiarsa bisa siligénti peran atawa silihkirim pesen omongan. Hiji waktu panyatur jadi pamiarsa, kitu deui sabalikna pamiarsa jadi panyatur. Sok sanajan kitu, prosés alur komunikasina mah sarua baé. Prosés di panyatur dimimitian ku purwaucap, tuluy kana decoding, nepi ka fonasi kedaling. Ieu ciri téh ayana ngan dina komunikasi manusa, nyaéta ku ayana silih pikaharti di antara parapihak nu keur ngalakukeun komunikasi téa. Ieu hubungan komunikasi téh ku ayana beungkeutan ajen-inajen lingustik atawa non-lingustik. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 72 e. Yén basa téh pamencar displacement Dina diri manusa téh aya dua pakakas nu digunakeun dina makéna basa, nyaéta a fasilitas fisik, kayaning: tikoro, irung, biwir, létah, jst., jeung b fasilitas non-fisik, kayaning: akal, rasa, pikiran, uteuk, jst. Ku éta dua fasilitas téh, manusa bisa ingét kana kajadian bihari, kamari, kiwari, jeung pingburi. Dina palebah dieu pisan manusa manusa mibanda pamencar displacement, nyaéta basa bisa dipake pikeun ngacu kana hal-hal anu nyata atawa anu teu nyata abstrak ti mangsa baheula nepi ka mangsa ayeuna, malah narawangan pikahareupeun. Pamencar téh mangrupa kamampuh pikeun nyaritakeun hiji hal nu jauh, boh nu patali jeung waktu boh nu patali jeung tempat. Nya ku hal ieu pisan manusa bisa mekarkeun élmu pangawéruh.

f. Yén basa téh mandiri spesifikasi