Cacandran Candrasangkala Seungit nu meuleum sate, euy

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 80 Géura ieu titénan conto-conto kalimah nu ngagunakeun rakitan lantip.

a. Asa geus heubeul teu dahar jeung hayam. b. Cing pangmegatkeun mobil kosong

c. Seungit nu meuleum sate, euy

5. Cacandran

Kecap cacandran nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS 1975 kaca 80 nyaéta omongan karuhun nu aya patalina jeung kaayaan tempat nagara. Conto: Bandung heurin ku tangtung. Maksudna Bandung téh ibu kota Jawa Barat, kota pangjugjugan balaréa, boh nu ngadon sakola bon nu ngadon usaha; ku lantaran beuki nambahan nu daratangna, nya dina hiji mangsa mah Bandung téh jadi heurin, jadi gégék ku nu nyaricingan nu dating ti suklakna ti siklukna. Kapanan ayeun pisan kajadian, Bandung téh heurin. Kolot baheula nyieun cacandan Bandung heurin ku tangtung. Sukapura ngadaun ngora; Sukapura téh ngaran ayeuna mah Tasikmalaya. Sukapura kungsi diereh ku Mataram heubeul pisan. Sanggeus runtag kakuasaan Mataram, nya Sukapura minangka sirungna tumuwuh jadi wewengkon anu mardika. Garut pangirutan, wewengkon Garut téh matak pikabétaheun, pikatajieun, loba pisan kaéndahan alam di wewengkon Garut nu wuwuh pikabétaheun, komo mun ditingali ti luhur mah pesawaat, Garut téh kawas inten nu diawurkeun. Loba keneh cacandaran-candran séjénna tangtuna ogé patali jeung tempat atawa wewengkona sewing-sewangan.

6. Candrasangkala

Candra sangkala mangrupa kecap kantétan. Candra Sansekerta hartina bulan, atawa nyebutan, nyebutan dedeg pangadeg satria tumali jeung kasaktianana, jst LBSS, 1975:80; ari sangkala, hartina: bolong; sangkala bolong; élmu gaib pikeun nganyahokeun di mana ayana barang nu leungit. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 81 Dina candra sangkala biasana ngagunakeun Taun Saka, 78 taun ganjorna jeung Taun Masehi; sawatara éta nurutkeun kapercayaan masarakat Saka téh nyaéta nu nyiptakeun aksara Cacarakan dumasar kana kajadian tarungna dua utusan ponggawa nu ngaran Dora jeung Ki Sembada. Duanana ogé palastra, dina kajadian hartita, Aji Saka nulis kalimah “Hana caraka data sawala pada jayanya maga batanga” hartina aya dua utusan anu béda paham, sarua papada kuat, nu ahirna palastra duanana. Aji Saka téh sandiasma ti putra Raja Salihwarna ti India anu ngagém agama Syeik. Lahir ka alam dunya bédana 78 taun saréng Kangjeng Nabi Isa, ku lantaran kitu, mun urang rék ngitung taun maseha kudu ditambah 78 taun. Conto: Panca Pandawa Ngémban Bumi 5 5 2 1 Éta conto candasangka téh nuduhkeun waktu ngadegna Karajaan Pajajaran nyaéta unina Panca Pandawa Ngémban Bumi, hartina Panca = 5, Pandawa = 5, Ngémban = 2, jeung Bumi = 1. Urutanana dibalikeun jadi 1255 Saka, lamun disaluyukeun kana taun Masehi jadi 1255 + 78 = 1333 Masehi. Jadi ngadegna Karajaan Pajajaran téh taun 1333 Masehi. Kecap-kecap modél nu ditulis dilihur téh dipaké patokan pikeun nangtukeun waktu, ari nyusun angka dina taun Saka tibalik cara nu ditulis di luhur 5521 mun disalin kana cara ayeuna jadi 1255.

7. Caturangga