Peta Kompeténsi Ambahan Matéri Cara Ngagunakeun Modul

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 5 Dua tujuan anu ditembrakkeun di luhur mudahan-mudah bisa kahontal kalawan nyugemakeun ngaliwatan paripolah kagiatan diajar ku cara ngagunakeun média modul ieu. Prosés diajar nu dijalankeun ku parapamilon Diklat bakal méré warna kana hasil nu dipiharep. Lamun sikep katut paripolah diajarna parapamilon Diklat hadé tur daria, gedé kamungkinan naon anu dipiharep bakal kacumponan kalawan hasil nu nyugemakeun; tapi sabalikna, lamun parapamilon sikep katut paripolah diajarna kurang daria jeung kurang soson-soson, pamohalan tujuan nu ditatangtukeun dina ieu modul téh bisa kahontal. Ku kituna, sakali deui pikeun parapamilon usahakeun dina nyanghareupan ieu tugas diajar ngaliwatan modul téh kudu dilaksanakeun kalawan daria tur soson-soson.

C. Peta Kompeténsi

Ieu modul téh ditujulkeun pikeun mekelan paraguru dina mikawanoh karakter, poténsi, ngungkulan héséna diajar, ngaronjatkeun préstasi jeung kréativitas, hakékat basa, ciri basa budak, kakawihan jeung kaparigélan ngagunakeun basa kalawan ngintegrasikeun niléy-niléy penguatan karakter anu ngawengku réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong jeung integrasi. Gambar 1 Pėta Ko pété si Kagiata Diajar Diklat PKB Guru Basa Su da 1. Mikawanoh karakteristik, kamampuh awal, jeung bangbaluh siswa dina diajar basa Sunda 2. Ngaronjatkeun poténsi, préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa Sunda Pedagogik 4. Kawih, kakawihan, jeung mantra Profesional 3. Hakekat jeung ciri khas basa Sunda PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 6

D. Ambahan Matéri

Bahan anu dipidangkeun dina ieu modul nyoko kana wengkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda, nya éta kaédah basa ciri-ciri khas basa Sunda, ciri basa budak jeung kaparigelan ngagunakeun basa, sarta tiori jeung génre sastra kawih, kakawihan, jeung mantra katut aprésiasina. Luyu jeung ambahan matéri, pidanganana diwangun ku opat kagiatan diajar saperti ieu di handap. Kagiatan Diajar 1: Mikawanoh karakteristik, kamampuh awal, jeung bangbaluh siswa dina diajar basa sunda dina diajar basa Sunda dibarung ku rasa percaya diri jeung kerja keras; Kagiatan Diajar 2: Ngaronjatkeun poténsi, préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa sunda sacara Profesional jeung tanggung jawab; Kagiatan Diajar 3: Mikawanoh Hakekat jeung ciri has basa sunda dibarung ku gawé bareng jeung jeung kréatif; jeung Kagiatan Diajar 4: Ngajéntrékeun Kawih, kakawihan, jeung mantra dibarung ku rasa resep, wanter jeung kréatif.

D. Cara Ngagunakeun Modul

Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék dina ngawasa bahan Kagiatan Diajar baris dipeunteun ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawéngku 1 bahan ajar basa jeung sastra Sunda, 2 kaédah basa ciri-ciri has basa Sunda, ciri has basa budak, 3 tiori jeung génre sastra kawih, kakawihan jeung mantra, jeung 4 kaparigelan ngagunakeun basa Sunda. Dina ngulik éta bahan kagiatan diajar téh, Sadérék kudu maca jeung ngajawab latihan dina Kagiatan Diajar kalawan ngaruntuy jeung taat kana aturan. Ari sababna, bahan dina Kagiatan Diajar I jadi dasar pikeun bahan dina Kagiatan Diajar II, bahan kagiatan diajar II bakal jadi bahan pikeun kagiatan diajar III, jst. Lamun manggihan bangbaluh dina nyangkem bahan jeung ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa nyawalakeun ngadiskusikeun jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka instruktur. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 KOMPETENSI PEDAGOGIK: NGARONJATKEUN DIAJAR BASA SUNDA PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 9 KAGIATAN DIAJAR 1 MIKAWANOH KARAKTERISTIK, KAMAMPUH AWAL, JEUNG BANGBALUH SISWA SMA DINA DIAJAR BASA SUNDA

A. Tujuan