Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompetensi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 99 Dumasar kana katerangan paraahli di luhur bisa dicindekeu yén anu jadi ciri basa budak téh nya éta: a. Basa budak mah basajan; ungkara kalimahna parondok diwangun ku sakecap dua kecap. b. Ngawangun kecap anyar ku cara ngarobah atawa dicokot sabagian, contona: ngarobah kecap tina nyuhunkeun jadi ukeun, tina menta jadi enta, nuduhkeun ayana potensi kreativitas dina wangun anu basajan; c. Kecap-kecap nu dipilih kecap-kecap nu dimimitian ku huruf bilabialoral-dental b,m, labio-dental p, t jeung stop-frikatif p, f conto: mamam, pipis, popo bobo,, obo, jst. d. Salila dina jero prosés mibanda basa, omongan budak téh miboga struktur sorangan. Sok sanajan kitu, tetep bakal nyaruaan sistematis kolotna.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul modul kalawan jujur jeung tanggung jawab. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngangkem bahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana bahan kagiatan Diajar 4. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui sarta deres deui bahan dina Kagiatan Diajar 3, pangpangna bahan nu tacan kacangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 100 Réfleksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diilukan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis kahasan basa Sunda, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can Kahontal”. No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis kahasan basa Sunda kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngamang- paatkeun hasil analisis kahasan basa Sunda kalawan ngalarapkeun ajén- inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 101 KAGIATAN DIAJAR 4 KAWIH, KAKAWIHAN, JEUNG MANTRA

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 4 anu patali jeu ng materi “kawih, kakawihan jeung mantra”, Sadérék dipiharep meunang kamampuh pikeun mikanyaho tur ngajéntrékeun perkara kawih, kakawihan jeung mantra dibarung ku ajén-inajén karakter nu ngawengku religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas .

B. Indikator Kahontalna Kompetensi

Indikator hontalan kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta ngaidéntifiksi wangun rumpaka kawih. Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi opat, nyaéta: 1. Ngajtrékeun kawih kalawan kukuh pamadegan; 2. Ngabédakeun rumpaka kawih, kakawihan, jeung rumpaka tembang kalawan gawé bareng; 3. Nganalisis struktur, wangun, jeung eusi rumpaka kawih kalawan kréatif; jeung 4. Ngahaleuangkeun kawih jeung kakawihan kalawan pinuh ku kawani. 5. Ngajéntrékeun ngeunaan struktur, ciri, jeung papasingan mantra kalawan dibarung ku rasa mikacinta kana budayana sorangan

C. Pedaran Matéri 1. Wangun jeung Rumpaka Kakawihan