Kasang Tukang Modul A PKB Bahasa Sunda untuk SMA SMK Edisi Revisi 2017 BS SMA MODUL A 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Dumasar kana Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar KIKD pangajaran Basa jeung Sastra Sunda anu nyoko kana Palanggeran Pamaréntah Provinsi Jawa Barat No. 5 taun 2003 anu patalina jeung mulasara Basa, Sastra katut Aksara Sunda, kudu diajarkeun di Sakola Dasar di wewengkon Jawa Barat. Éta kawijakan téh luyu jeung UU No 22 taun 1999 ngeunaan Pamaréntahan Daerah jeung UU No 20 taun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional, nyoko kana UUD 1945 anu aya patalina jeung masalah atikan katut kabudayaan. Jaba ti éta, Palanggeran Pamaréntah Republik Indonesia No. 19 taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, Bab III pasal 7 ayat 3 -8 anu nétélakeun yén ti mimiti SDMISDLB, SMPMTsSMPLB, SMAMASMALB jeung SMKMAK dibéré pangajaran muatan lokal mulok anu luyu jeung rékoméndasi UNESCO taun 1999 ngeunaan “pemeliharaan bahasa-bahasa ibu di dunia”. Patali jeung éta kawijakan pamaréntah anu kaunggél di luhur, sawadina masarakat Jawa Barat milu aub ngarojong sangkan basa, sastra katut budaya Sunda tetep nanjeur, sawawa, satahapan jeung basa-basa liana anu hirup hurip di nusantara ieu. Salah sahiji cara rumujongna kana éta kawijakan pamaréntah téh nya éta ngaliwatan atikan di sakola-sakola ti mimiti SD nepi ka SMA. Sakumaha anu géus disebutkeun di luhur, aya hal anu kudu dihontal ku paraguru di sakola, boh SDMI, boh SMPMTs, boh di SMAMA, kitu deui di SMKMAK téh nya éta kamampuh inti katut kamampuh dasar barudak enggoning ngagunakeun basa Sunda. Ieu pisan anu jadi mataholang pasualan pangajaran basa katut sastra Sunda di sakola téh. Kawasna baé paraguru kudu parigél jeung rancagé ngolo nyombo ka barudak sangkan léah haténa daraék nyarita ku basa Sunda. Lantaran, enas-enasna diajar basa téh nya éta mibanda kaparigelan nyarita ku basa anu diajarkeunana. Dina prosés diajar ngajar, tangtuna waé guru kudu parigel ngaluluguan jeung nyontokeun kumaha makéna basa anu bener tur merenah. Jaba ti kitu, nu méh kapopohokeun téh PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 nyaéta ngatik ngadidik ka parasiswa ngeunaan tatakrama, boh tatakrama nyarita boh tatakrama anu patali jeung rengkuh sopan santun tur handap asor. Aya sababaraha komponén anu teu bisa dipisah-pisah, kayaning: bahan ajar, tujuan pangajaran, kurikulum, guru jeung siswa, métode pangajaran, média jeung sumber diajar, katut évaluasi pangajaran. Tina sajumlah komponén nu ditataan bieu, komponén bahan ajar anu bakal jadi bahan pedaran téh. Bahan ajar dina pangajaran basa jeung sastra Sunda gurat badagna ngawéngku bahan ajar basa Sunda jeung bahan ajar sastra Sunda. Boh bahan ajar basa boh bahan ajar sastra, wengkuanana lega pisan, ku kituna kudu dipilih jeung dipilah diluyukeun jeung pamaredih kurikulum. Ieu modul diwangun ku sababaraha matéri, kayaning: kumaha cara mikawanoh karakteristik tatakrama siswa enggoning diajar basa Sunda; kumaha cara ngamalirkeun poténsi siswa enggoning diajar basa Sunda; kumaha cara mikawanoh kamampuh awal siswa dina diajar basa Sunda, kumaha cara ngungkulan héséna siswa diajar basa Sunda; kumaha cara ngaronjatkeun préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa Sunda; kumaha hakékat basa Sunda téh, naon waé anu jadi ciri has basa Sunda, naon waé anu jadi ciri basa budak, kumaha wangun jeung rumpaka kakawihan téh, jeung kaparigelan ngagunakeun basa. Ieu modul téh ngadumaniskeun antara tiori-tiori pedagogik jeung kaprofésionalan jeung konsép penguatan pendidikan karakter anu ngawengku 5 niléy dasar nya éta réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Niléy réligi bisa katingali tina paripolah ngalaksanakeun ibadah jeung kataatan kana ajaran agama nu dicepengna, ngajénan kana rupaning agama, tur ngariksa kana sakumna ciptaan Mantenna. Niléy nasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ekonomi, sarta pulitik. Cindekna, kapentingan balaréa jadi hal anu kudu diheulakeun. Niléy mandiri bisa katitén tina sikep anu teu gumantung ka nu séjén jeung daék mikir tur bajoang pikeun ngahontal harepan jeung angen-angen. Niléy gotong royong ébréh tina paripolah anu daék gawé bareng, rempug jukung sauyunan dian nyanghareupan pasualan, resep nyarita jeung teu kurung batokeun, jeung daék nulung ka nu butuh nalang ka nu susah. Panungtung, niléy PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 integritas mangrupa niléy anu ngadadasaran hiji jalma dina ngalaksanakeun pagawéan sangkan bisa dipercaya, boga komitmen jeung tuhu kana niléy kamanusaan jeung moral. Lima niléy di luhur ngajanggélék dina proses pangajaran nu aya dina ieu modul. Sanggeus medar ieu modul, guru dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuhna tur nerapkeun niléy-niléy PPK dina hirup kumbuh sapopoé,boh keur dirina sorangan boh népakeun ka nu séjén.

B. Tujuan