PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
116
4 KD
Tujuan digunakeunana mantra téh di antarana pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkanbédas, salamet
gedé sima, ludeungan, nyinglar, jeung ngariksa.
Numutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animismedinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam
harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina sawatara mantra anu
ngagunakeun kekecapan tina basa Arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun
sagemblengna kapercayaan warisan karuhunna.
3. Wanda Mantra
Ditilik tina fungsi jeung suasana ngedalkeunana, nu kaasup kana mantra téh nyaéta: jangjawokan, asihan, ajian, singlar, jampé jeung rajah. Di handap
aya sawatara contona, geura pék titenanan masing gemet
a. Asihan
Asihan disebut ogé pélét, dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri nu mapatkeunana. Contona:
ASIHAN SI BURUNG PUNDUNG Nu cunduk bayu Si Anu
Nu datang asmana Si Éta Reujeung satineung jeung aing
Mangka datang jeung ragana Mangka cunduk jeung bayuna
Mangka naranya jeung satineung Mangka tunggal asmana
Iya rasa nira Iya rasa nisun
Saking purbaning pangéran Asih kaasih ka awaking
Nu bogoh paboro-boro …..jeungsaterusna.
Tina naskah GaluringSastra
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
117
b. Ajian
Ajian téh dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan; kasaktén, kabédasan, jeung sajabana. Contona:
AJIAN KABÉDASA Sang Baléga dung bakaling jagat
Sang Baléga ding bakaling langit Sang Baléputih bakaling bumi
Sakata hé nyawa punika Ana ingsun kabéh
Ya ingsun karsadatulloh Tina naskahGaluringSastra
c. Singlar
Singlar dipapatkeun maksudna pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-ha lanu teu dipikahayang, sapert kasakit, siluman-silemin, jeung sajabana.
Contona:
SINGLAR HAMA PEPELAKAN Seuri céléng bang céléng palémbang
Geura los geura leumpang Ka sabrang ka palembang
Ka kajagi ka patani Ka batan ka tulangbawang
Ka nu héjololopangan Ka nu hideung siga nila
Di dinya ka hanansira Istan, istan, istan
Tina naskahGaluringSastra
d. Jampé
Jampé dipapatkeun atawa dipaké pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hadé supaya jadi hadé, cageur,
jsb. Contona:
JAMPÉ KA BUDAK NU SOK CEURIK BAÉ
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
118
4 KD
Nyi ara-ara
Nyi iri-iri Ulah sok jail ka adi
Tuh, da sia bawa ngajadi Jepme neng si abang bayi
Tina naskahGaluring Sastra
e. Rajah Pamunah
Rajah pamunah dipapatkeun maksudna sangkan salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling,
keuna ku panggawé batur, kasiku, jeung sajabana. Contona:
RAJAH PAMUNAH BISI HARTA BANDKEUNA KU LONGLONGAN Bismillahirrohmanirrohim
Nini Raja Puhara Aki Raja Puhara
Ulah iri ka pepelakan aing Maring paré maring sipat sajeneng
Kalawan ingsun sasipat Kalawan ingsun maujud
Maring datulloh Maring béas sajéneng
Kalawan ingsun maujud Maring datulloh
Seuri asih ka bangsa tunggal kagungan Seuri suci mulya badan
Sampurna tunggal iman Ambu pancering iman
Bapa tangkaling iman Gagang aing gagang iman
….jst. Tina naskah Galuring Sastra
Salian ti éta, aya deu ianu disebut pileumpeuhan, pilengkétan, pangemat, kasemaran, karahayuan, jsb. Minangka conto mantra, sakitu baé heula.
Urang teruskeun kana jangjawokan.
f. Jangjawokan