PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
115
1. Maca Mantra
Ieu bacaan anu aya di handap téh disebutna Jangjawokan bagian tina Mantra. Pék ilo, malah leuwih alus nepi 2-3 balén. Sanggeus kitu baca sing
bedas. Sing alus macana
JANGJAWOKAN PARANTI LINTAR TAWA NGUSEUP Aki RékrékTuraya
Anak patutan turunkeun Aing nya pangkonan sia
Bayumas nu lénggang putih Bayumas nu lénggang hérang
Bumi meneng bayu meneng Ku sangkilat ku mancorong
Ratna putih sang ibu putih Undur ku sangkilat sakti
Nya isun sang demit jati Dicutat tina Galuring Sastra, yasana Budi RT kaca 22
2. Watesan Mantra
Mantra téh nilik kana wangunna mangrupa puisi wangun ugeran, sok sanajan teu matok aturanana atawa teu ditangtukeun guru laguna sora dina
engang panungtung, guru wilanganana jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ugeran atawa
aturan puisi téh bakal karasa upama geus dibaca atawa dipapatkeun. Dina éta mantra aya wirahma jeung purwakanti, nepi ka ngareunah diunikeunana.
Purwakanti jeung wirahma anu aya dina mantra téh lain ngan saukur mibanda ajén-inajén kaéndahan éstésis wungkul, tapi aya maksud-maksud
anu leuwih jero ti éta, nyaéta ngandung kakuatan gaib magis. Basa anu digunakeunana ogé kawilang ahéng, sipatna ékpositoris atawa hésé
katangkep maksudna.
Eusi mantra anu dianggap ngandung kakuatan gaib téh dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun kakuatan
jeung komara pribadi.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
116
4 KD
Tujuan digunakeunana mantra téh di antarana pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkanbédas, salamet
gedé sima, ludeungan, nyinglar, jeung ngariksa.
Numutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animismedinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam
harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina sawatara mantra anu
ngagunakeun kekecapan tina basa Arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun
sagemblengna kapercayaan warisan karuhunna.
3. Wanda Mantra